Jumat, 13 Maret 2020

Ngan Bisa Ikhtiar

Skenario hirup jalma atawa episode perjalanan kahirupan jalma mah ghoib teu aya nu apaleun, salian Allah nyalira. Matak jalma ngan saukur dibere lolongkrang keur ikhtiar wungkul jeung dibarengan ku ngado'a ka Allah. Naha bet dighoibkeun atuh? Tangtu aya hikmah di satukangeun dighoibkeunana kahirupan nu bakal kaalaman ku manusa. Diantarana nya sangkan manusa ngalakukeun usaha atawa bajoang keur ngajemput takdir hadena. Sabab naon nu dilakukeu ku manusa di bajoang ngahontal kahadean hirup, bakal dicatet jadi ibadah jeung diganjar ku balesan di dunya jeung pahala di aherat.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...