Selasa, 27 Januari 2015

ALLAH IS MY SOLUTION







Allah teh kange abdi mah sumber solusi (bongbolongan) tina sadaya masalah, pasualan, ujian jeung cocoba. Teu aya masalah nu teu dipaparin solusina.

Ti aalit dugi ka ayeuna, Allah sagala-galana pikeun abdi. Allah sumber solusi, sumber pitulung. Teu aya deui. Da jalmi mah mung janten cukang lantaran wungkul.

Nuhun Gusti. Nuhun. Anjeun parantos nangtayungan abdi, ngajaga ngariksa abdi. Teu pernah liren, teu pernah henteu. Salawasna, salamina. Nuhun Gusti.

Nuju alit abdi dirorok ku nini abdi, ema Eceh sareng pa Eme dugi kaluar ti SD.

Ti oorok diurus, dirawat ku ema sareng bapa.

Nuju SD, tara mekel ka sakola. Tapi, kange jajan mah sok ti rerencangan anu caket jeung nyaah ka abdi.

Nuju SD sok icalan jambu aer, buburuh ngagambar, dagang bala-bala. Alhamdulillah, Allah maparinan rejeki ka abdi.

Nuju Tsanawiyah, abdi kantos abdi nangis. Margi abdi teu kagungan artos kange iuran OSIS. Ti uih ti sakola abdi nangis sajajalan dugi ka bumi pun lanceuk.

Waktos Ashar abdi nangis bari jumerit ka Gusti Allah. Maghrib sareng Isya ge sami, abdi nangis bari ngadu'a neda jalan kaluar.

Saparantos Isya dugi ka waktosna kulem, abdi teras-terasan nangis bari ngadu'a ka Gusti Allah. Jam tilu subuh abdi salat Tahajud bari nangis. Abdi neda jalan kaluar.

Enjingna abdi angkat ka sakola. Sajajalan abdi nangis, ti mana abdi bakal kengeng artos. 

Pas dugi ka payuneun bumina pa Yaya Sukarna, abdi ngarandeg, margi aya suanten anu nyauran. Barang direret teh pa Yaya, anjeunna nyauran abdi. 

Pa Yaya masihan amplop, saurna mah pangmasihkeun ka pa Solih. Teras anjeunna maparin artos ageungna 10.000, saurna, "tah ieu kange Mamat"

Bersambung ......................

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...