Senin, 08 Desember 2014

POTENSI MANUSA

POTENSI MANUSA
Ku Rahmat Taufik Hidayat



Manusa teh mibanda dua potensi; potensi kana hade jeung potensi kana goreng. Potensi kana hade nyaeta ayana sifat amanah. Ku ieu potensi nya manusa manggul amanah jadi khalifah di bumi. Sabalikna, jalma anu mibanda potensi kana goreng nya manehna geus khianat kana pancen ti Allah.

Manusa lain nu boga sagala naon-naon nu aya di ieu alam dunya. Sadaya nu aya di ieu alam dunya teh mung saukur kagungan Allah. Sakumaha dawuhan Allah,
يُولِجُٱلَّيۡلَ فِي ٱلنَّهَارِ وَيُولِجُ ٱلنَّهَارَ فِي ٱلَّيۡلِ وَسَخَّرَ ٱلشَّمۡسَ وَٱلۡقَمَرَۖ كُلّٞ يَجۡرِي لِأَجَلٖ مُّسَمّٗىۚ ذَٰلِكُمُ ٱللَّهُ رَبُّكُمۡ لَهُ ٱلۡمُلۡكُۚ وَٱلَّذِينَ تَدۡعُونَ مِن دُونِهِۦ مَا يَمۡلِكُونَ مِن قِطۡمِيرٍ ١٣ [سورة فاطر,١٣]
Hartosna:
Anjeunna nyurupkeun peuting kana beurang, jeung nyurupkeun beurang kana peuting, jeung Anjeunna ngagampangkeun srangenge katut bulan masing-masing muter dina mangsa anu pinasti. Tah nu ngadamel eta sakabeh teh Allah, Pangeran maraneh nu kagungan karajaan; jeung maranehna (berhala-berhala) anu ku maraneh disambat salian ti Anjeunna mah henteu bogaeun kulumud-kulumud acan.(QS. Fathir: 13)

Dina ngagunakeun sagala pasilitas nu disadiakeun ku Allah di ieu dunya kudu disaluyukeun jeung kahoyong anu ngawakilkeun. Teu bisa sakahayang sorangan.
Sakumaha dawuhan Allah,
وَمَا تَشَآءُونَ إِلَّآ أَن يَشَآءَ ٱللَّهُۚ إِنَّ ٱللَّهَ كَانَ عَلِيمًا حَكِيمٗا ٣٠
Hartosna:
Tapi maraneh moal miharep anging upama dikersakeun ku Anjeunna. Saestuna Allah, Nu Maha Uninga, Nu Maha Wijaksana.(QS. Al-Insan:30)
Salaku wakil Allah di dunya, manusa teu meunang ngalawan kana aturan Pangeran. Nalika manusa mungpang tina aturan Allah, tangtu manusa bakal cilaka. Nalika manusa mengpar tina aturan Allah, manusa bakal pinanggih kanalangsaan di aherat.

Manusa khianat kana amanah khilafah, sabab manusa mibanda sifat-sifat sato jeung sifat benda nu ngancik dina dirina. Diantarana bae nyaeta:

Kahiji, Kal-an’am (saperti sato ingon-ingon)
Allah ngadawuh,
وَلَقَدۡ ذَرَأۡنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرٗا مِّنَ ٱلۡجِنِّ وَٱلۡإِنسِۖ لَهُمۡ قُلُوبٞ لَّا يَفۡقَهُونَ بِهَا وَلَهُمۡ أَعۡيُنٞ لَّا يُبۡصِرُونَ بِهَا وَلَهُمۡ ءَاذَانٞ لَّا يَسۡمَعُونَ بِهَآۚ أُوْلَٰٓئِكَ كَٱلۡأَنۡعَٰمِ بَلۡ هُمۡ أَضَلُّۚ أُوْلَٰٓئِكَ هُمُ ٱلۡغَٰفِلُونَ ١٧٩
Hartosna:
“Jeung ku Kami geus dicawiskeun pikeun eusi naraka, mangpirang-pirang jin jeung manusa anu barogaeun hate, tapi teu daekkeun ngartikeun ku hatena, jeung anu baroga panon, tapi teu daek nenjo ku panonna, jeung anu barogaeun ceuli, tapi henteu daek ngadenge ku ceulina. Maranehna teh kawas sato, malah maranehna mah leuwih sasar, nya maranehna teh jalma-jalma anu taledor”.(QS. Al-A’raf: 179)

Dina ayat sejen Allah ngadawuh,
أَرَءَيۡتَ مَنِ ٱتَّخَذَ إِلَٰهَهُۥ هَوَىٰهُ أَفَأَنتَ تَكُونُ عَلَيۡهِ وَكِيلًا ٤٣
أَمۡ تَحۡسَبُ أَنَّ أَكۡثَرَهُمۡ يَسۡمَعُونَ أَوۡ يَعۡقِلُونَۚ إِنۡ هُمۡ إِلَّا كَٱلۡأَنۡعَٰمِ بَلۡ هُمۡ أَضَلُّ سَبِيلًا ٤٤
Hartosna:
“Naha ku maneh henteu ditengetan jalma-jalma anu ngajadikeun hawa napsuna jadi pangeran? Naha maneh bisa jadi jalma anu mingpin maranehna?

Naha maneh nyangka yen kalolobaan ti antara maranehna teh ngadarenge jeung ngagunakeun akal? Saestuna taya lian maranehna teh ngan saperti sato ingon-ingon, malah maranehna mah leuwih sasar jalanna.”(QS. Al-Furqon: 43-44)

Misalna kieu:
Aya domba ngaliwat ka kebon sampeu. Tuluy eta domba teh ngaruksak eta koben ku ngahakanan daun sampeu. Tah eta kajadian teh bisa kaasup leuheung mun dibandingkeun nalika jalma ngaranjah kana kebon sampeu batur. Daunna diala keur lalab rek seupan, tangkalna diala keur suluh atawa rek dipelakeun, beutina mah geus puguh diala didahar atah-atah, dibawa ka imah. Ngalana ge leuwih ti satangkal. Malah kadang-kadang pager kebonna diala keur suluh, kadang pepelakan sejenna ge diala. Naha ieu teu leuwih goreng tibatan naon anu dilakukeun ku domba tadi?

Kadua, Kalkalbi (saperti anjing)
Allah ngadawuh,
وَلَوۡ شِئۡنَالَرَفَعۡنَٰهُ بِهَا وَلَٰكِنَّهُۥٓ أَخۡلَدَ إِلَى ٱلۡأَرۡضِ وَٱتَّبَعَ هَوَىٰهُۚ فَمَثَلُهُۥ كَمَثَلِ ٱلۡكَلۡبِ إِن تَحۡمِلۡ عَلَيۡهِ يَلۡهَثۡ أَوۡ تَتۡرُكۡهُ يَلۡهَثۚ ذَّٰلِكَ مَثَلُ ٱلۡقَوۡمِٱلَّذِينَ كَذَّبُواْ بِ‍َٔايَٰتِنَاۚ فَٱقۡصُصِٱلۡقَصَصَ لَعَلَّهُمۡ يَتَفَكَّرُونَ ١٧٦
Hartosna:
“Jeung upama Kami ngersakeun, tanwande ku Kami dipunjulkeun (darajatna) ku eta ayat-ayat teh. Tapi manehna beurat kana dunya jeung nurut kana hawa napsuna, nya misilna teh kawas anjing anu lamun digebah ku maneh diantep oge, ngelel deuih. Anu karitu teh nya mislna jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kami. Ku kituna caritakeun eta kisah-kisah teh supaya maranehna malikir”. (QS. Al-A’raf: 176)

Katilu, Kalkirdi (saperti monyet)
Allah ngadawuh,
قُلۡ هَلۡ أُنَبِّئُكُم بِشَرّٖ مِّن ذَٰلِكَ مَثُوبَةً عِندَ ٱللَّهِۚ مَن لَّعَنَهُ ٱللَّهُ وَغَضِبَ عَلَيۡهِ وَجَعَلَ مِنۡهُمُ ٱلۡقِرَدَةَ وَٱلۡخَنَازِيرَ وَعَبَدَ ٱلطَّٰغُوتَۚ أُوْلَٰٓئِكَ شَرّٞ مَّكَانٗا وَأَضَلُّ عَن سَوَآءِ ٱلسَّبِيلِ ٦٠
Hartosna:
Pok caritakeun: “Naha arandika hayang dibejaan ku kaula anu leuwih goreng wawalesna tibatan nu karitu mungguhing Allah, (Nyaeta) jalma-jalma anu dila’nat ku Allah, jeung dibenduan ku Anjeunna, ti antarana aya anu dijadikeun monyet-monyet, bagong-bagong, jeung anu nyarembah thoghut? Maranehna teh jalma-jalma anu kalungguhanana panggoreng-gorengna jeung anu pangsasar-sasarna tina anu lempeng.”(QS. Al-Maidah: 60)

Kaopat, Kalkhosabi (saperti kai)
Allah ngadawuh,

۞وَإِذَا رَأَيۡتَهُمۡ تُعۡجِبُكَ أَجۡسَامُهُمۡۖ وَإِن يَقُولُواْ تَسۡمَعۡ لِقَوۡلِهِمۡۖ كَأَنَّهُمۡ خُشُبٞ مُّسَنَّدَةٞۖ يَحۡسَبُونَ كُلَّ صَيۡحَةٍ عَلَيۡهِمۡۚ هُمُ ٱلۡعَدُوُّ فَٱحۡذَرۡهُمۡۚ قَٰتَلَهُمُ ٱللَّهُۖ أَنَّىٰ يُؤۡفَكُونَ ٤
Hartosna:
“Jeung upama maneh nenjo maranehna, warugana teh matak ta’jub maneh, jeung upama maranehna ngaromong, maneh ngaregepkeun omonganana. Maranehna teh lir kai anu ditanggeuhkeun. Saban-saban aya nu ngagorowok, disangkana bakal nyilakakeun maranehna. Nya maranehna teh musuh, ku kituna maneh kudu waspada ti maranehna. Allah ngabinasakeun maranehna. Kumaha pangna bet bisa maranehna diselewengkeun”. (QS. Al-Munafiqun: 4)

Kalima,Kalkhinjiri (saperti bagong)
Allah ngadawuh,
قُلۡ هَلۡ أُنَبِّئُكُم بِشَرّٖ مِّن ذَٰلِكَ مَثُوبَةً عِندَ ٱللَّهِۚ مَن لَّعَنَهُ ٱللَّهُ وَغَضِبَ عَلَيۡهِ وَجَعَلَ مِنۡهُمُ ٱلۡقِرَدَةَ وَٱلۡخَنَازِيرَ وَعَبَدَ ٱلطَّٰغُوتَۚ أُوْلَٰٓئِكَ شَرّٞ مَّكَانٗا وَأَضَلُّ عَن سَوَآءِ ٱلسَّبِيلِ ٦٠
Hartosna:
Pok caritakeun: “Naha arandika hayang dibejaan ku kaula anu leuwih goreng wawalesna tibatan nu karitu mungguhing Allah, (Nyaeta) jalma-jalma anu dila’nat ku Allah, jeung dibenduan ku Anjeunna, ti antarana aya anu dijadikeun monyet-monyet, bagong-bagong, jeung anu nyarembah thoghut? Maranehna teh jalma-jalma anu kalungguhanana panggoreng-gorengna jeung anu pangsasar-sasarna tina anu lempeng.”(QS. Al-Maidah: 60)

Kagenep, Kalhijaroh (saperti batu)
Allah ngadawuh,
ثُمَّ قَسَتۡ قُلُوبُكُم مِّنۢ بَعۡدِ ذَٰلِكَ فَهِيَ كَٱلۡحِجَارَةِ أَوۡ أَشَدُّ قَسۡوَةٗۚ وَإِنَّ مِنَ ٱلۡحِجَارَةِ لَمَا يَتَفَجَّرُ مِنۡهُ ٱلۡأَنۡهَٰرُۚ وَإِنَّ مِنۡهَا لَمَا يَشَّقَّقُ فَيَخۡرُجُ مِنۡهُ ٱلۡمَآءُۚ وَإِنَّ مِنۡهَا لَمَا يَهۡبِطُ مِنۡ خَشۡيَةِٱللَّهِۗ وَمَا ٱللَّهُ بِغَٰفِلٍ عَمَّا تَعۡمَلُونَ ٧٤
Hartosna:
Tuluy, sabada kitu, hate maraneh jadi teuas lir batu, malah leuwih teuas ti eta, sedengkeun saestuna tina batu mah aya nu cur-cor jadi walungan, jeung sabagian deui bareulah sarta ti dinya kaluar ci nyusu, jeung sawareh deui aya anu urug awahing sieun ku Alla; jeung Allah moal talingeuh kana saniskara anu dilampahkeun ku maraneh.(QS. Al-Baqarah: 74)

Katujuh, Kal’ankabut (saperti lancah)
Allah ngadawuh,
مَثَلُٱلَّذِينَٱتَّخَذُواْ مِن دُونِ ٱللَّهِ أَوۡلِيَآءَ كَمَثَلِ ٱلۡعَنكَبُوتِٱتَّخَذَتۡ بَيۡتٗاۖ وَإِنَّ أَوۡهَنَ ٱلۡبُيُوتِ لَبَيۡتُ ٱلۡعَنكَبُوتِۚ لَوۡ كَانُواْ يَعۡلَمُونَ ٤١
Hartosna:
Misil jalma-jalma anu ngajadikeun pamingpin salian ti Allah teh saperti lancah nu nyieun sayang, jeung saenyana imah nu panglaip-laipna teh nya sayang lancah, upama maranehna nyarahoeun mah.(QS. Al-‘Ankabut: 41)

Kadalapan, Kalhimari (saperti kalde)
Allah ngadawuh,
مَثَلُٱلَّذِينَ حُمِّلُواْ ٱلتَّوۡرَىٰةَ ثُمَّ لَمۡ يَحۡمِلُوهَا كَمَثَلِ ٱلۡحِمَارِ يَحۡمِلُ أَسۡفَارَۢاۚ بِئۡسَ مَثَلُ ٱلۡقَوۡمِٱلَّذِينَ كَذَّبُواْ بِ‍َٔايَٰتِ ٱللَّهِۚ وَٱللَّهُ لَا يَهۡدِي ٱلۡقَوۡمَٱلظَّٰلِمِينَ ٥
Hartosna:
Misil jalma-jalma anu dipapancenan Taurat tuluy maranehna henteu ngalaksanakeunana, lir ibarat kalde anu dimomotan ku pirang-pirang kitab. Kacida gorengna misil kaom nu ngabohongkeun ayat-ayat Allah teh. Jeung Allah henteu maparin pituduh ka jalma-jalma anu darolim.(QS. Al-Jumu’ah: 5)


Amanah khilafah teh kudu dijalankeun ku sakumna umat Muhammad anu mibanda sifat amanah. Mun teu kuurang kaalaman mangsa jayana deui khilafah Islamiyah di ahir kahirupan dunya. Mudah-mudahan bisa kaalaman ku generasi urang nu bakal datang. Urang ngan diwajibkeun keur ihtiar ngaksanakeun Islamisasi kahirupan. Kahirupan diri, kulawarga, masarakat, bangsa jeung nagara. 

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...