Loba jalma anu teu bisa ngomean dirina sorangan.
Sabab, manehna ngarasa sampurna teu boga kakurangan, teu boga kasalahan. Nu
antukna, manehna salawasna nganggap batur we wungkul gudangna kasalahan teh.
Ari dirina sorangan estuning ngarasa suwung tina dosa jeung kasalahan.
Padahal mah samistina tiap jalma sadar kana
kakurangan jeung kasalahan diri. Ulah loba teuing nempo kana kakurangan jeung
kasalahan batur. Diri sorangan kalah kapopohokeun, kalelemorekeun.
Moal bisa diomean ku batur, kudu diomean ku diri
sorangan. Sabab, nalika diomean ku batur mah sok karasana teu ngeunah. Nyeri
hate, tugenah, asa diteungteuinganan.