Kamis, 10 September 2020

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa, alam aherat. Sanajan maot waktuna rahasiah tapi datangna mah geus pasti, nyampeur ka satiap jalma nu hirup kumelendang di ieu alam dunya.

Ku sabab kitu, taya deui hal nu utama atawa leuwih hade iwal ti soson-soson migawe mangpirang-pirang amal hade keur pibekeeun jaga. Dunya mah salila na ge dunya, moal langgeng, moal abadi, bakal keuna ku sirna. Nu abadi mah ngan alam aherat jaga. 


Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...