Rabu, 23 November 2011

SIASAT SETAN NGAGODA MANUSA

DINA sababaraha ayat Al-Qur'an diuningakeun sagala siasat setan dina enggoning ngagoda manusa. Diantara:
1. Ngajarkeun Sihir (QS. Al-Baqarah: 102)
2. Ngajak kana perkara anu haram (QS. Al-Baqarah: 168)
3. Nyingsieunan manusa ku kamiskinan (QS. Al-Baqarah: 268)
4. Ngahudangkeun angen- angen (QS. An-Nisa: 120)
5. Ngahalangan manusa tina sholat (QS. Al-Maidah: 91)
6. Ngajadikeun manusa silih pikaceuceub jeung mumusuhan (QS. Al-Maidah: 91)
7. Ngagoda manusa tina sagala jalan (QS. Al-A'raf: 17-18)
8. Ngaharewoskeun kajahatan (QS. Al-A'raf: 20)
9. Nyieun tipu daya (QS. Al-A'raf: 22)
10. Nipu manusa (QS. Al-A'raf: 27)
11. Mapaesan pagwean goreng (Al-Anfal: 48)
12. Ngumbar jangji (QS. Ibrahim: 22)
13. Ngajak kana kamusyrikan (QS. An-Nahl: 100)
14. Ngadorong manusa sangkan boros awuntah (QS. Al-Isra: 27)
15. Ngahudangkan kamangmangan kana bebeneran (QS. Thaha: 120)
16. Maling warta ti langit pikeun ngabohongan manusa (QS. Ash-Shaffat: 8-10)
17.Mengkolkeun manusa tina jalan Allah (QS. Az-Zukhruf: 36)
18. Ngaharewoskeun rasa bener mun seug migawe sasar (QS. Az-Zukhruf: 37)
19. Ngolo- ngolo kana kasasaran (QS. Muhammad: 25)
20. Ngajak kana kakufuran (QS. Al-Hasyr: 16)

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...