ISLAM CEUK JALMA
LOLONG
Ku Rahmat Taufik Hidayat
Islam teh agama
anu sampurna (kamil) jeung nyampurnakeun (mutakamil). Ajaran Islam ngawengku
sagala aspek kahirupan jalma (syamil) alias konprehensif. Sagala hal nu
patula-patali jeung kahirupan jalma diatur ku Islam. Islam ngatur masalah
manusa ti mimiti hudang sare nepika sare deui. Sok masalah naon nu teu diatur
ku Islam? Ti mimiti masalah dunya nepika masalah aherat. Ti masalah leutik
nepika masalah gede. Ti masalah pribadi nepika masalah bangsa jeung nagara.
Islam anu ngurus sagala urusan
jalma; urusan pribadi, kulawarga, masarakat, nagara, politik, ekonomi,
sosial-budaya, pendidikan, iptek, seni, olah raga, perang, jeung sajabana. Teu
aya hiji hal nu leupas tina aturan Islam. Ngan hanjakal masih loba keneh umat
Islam anu maham Islamna ngan sabagian- sabagian alias parsial (juz’i). Henteu
integral.
Pamahaman umat Islam kana Islam teh
lir ibarat kumpulan jalma lolong titah nerangkeun naon nu disebut gajah teh.
Ceuk nu saurang yen gajah teh badag, da nu dicabakna awakna. Ceuk nu saurangna
deui, gajah teh leutik panjang da nu dicekelna buntut gajah. Ceuk nu saurangna
deui, gajah teh siga hihid da nu dicekelna ceuli gajah. Ceuk saurangna deui,
gajah teh mencos da nu dicekelna gading gajah. Nu balukarna beda jalma beda
kasimpulanana ngeunaan gajah.
Tah nu sakuduna mah umat Islam maham
kana Islam teh kudu siga jalma beunta ningali gajah. Ulah siga jalma lolong.
Maham kana Islam dumasar rumpu-rampa sakarampana, sakacekelna, sakacabakna.
Lain sautuhna, lain sagemblengna. Jadi apalna sawareh-sawareh.
Pan parentah Allah oge yen kudu asup
kana Islam teh sagmblengan, sautuhna. Sakumaha dawuhan Allah dina Al-Qur’an,
“Yeuh jalma-jalma anu ariman!
Prak maraneh geura arabus Islam kalawan sampurna, jeung poma maraneh ulah pisan
nurut kana lengkah-lengkah setan. Saestuna ari setan teh musuh maraneh anu
tetela.” (QS. Al-Baqarah: 208)
Jalma anu boga pamahaman Islam siga
jalma lolong mah pasti bakal boga pamahan anu sawareh-sawareh. Islam mah cukup
di masjid we tong dibabawa ka kantor, ka pasar, ka gedung MPR/DPR, tong
dihijikeun Islam jeung nagara, jeung sajabana. Matak tong aneh mun ieu nagara
masih can jadi nagara anu baldatun thayyibatun wa rabbun ghafur oge. Da sidik
kalolobaanana nu ngurus ieu nagara di pamarentahanana nyaeta jalma-jalma anu
mibanda pamahaman anu can sampurna ngeunaan Islam. Malah mah loba anu
pamahamanana anu sekuler alias pamahaman anu misahkan urusan agama jeung urusan
nagara.
Matak pantes we mun kajahatan beuki
dieu beuki maceuh, nu mabok beuki meuweuh. Nu korupsi teu euweuh-euweuh,
kalahka siga beuki kanceuh. Sabab, aturan Islam can ngadeg bener-bener di ieu
nagara. Naha atuh bet kitu? Nya pan nu caralik di MPR/DPR atawa nu jadi wakil
rahayatna loba keneh nu teu paham kana Islam jeung loba anu sekuler tea.
Jeung masalah na ti umat Islam
sorangan deuih. Ku ayana beda pendapat tea. Sawarehna pan aya anu ngaharamkeun
politik jeung demokrasi. Matak maranehna mangaruhan ka umat Islam sejenna yen
milih calon wakil rakyat atawa nyoblos dina PEMILU teh haram. Kelompok ieu mah
kakarek bisa ngaharamkeun wungkul, bari can bisa mere solusi anu kongrit dina
memeres pamarentahan da teu asup ka jero pamarentahan.
Aya deui sawarehna mah ngajalankeun
Islamna ku jalan radikalisme. Nu mun aya ka teu panuju ngeunaan hiji perkara
maranehna mah lumpatna teh kana bom we jeung ngancurkeun sacara fisik. Matak
genaheun keur anu teu resep ka Islam mah, bisa newakan jalma-jalma atawa
kelompok nu biasa nyieun kaributan di ieu nagara. Ceuk maranehna nu kitu teh
disebutna teroris. Tapi beda teroris ceuk ibu-ibu mah, “Teroris” teh nyaeta
terong diiris-iris (disiksik).
Jeung kulantaran umat Islam masih
keneh make cara jalma lolong tea. Jadi sok muncul loba perbedaan pendapat. Nu
ahirna lain jalan kaluar anu dimunculkeun teh, tapi kalah ka papaseaan diantara
sasama muslim deui. Nu lieur saha? Nya jalma-jalma anu aya disatukangeunana anu
nuturkeunana. Maranehna jadi bingung kudu kumaha. Nya nu bingung mah jadina teh
korban ajakan jalma-jalma anu teu boga tanggung jawab. Ngajak kana ka sasaran,
ngajak kana jalan anu mengkol tina jalan anu lempeng.
Umat Islam kuduna diajar dewasa dina
nyanghareupan perbedaan pendapat. Da perbedaan pasti moal bisa disingkahan. Da
sidik apan beda jelema beda sirah, beda oge dina pamikiran. Kudu diajar bisa
hirup babarengan dina hal-hal anu sarua, jeung teu resep pasea dina hal-hal anu
beda. Nepika iraha bae oge pasti nu ngaranna perbedaan mah bakal aya. Da ari
teu beda mah teu rame atuh. Ngan kudu yakin we yen naon nu dilakukeun ku manusa
di dunya, peunteun atawa niley ahirna disanggakeun ka Gusti Allah. Sabab, ngan
Anjeunna anu uninga kalawan persis kana
naon nu dilakukeun ku manusa naha dumasar kana Qur’an Sunnah atawa hentuna.
Sabab, jalma sawarehna mah leuwih percaya kana kayakinan diri tibatan ka Allah.
Sahingga sawarehna jalma betah merenah tumaninah dina milampah hal-hal anu teu
aya dasar tina Al-Qur’an jeung Sunnah anu sohih.
Sakali deui dina masalah neuteup
perbedaan mah. Urang kudu ningalinana kudu siga kana
gamelan atawa alat musik. Ku ayana perbedaan alat musik anu fungsina beda,
matak munculna hiji sora musik anu genah kadengena. Mobil atawa motor oge pan
komponenna beda-beda teu sarua kabeh. Aya setir, aya ban, aya mesin, aya
bensin, aya aki, aya pentil, aya jari-jari, aya kaca spion jeung sajabana.
Matak mobil jeung motor bisa maju soteh kulantaran ayana bagian-bagian dina
mobil anu beda. Mun bagian-bagian tadi teu ngahiji mah tangtuna ge moal
ngawujud mobil, paling ge disebutna rongsokan mobil atawa motor.
Tah ayeuna urang tinggalkeun mangsa
nu geus kaliwat, mangsa ka tukang. Ayeuna mah urang neuteup fokus ka harep.
Dina mobil oge pan kaca spion mah leutik nu fungsina keur ningali ka tukang.
Tapi kaca hareup mobil mah sakitu legana, hartina urang kudu leuwih siap keur
neuteup mangsa nu bakal ka sorang. Tapi, sawaktu-waktu urang ngajdikeun
pangajaran tina naon nu geus kaalaman dina mangsa ka tukang. Sangkan umat Islam
aya dina kamajuan, aya dina kapunjulan dina sagala widang. Geus waktuna umat
Islam hudang tina sare tibrana dipepende ku katengan jeung kegenahan hirup.
Cag.