Jumat, 23 Januari 2015

Obat Mujarab

Ulah Ceurik



Ulah ceurik lain hartina teu meunang ceurik. Pek bae rek ceurik mah dan manusiawi. Ngan ulah tuluy-tuluyan ceurik. Da hirup mah pan lain keur ceurik wungkul. Tapi urang kudu produktif ku amal saleh jeung karya.

Urang kudu kuat nandangan ujian jeung cocoba. Sabab sadayana eta teh mangrupakeun bagian tina ujian dunya nu pasti bakal kaalaman ku sakumna jalma nu hirup kumelendanga di alam dunya.

Cing yakin yen Allah nguji hiji jalma moal nguji ku hal anu diluar kamampuan eta jalma dina nyanghareupanana.

Kudu sabar, sabab nu sabar mah dipikacinta ku Allah. Anjeunna salawasna marengan jalma-jalma anu sabar.

Shalat kade ulah diculkeun. Sabab shalat jeung sabar teh dua hal anu utama bekel dina nyanghareupan masalah.

Prak ngadua ka Allah bongbolongan tina sagala rupa permasalahan kahirupan. Tong waka curhat ka sasaha. Curhat heula ka Allah. Anjeunna nu langkung nyaah ka urang. Anjeunna nu langkung uningan kana naon nu pangsaena keur urang.

Allah mah moal nakdirkeun anu goreng keur hamba-Na.

Cing yakin we pokona mah ka Allah. Allah saga-galana keur urang. Anjeunna nu tos nyiptakeun urang. Anjeunna anu ngurus jeung ngatur urang. Anjeunna anu langkung nyaah ka urang.













Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...