SANTRI SABA
LEMBUR MEDIA
KEUR NGALATIH
SANTRI

Ustadz H. Dedi Setiadi, BA
(Mudir Mu’allimien Al-Fithri Cimaung)
Pesantren Persatuan Islam No. 228 Al-Fithri Cimaung Kabupaten Bandung,
Mu’allimien jeung Tsanawiyah Al-Fithri ngayakeun program unggulan di tiap
semester dua dina tiap taun. Nyaeta Program Santri Saba Lembur. Program anu
wujudna nyaeta ngeusian Pangaosan rotin nu biasa diayakeun di masjid-masjid nu
aya di wewengkon Kecamatan Cimaung, Pangalengan, Banjaran jeung Cangkuang. Kagiatan
Santri Saba Lembur bakal dipitembian di Madrasah Nurul Iman Kp. Cibeurang Desa
Mekarsari Kec. Cimaung, dina Juma’ah kaopat, dilaksanakeunana ba’da Jum’ah.
Dina ieu kagiatan aya tim khusus nu jerona santri jeung asatidz nu mibanda
pancen masing-masing. Tilu santri
Mu’allimien kapancen jadi MC (pangatur waktu), nu Tilawah Al-Qur’an, jeung nu
nepikeun Kulkas alias Kuliah Ringkas atawa Kuliah Tujuh Menit tea.
Ieu program dijalankeun teu leupas tina nu jadi udagan nyaeta keur
ngawanohkeun kagiatan Pasantren Al-Fithri ka masarakat jeung pikeun ngalatih
sangtri sangkan wanter biantara di hareupeun masarakat. Ku ieu kagiatan teh
para santri nu lulus ti ieu Pasantren teh geus siap pake. Masagi ku elmu
pangaweruh, luhung ku elmu, sugih ku pangarti, jembar ku panalar. Siap jadi
lulugu dina sagala widang di masarakat, khususna bagbagan ka-Islaman. Nu
dipalar aya mangpaat keur mang kahareupna. Di masarakat moal putusna kader nu
ngurus masjid, madrasah, jeung pangajian.
Salian ti Program Santri Saba Lembur, aya deui Program Bina Umat. Ieu mah
dilaksanakeun saminggu sakali. Anu geus berjalan teh nyaeta kajian Tafsir
sareng Hadits di Masjid Nurul Iman Kp. Cibeurang Desa Mekarsari. Nu geus maneh
jadi narasumberna nyaeta ustadz H.Dedi Setiadi sareng ustadz Iwan Ridwan, S.Ud.Dina
kajian ieu, masarakat dibere kabebasan keur nanyakeun sagala rupa permasalahan
nu patali jeung kahirupan sapopoe. Sabab, masih keneh hal-hal nu teu aya dasar
tina Al-Qur’an jeung Sunnah anu dilakukeun ku masarakat.