Selasa, 27 Januari 2015

Tumarima Kana Takdir



Geus samistina hiji mu'min muslim, narimakeun kana takdir ti Gusti Allah swt. Sabab sadaya takdir ti Allah eta sadayana tangtos sae kange abdi-Na. 

Ulah teu narima kana takdir. Sabab tangtos Allah moal maparin takdir awon ka abdi-Na.

Pasrahkeun sagala rupi hal ka Allah. Insya Allah Anjeunna bakal maparin kasaen ka urang.

Sanghareupan masalah kahirupan ku kasobaran, ulah ku aral subaha.

Satiap masalah, ujian jeung cocoba eta pasti aya hikmah disatukangeunana.

Inna ma'al 'usri yusron wa inna ma'al 'usri yusron.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...