POTENSI MANUSA
Ku Rahmat Taufik Hidayat
Manusa
teh mibanda dua potensi; potensi kana hade jeung potensi kana goreng. Potensi
kana hade nyaeta ayana sifat amanah. Ku ieu potensi nya manusa manggul amanah
jadi khalifah di bumi. Sabalikna, jalma anu mibanda potensi kana goreng nya
manehna geus khianat kana pancen ti Allah.
Manusa
lain nu boga sagala naon-naon nu aya di ieu alam dunya. Sadaya nu aya di ieu
alam dunya teh mung saukur kagungan Allah. Sakumaha dawuhan Allah,
يُولِجُٱلَّيۡلَ
فِي ٱلنَّهَارِ وَيُولِجُ ٱلنَّهَارَ فِي ٱلَّيۡلِ وَسَخَّرَ ٱلشَّمۡسَ وَٱلۡقَمَرَۖ
كُلّٞ يَجۡرِي لِأَجَلٖ مُّسَمّٗىۚ ذَٰلِكُمُ ٱللَّهُ رَبُّكُمۡ لَهُ ٱلۡمُلۡكُۚ
وَٱلَّذِينَ تَدۡعُونَ مِن دُونِهِۦ مَا يَمۡلِكُونَ مِن قِطۡمِيرٍ ١٣ [سورة فاطر,١٣]
Hartosna:
Anjeunna nyurupkeun
peuting kana beurang, jeung nyurupkeun beurang kana peuting, jeung Anjeunna
ngagampangkeun srangenge katut bulan masing-masing muter dina mangsa anu
pinasti. Tah nu ngadamel eta sakabeh teh Allah, Pangeran maraneh nu kagungan karajaan;
jeung maranehna (berhala-berhala) anu ku maraneh disambat salian ti Anjeunna
mah henteu bogaeun kulumud-kulumud acan.(QS. Fathir: 13)
Dina
ngagunakeun sagala pasilitas nu disadiakeun ku Allah di ieu dunya kudu
disaluyukeun jeung kahoyong anu ngawakilkeun. Teu bisa sakahayang sorangan.
Sakumaha
dawuhan Allah,
وَمَا
تَشَآءُونَ إِلَّآ أَن يَشَآءَ ٱللَّهُۚ إِنَّ ٱللَّهَ كَانَ عَلِيمًا حَكِيمٗا
٣٠
Hartosna:
Tapi maraneh moal miharep anging upama
dikersakeun ku Anjeunna. Saestuna Allah, Nu Maha Uninga, Nu Maha Wijaksana.(QS. Al-Insan:30)
Salaku
wakil Allah di dunya, manusa teu meunang ngalawan kana aturan Pangeran. Nalika
manusa mungpang tina aturan Allah, tangtu manusa bakal cilaka. Nalika manusa
mengpar tina aturan Allah, manusa bakal pinanggih kanalangsaan di aherat.
Manusa
khianat kana amanah khilafah, sabab manusa mibanda sifat-sifat sato jeung sifat
benda nu ngancik dina dirina. Diantarana bae nyaeta:
Kahiji,
Kal-an’am (saperti sato ingon-ingon)
Allah
ngadawuh,
وَلَقَدۡ
ذَرَأۡنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرٗا مِّنَ ٱلۡجِنِّ وَٱلۡإِنسِۖ لَهُمۡ قُلُوبٞ لَّا
يَفۡقَهُونَ بِهَا وَلَهُمۡ أَعۡيُنٞ لَّا يُبۡصِرُونَ بِهَا وَلَهُمۡ ءَاذَانٞ
لَّا يَسۡمَعُونَ بِهَآۚ أُوْلَٰٓئِكَ كَٱلۡأَنۡعَٰمِ بَلۡ هُمۡ أَضَلُّۚ
أُوْلَٰٓئِكَ هُمُ ٱلۡغَٰفِلُونَ ١٧٩
Hartosna:
“Jeung ku Kami geus dicawiskeun pikeun
eusi naraka, mangpirang-pirang jin jeung manusa anu barogaeun hate, tapi teu
daekkeun ngartikeun ku hatena, jeung anu baroga panon, tapi teu daek nenjo ku
panonna, jeung anu barogaeun ceuli, tapi henteu daek ngadenge ku ceulina. Maranehna
teh kawas sato, malah maranehna mah leuwih sasar, nya maranehna teh jalma-jalma
anu taledor”.(QS. Al-A’raf: 179)
Dina
ayat sejen Allah ngadawuh,
أَرَءَيۡتَ
مَنِ ٱتَّخَذَ إِلَٰهَهُۥ هَوَىٰهُ أَفَأَنتَ تَكُونُ عَلَيۡهِ وَكِيلًا ٤٣
أَمۡ
تَحۡسَبُ أَنَّ أَكۡثَرَهُمۡ يَسۡمَعُونَ أَوۡ يَعۡقِلُونَۚ إِنۡ هُمۡ إِلَّا كَٱلۡأَنۡعَٰمِ
بَلۡ هُمۡ أَضَلُّ سَبِيلًا ٤٤
Hartosna:
“Naha ku maneh henteu ditengetan
jalma-jalma anu ngajadikeun hawa napsuna jadi pangeran? Naha maneh bisa jadi
jalma anu mingpin maranehna?
Naha maneh nyangka yen kalolobaan ti
antara maranehna teh ngadarenge jeung ngagunakeun akal? Saestuna taya lian
maranehna teh ngan saperti sato ingon-ingon, malah maranehna mah leuwih sasar
jalanna.”(QS. Al-Furqon: 43-44)
Misalna kieu:
Aya
domba ngaliwat ka kebon sampeu. Tuluy eta domba teh ngaruksak eta koben ku
ngahakanan daun sampeu. Tah eta kajadian teh bisa kaasup leuheung mun
dibandingkeun nalika jalma ngaranjah kana kebon sampeu batur. Daunna diala keur
lalab rek seupan, tangkalna diala keur suluh atawa rek dipelakeun, beutina mah
geus puguh diala didahar atah-atah, dibawa ka imah. Ngalana ge leuwih ti
satangkal. Malah kadang-kadang pager kebonna diala keur suluh, kadang pepelakan
sejenna ge diala. Naha ieu teu leuwih goreng tibatan naon anu dilakukeun ku
domba tadi?
Kadua,
Kalkalbi (saperti anjing)
Allah
ngadawuh,
وَلَوۡ
شِئۡنَالَرَفَعۡنَٰهُ بِهَا وَلَٰكِنَّهُۥٓ أَخۡلَدَ إِلَى ٱلۡأَرۡضِ وَٱتَّبَعَ
هَوَىٰهُۚ فَمَثَلُهُۥ كَمَثَلِ ٱلۡكَلۡبِ إِن تَحۡمِلۡ عَلَيۡهِ يَلۡهَثۡ أَوۡ
تَتۡرُكۡهُ يَلۡهَثۚ ذَّٰلِكَ مَثَلُ ٱلۡقَوۡمِٱلَّذِينَ كَذَّبُواْ بَِٔايَٰتِنَاۚ
فَٱقۡصُصِٱلۡقَصَصَ لَعَلَّهُمۡ يَتَفَكَّرُونَ ١٧٦
Hartosna:
“Jeung
upama Kami ngersakeun, tanwande ku Kami dipunjulkeun (darajatna) ku eta
ayat-ayat teh. Tapi manehna beurat kana dunya jeung nurut kana hawa napsuna,
nya misilna teh kawas anjing anu lamun digebah ku maneh diantep oge, ngelel
deuih. Anu karitu teh nya mislna jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kami.
Ku kituna caritakeun eta kisah-kisah teh supaya maranehna malikir”. (QS. Al-A’raf: 176)
Katilu,
Kalkirdi (saperti monyet)
Allah
ngadawuh,
قُلۡ
هَلۡ أُنَبِّئُكُم بِشَرّٖ مِّن ذَٰلِكَ مَثُوبَةً عِندَ ٱللَّهِۚ مَن لَّعَنَهُ ٱللَّهُ
وَغَضِبَ عَلَيۡهِ وَجَعَلَ مِنۡهُمُ ٱلۡقِرَدَةَ وَٱلۡخَنَازِيرَ وَعَبَدَ ٱلطَّٰغُوتَۚ
أُوْلَٰٓئِكَ شَرّٞ مَّكَانٗا وَأَضَلُّ عَن سَوَآءِ ٱلسَّبِيلِ ٦٠
Hartosna:
Pok caritakeun: “Naha arandika hayang
dibejaan ku kaula anu leuwih goreng wawalesna tibatan nu karitu mungguhing
Allah, (Nyaeta) jalma-jalma anu dila’nat ku Allah, jeung dibenduan ku Anjeunna,
ti antarana aya anu dijadikeun monyet-monyet, bagong-bagong, jeung anu
nyarembah thoghut? Maranehna teh jalma-jalma anu kalungguhanana
panggoreng-gorengna jeung anu pangsasar-sasarna tina anu lempeng.”(QS. Al-Maidah: 60)
Kaopat,
Kalkhosabi (saperti kai)
Allah
ngadawuh,
۞وَإِذَا رَأَيۡتَهُمۡ تُعۡجِبُكَ أَجۡسَامُهُمۡۖ وَإِن يَقُولُواْ
تَسۡمَعۡ لِقَوۡلِهِمۡۖ كَأَنَّهُمۡ خُشُبٞ مُّسَنَّدَةٞۖ يَحۡسَبُونَ كُلَّ
صَيۡحَةٍ عَلَيۡهِمۡۚ هُمُ ٱلۡعَدُوُّ فَٱحۡذَرۡهُمۡۚ قَٰتَلَهُمُ ٱللَّهُۖ
أَنَّىٰ يُؤۡفَكُونَ ٤
Hartosna:
“Jeung upama maneh nenjo maranehna,
warugana teh matak ta’jub maneh, jeung upama maranehna ngaromong, maneh
ngaregepkeun omonganana. Maranehna teh lir kai anu ditanggeuhkeun. Saban-saban
aya nu ngagorowok, disangkana bakal nyilakakeun maranehna. Nya maranehna teh
musuh, ku kituna maneh kudu waspada ti maranehna. Allah ngabinasakeun
maranehna. Kumaha pangna bet bisa maranehna diselewengkeun”. (QS. Al-Munafiqun: 4)
Kalima,Kalkhinjiri
(saperti bagong)
Allah
ngadawuh,
قُلۡ
هَلۡ أُنَبِّئُكُم بِشَرّٖ مِّن ذَٰلِكَ مَثُوبَةً عِندَ ٱللَّهِۚ مَن لَّعَنَهُ ٱللَّهُ
وَغَضِبَ عَلَيۡهِ وَجَعَلَ مِنۡهُمُ ٱلۡقِرَدَةَ وَٱلۡخَنَازِيرَ وَعَبَدَ ٱلطَّٰغُوتَۚ
أُوْلَٰٓئِكَ شَرّٞ مَّكَانٗا وَأَضَلُّ عَن سَوَآءِ ٱلسَّبِيلِ ٦٠
Hartosna:
Pok caritakeun: “Naha arandika hayang
dibejaan ku kaula anu leuwih goreng wawalesna tibatan nu karitu mungguhing
Allah, (Nyaeta) jalma-jalma anu dila’nat ku Allah, jeung dibenduan ku Anjeunna,
ti antarana aya anu dijadikeun monyet-monyet, bagong-bagong, jeung anu
nyarembah thoghut? Maranehna teh jalma-jalma anu kalungguhanana
panggoreng-gorengna jeung anu pangsasar-sasarna tina anu lempeng.”(QS. Al-Maidah: 60)
Kagenep,
Kalhijaroh (saperti batu)
Allah
ngadawuh,
ثُمَّ
قَسَتۡ قُلُوبُكُم مِّنۢ بَعۡدِ ذَٰلِكَ فَهِيَ كَٱلۡحِجَارَةِ أَوۡ أَشَدُّ
قَسۡوَةٗۚ وَإِنَّ مِنَ ٱلۡحِجَارَةِ لَمَا يَتَفَجَّرُ مِنۡهُ ٱلۡأَنۡهَٰرُۚ
وَإِنَّ مِنۡهَا لَمَا يَشَّقَّقُ فَيَخۡرُجُ مِنۡهُ ٱلۡمَآءُۚ وَإِنَّ مِنۡهَا
لَمَا يَهۡبِطُ مِنۡ خَشۡيَةِٱللَّهِۗ وَمَا ٱللَّهُ بِغَٰفِلٍ عَمَّا تَعۡمَلُونَ
٧٤
Hartosna:
Tuluy, sabada kitu, hate maraneh jadi
teuas lir batu, malah leuwih teuas ti eta, sedengkeun saestuna tina batu mah
aya nu cur-cor jadi walungan, jeung sabagian deui bareulah sarta ti dinya
kaluar ci nyusu, jeung sawareh deui aya anu urug awahing sieun ku Alla; jeung
Allah moal talingeuh kana saniskara anu dilampahkeun ku maraneh.(QS. Al-Baqarah: 74)
Katujuh,
Kal’ankabut (saperti lancah)
Allah
ngadawuh,
مَثَلُٱلَّذِينَٱتَّخَذُواْ
مِن دُونِ ٱللَّهِ أَوۡلِيَآءَ كَمَثَلِ ٱلۡعَنكَبُوتِٱتَّخَذَتۡ بَيۡتٗاۖ
وَإِنَّ أَوۡهَنَ ٱلۡبُيُوتِ لَبَيۡتُ ٱلۡعَنكَبُوتِۚ لَوۡ كَانُواْ يَعۡلَمُونَ
٤١
Hartosna:
Misil jalma-jalma anu ngajadikeun
pamingpin salian ti Allah teh saperti lancah nu nyieun sayang, jeung saenyana
imah nu panglaip-laipna teh nya sayang lancah, upama maranehna nyarahoeun mah.(QS. Al-‘Ankabut: 41)
Kadalapan,
Kalhimari (saperti kalde)
Allah
ngadawuh,
مَثَلُٱلَّذِينَ
حُمِّلُواْ ٱلتَّوۡرَىٰةَ ثُمَّ لَمۡ يَحۡمِلُوهَا كَمَثَلِ ٱلۡحِمَارِ يَحۡمِلُ
أَسۡفَارَۢاۚ بِئۡسَ مَثَلُ ٱلۡقَوۡمِٱلَّذِينَ كَذَّبُواْ بَِٔايَٰتِ ٱللَّهِۚ
وَٱللَّهُ لَا يَهۡدِي ٱلۡقَوۡمَٱلظَّٰلِمِينَ ٥
Hartosna:
Misil jalma-jalma anu dipapancenan Taurat
tuluy maranehna henteu ngalaksanakeunana, lir ibarat kalde anu dimomotan ku
pirang-pirang kitab. Kacida gorengna misil kaom nu ngabohongkeun ayat-ayat
Allah teh. Jeung Allah henteu maparin pituduh ka jalma-jalma anu darolim.(QS. Al-Jumu’ah: 5)
Amanah
khilafah teh kudu dijalankeun ku sakumna umat Muhammad anu mibanda sifat
amanah. Mun teu kuurang kaalaman mangsa jayana deui khilafah Islamiyah di ahir
kahirupan dunya. Mudah-mudahan bisa kaalaman ku generasi urang nu bakal datang.
Urang ngan diwajibkeun keur ihtiar ngaksanakeun Islamisasi kahirupan. Kahirupan
diri, kulawarga, masarakat, bangsa jeung nagara.