MASALAH REJEKI
DINA AL-QUR’AN
Ku Rahmat
Taufik Hidayat
Allah henteu nyiptakeun mahluk, kajaba
ngajamin rejekina. Jeung sadaya rejeki anu diraih manusa sumberna ti Allah.
Allah
ngadawuh,
وَمَا
بِكُم مِّن نِّعۡمَةٖ فَمِنَ ٱللَّهِۖ ثُمَّ إِذَا مَسَّكُمُ ٱلضُّرُّ فَإِلَيۡهِ
تَجَۡٔرُونَ ٥٣
Hartosna:
Jeung saniskara
ni’mat nu aya di maraneh teh ti Allah; ti dinya upama maraneh katibanan madorot
nya ka Anjeunna maraneh nyambat pitulung. (QS. An-Nahl: 53)
Dawuhana-Na deui:
وَجَعَلۡنَا
لَكُمۡ فِيهَا مَعَٰيِشَ وَمَن لَّسۡتُمۡ لَهُۥ بِرَٰزِقِينَ ٢٠
Hartosna:
Jeung Kami geus
ngegelarkeun bumi sarta nancebkeun gunung-gunung di dinya, turta Kami nuwuhkeun
sagala rupa di dinya anu satimbang. (QS. Al-Hijr: 20)
Rejeki Allah pikeun sadaya mahluk-Na
ٱللَّهُ
ٱلَّذِي جَعَلَ لَكُمُ ٱلۡأَرۡضَ قَرَارٗا وَٱلسَّمَآءَ بِنَآءٗ وَصَوَّرَكُمۡ
فَأَحۡسَنَ صُوَرَكُمۡ وَرَزَقَكُم مِّنَ ٱلطَّيِّبَٰتِۚ ذَٰلِكُمُ ٱللَّهُ
رَبُّكُمۡۖ فَتَبَارَكَ ٱللَّهُ رَبُّ ٱلۡعَٰلَمِينَ ٦٤
Hartosna:
Nya
Allah nu geus ngajadikeun bumi pikeun padumukan maraneh jeung langit minangka
adegan. Jeung Anjeunna geus ngadamel rupa maraneh ku rupa anu sahade-hadena,
jeung Anjeunna geus maparin rejeki ka maraneh tina nu harade. Nya Allah,
Pangeran maraneh, sarta Maha Berkah Allah, Pangeran nu murbeng alam sakabeh. (QS.
Al-Mu’min: 64)
Mung Allah anu
maparin rejeki
Allah ngadawuh,
ٱللَّهُ
لَطِيفُۢ بِعِبَادِهِۦ يَرۡزُقُ مَن يَشَآءُۖ وَهُوَ ٱلۡقَوِيُّ ٱلۡعَزِيزُ ١٩
Hartosna:
Allah teh latip
pisan ka abdi-abdi-Na, Anjeunna maparin kurnia ka sing saha anu dikersakeun,
jeung Anjeunna Nu Maha Kuat, Nu Maha Gagah. (QS. Asy-Syura: 19)
Dina ayat sejen Allah ngadawuh,
ٱللَّهُ
ٱلَّذِي خَلَقَكُمۡ ثُمَّ رَزَقَكُمۡ ثُمَّ يُمِيتُكُمۡ ثُمَّ يُحۡيِيكُمۡۖ هَلۡ
مِن شُرَكَآئِكُم مَّن يَفۡعَلُ مِن ذَٰلِكُم مِّن شَيۡءٖۚ سُبۡحَٰنَهُۥ
وَتَعَٰلَىٰ عَمَّا يُشۡرِكُونَ ٤٠
Hartosna:
Nya Allah anu
ngayugakeun maraneh, tuluy Anjeunna anu maparin rejeki ka maraneh, tuluy
Anjeunna anu bakal mateni maraneh, tuluy Anjeunna anu bakal ngahirupkeun deui
maraneh. Naha aya ti antara sarekat-sarekat maraneh nu migawe perkara karitu?
Maha Suci Anjeunna, jeung Maha Luhung tina saniskara anu ku maraneh
disarekatkeun. (QS. Ar-Rum: 40)
Rejeki manusa dumasar kana pangersa Allah
Allah ngadawuh,
إِنَّ
رَبَّكَ يَبۡسُطُ ٱلرِّزۡقَ لِمَن يَشَآءُ وَيَقۡدِرُۚ إِنَّهُۥ كَانَ
بِعِبَادِهِۦ خَبِيرَۢا بَصِيرٗا ٣٠
Hartosna:
Saestuna Allah
ngajembarkeun rejeki-Na ka sing saha nu dikersakeunana keur sing saha anu
dikersakeun ku Anjeunna, jeung saestuna Anjeunna Maha Uninga sarta Maha Ningal
ka abdi-abdi-Na. (QS. Al-Isra: 30)
Dina ayat sejen allah ngadawuh
لَهُۥ
مَقَالِيدُ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلۡأَرۡضِۖ يَبۡسُطُ ٱلرِّزۡقَ لِمَن يَشَآءُ
وَيَقۡدِرُۚ إِنَّهُۥ بِكُلِّ شَيۡءٍ عَلِيمٞ ١٢
Hartosna:
Kagungan Anjeunna
konci-konci langit katut bumi. Anjeunna ngajembarkeun jeung ngaheureutkeun
rejeki pikeun sing saha anu dikersakeun. Saestuna Anjeunna Maha Uninga kana
sagala perkara. (QS. Asy-Syura: 12)
Rejeki kudu
diteangan ku cara anu hade jeung bermartabat
Allah ngadawuh,
فَإِذَا
قُضِيَتِ ٱلصَّلَوٰةُ فَٱنتَشِرُواْ فِي ٱلۡأَرۡضِ وَٱبۡتَغُواْ مِن فَضۡلِ ٱللَّهِ
وَٱذۡكُرُواْ ٱللَّهَ كَثِيرٗا لَّعَلَّكُمۡ تُفۡلِحُونَ ١٠
Hartosna:
Tuluy upama rengse
salat, nya bral maraneh geura sumebar deui di bumi, sarta prak geura nyiar
Kurnia Allah, jeung pek geura eling ka Allah sing mindeng, supaya maraneh
meunang kabagjaan. (QS. Al-Jumu’ah:
10)
Dina ayat sejen Allah ngadawuh,
يَٰٓأَيُّهَا
ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ لَا تَأۡكُلُوٓاْ أَمۡوَٰلَكُم بَيۡنَكُم بِٱلۡبَٰطِلِ
إِلَّآ أَن تَكُونَ تِجَٰرَةً عَن تَرَاضٖ مِّنكُمۡۚ وَلَا تَقۡتُلُوٓاْ
أَنفُسَكُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ كَانَ بِكُمۡ رَحِيمٗا ٢٩
Hartosna:
Yeuh, jalma-jalma
anu ariman! Maraneh ulah ngadalahar harta-harta maraneh kalawan cara anu batal,
kajaba ku jalan dagang kalawan silih pikarido antara maraneh, sarta maraneh
ulah maehan maneh. Saestuna Allah Maha Asih ka maraneh. (QS. An-Nisa: 29)
Dina ayat sejen Allah ngadawuh,
وَلَا
تَأۡكُلُوٓاْ أَمۡوَٰلَكُم بَيۡنَكُم بِٱلۡبَٰطِلِ وَتُدۡلُواْ بِهَآ إِلَى ٱلۡحُكَّامِ
لِتَأۡكُلُواْ فَرِيقٗا مِّنۡ أَمۡوَٰلِ ٱلنَّاسِ بِٱلۡإِثۡمِ وَأَنتُمۡ
تَعۡلَمُونَ ١٨٨
Hartosna:
Jeung poma maraneh
ulah ngadalahar harta maraneh di antara maraneh ku cara nu batal sarta mawa
urusan eta harta ka hakim kalawan maksud supaya maraneh bisa ngadahar sabagian
tina harta batur ku jalan dosa bari maraneh nyaraho. (QS. Al-Baqarah: 188)
Rejeki teh injeuman ti Allah
Allah ngadawuh,
مَّن
ذَا ٱلَّذِي يُقۡرِضُ ٱللَّهَ قَرۡضًا حَسَنٗا فَيُضَٰعِفَهُۥ لَهُۥٓ أَضۡعَافٗا
كَثِيرَةٗۚ وَٱللَّهُ يَقۡبِضُ وَيَبۡصُۜطُ وَإِلَيۡهِ تُرۡجَعُونَ ٢٤٥
Hartosna:
Sing saha nu
ngahutangkeun ka Allah ku hutang anu hade, tanwande ganjaranana ti Allah bakal
menglipet-lipet, karana Allah nu ngaheureutkeun jeung anu ngajembarkeun rejeki
keur maraneh, jeung nya ka Anjeunna maraneh baris dipulangkeun. (QS. Al-Baqarah: 245)
يَٰٓأَيُّهَا
ٱلَّذِينَ ءَامَنُوٓاْ أَنفِقُواْ مِمَّا رَزَقۡنَٰكُم مِّن قَبۡلِ أَن يَأۡتِيَ
يَوۡمٞ لَّا بَيۡعٞ فِيهِ وَلَا خُلَّةٞ وَلَا شَفَٰعَةٞۗ وَٱلۡكَٰفِرُونَ هُمُ ٱلظَّٰلِمُونَ
٢٥٤
Hartosna:
Yeuh
jalma-jalma anu airman! Prak dermakeun (sabagian) tina rejeki anu ku Kami geus
dikurniakeun ka maraneh samemeh dating hiji mangsa anu henteu aya perdagangan,
henteu aya sosobatan, henteu aya safaat. Jeung jalma-jalma anu kapir the
jalma-jalma anu darolim. (QS. Al-Baqarah: 254)
Rejeki Allah kudu disyukuran
Allah ngadawuh,
يَٰٓأَيُّهَا
ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ كُلُواْ مِن طَيِّبَٰتِ مَا رَزَقۡنَٰكُمۡ وَٱشۡكُرُواْ
لِلَّهِ إِن كُنتُمۡ إِيَّاهُ تَعۡبُدُونَ ١٧٢
Hartosna:
Yeuh
jalma-jalma anu airman! Pek geura dalahar ku maraneh saniskara rejeki anu
harade anu geus dikurniakeun ku Kami ka maraneh, jeung maraneh geura muji sukur
ka Allah, upama enya mah maraneh ngan
ibadah ka anjeunna.
(QS. Al-Baqarah: 172)
Rejeki teh ujian ti Allah
Allah ngadawuh,
زُيِّنَ
لِلنَّاسِ حُبُّ ٱلشَّهَوَٰتِ مِنَ ٱلنِّسَآءِ وَٱلۡبَنِينَ وَٱلۡقَنَٰطِيرِ ٱلۡمُقَنطَرَةِ
مِنَ ٱلذَّهَبِ وَٱلۡفِضَّةِ وَٱلۡخَيۡلِ ٱلۡمُسَوَّمَةِ وَٱلۡأَنۡعَٰمِ وَٱلۡحَرۡثِۗ
ذَٰلِكَ مَتَٰعُ ٱلۡحَيَوٰةِ ٱلدُّنۡيَاۖ وَٱللَّهُ عِندَهُۥ حُسۡنُ ٱلۡمََٔابِ
١٤
Hartosna:
Geus
dipapaesan jalma-jalma the ku micinta kasenangan napsu, nyaeta awewe,
anak-incu, emas-perak anu lobana mangpikul-pikul, kuda tunggang anu pinilih,
sato ingon-ingon, sawah jeung kebon. Nya kitu papas dunya teh, tapi di Allah aya tempat mulang anu leuwih hade. (QS. Ali Imron: 14)
Amal soleh bakal
ngabuahkeun rejeki Allah
Allah ngadawuh,
فَٱلَّذِينَ
ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ ٱلصَّٰلِحَٰتِ لَهُم مَّغۡفِرَةٞ وَرِزۡقٞ كَرِيمٞ ٥٠
Hartosna:
Nya jalma anu
ariman turta ngalampahkeun amal soleh, pikeun maranehna pangampura jeung
ganjaran anu mulya (sawarga). (QS.
Al-Hajj:50)
Dina ayat sejen Allah ngadawuh,
مَنۡ
عَمِلَ سَيِّئَةٗ فَلَا يُجۡزَىٰٓ إِلَّا مِثۡلَهَاۖ وَمَنۡ عَمِلَ صَٰلِحٗا مِّن
ذَكَرٍ أَوۡ أُنثَىٰ وَهُوَ مُؤۡمِنٞ فَأُوْلَٰٓئِكَ يَدۡخُلُونَ ٱلۡجَنَّةَ
يُرۡزَقُونَ فِيهَا بِغَيۡرِ حِسَابٖ ٤٠
Hartosna:
Sing saha anu
ngalampahkeun kajahatan, nya manehna henteu dibales salian ti ku nu sabobot
jeung lampahna; jeung sing saha anu ngalampahkeun amal soleh, boh lalaki boh
awewe kalawan manehna mu’min, nya maranehna bakal arasup ka sawarga, kalawan ka
maranehna di dinya teh ditonplokeun kurnia anu tanpa wilangan. (QS. Al-Mu’min: 40)
Taqwa jeung tawakal
ngalahirkeun rejeki
Allah ngadawuh,
وَمَن
يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجۡعَل لَّهُۥ مَخۡرَجٗا ٢ وَيَرۡزُقۡهُ مِنۡ حَيۡثُ لَا
يَحۡتَسِبُۚ وَمَن يَتَوَكَّلۡ عَلَى ٱللَّهِ فَهُوَ حَسۡبُهُۥٓۚ إِنَّ ٱللَّهَ
بَٰلِغُ أَمۡرِهِۦۚ قَدۡ جَعَلَ ٱللَّهُ لِكُلِّ شَيۡءٖ قَدۡرٗا ٣
Hartosna:
Sing sha anu takwa
ka Allah, tanwande Anjeunna ngayugakeun hiji jalan kaluar (bongbolongan) pikeun
manehna. Jeung Anjeunna baris maparinkeun rejeki ka manehna tina jalan anu
henteu disangka-sangka ku manehna, lantaran sing saha anu tawekal ka Allah, nya
Anjeunna nu nyumponanana. Saestuna Allah nu ngalaksanakeun urusan-Na, saestuna Allah
geus netepkeun papasten pikeun sagala perkara. (QS. Ath-Thalaq: 2-3)
Laku kupur
nyababkeun katutupna panto rejeki
Allah ngadawuh,
وَضَرَبَ
ٱللَّهُ مَثَلٗا قَرۡيَةٗ كَانَتۡ ءَامِنَةٗ مُّطۡمَئِنَّةٗ يَأۡتِيهَا رِزۡقُهَا
رَغَدٗا مِّن كُلِّ مَكَانٖ فَكَفَرَتۡ بِأَنۡعُمِ ٱللَّهِ فَأَذَٰقَهَا ٱللَّهُ
لِبَاسَ ٱلۡجُوعِ وَٱلۡخَوۡفِ بِمَا كَانُواْ يَصۡنَعُونَ ١١٢
Hartosna:
Jeung Allah
ngadamel misil hiji nagri anu aman turta tengtrem, rejekina tamplok ka manehna
ti saban jihat, tapi kalupur kana ni’mat Allah; ku kituna ka maranehna alatan
saniskara anu ku maranehna salawasna dilampahkeun. (QS. An-Nahl: 112)
Satiap manusa
mibanda uukuran rejeki masing-masing
Allah ngadawuh,
۞وَلَوۡ بَسَطَ ٱللَّهُ ٱلرِّزۡقَ لِعِبَادِهِۦ لَبَغَوۡاْ فِي ٱلۡأَرۡضِ
وَلَٰكِن يُنَزِّلُ بِقَدَرٖ مَّا يَشَآءُۚ إِنَّهُۥ بِعِبَادِهِۦ خَبِيرُۢ
بَصِيرٞ ٢٧
Hartosna:
Jeung upama Allah
ngajembarkeun rejeki ka abdi-abdi-Na, tanwande maranehna ngaliwatan
wates-wangen di ieu bumi; tapi Anjeunna nurunkeun kalawan make ukuran nurutkeun
sapangersa-Na. Saestuna ka abdi-abdi-Na teh Anjeunna waspada, Maha Ningali. (QS. Asy-Syura: 27)
Rejeki meunang
digunakeun
Allah ngadawuh,
قُلۡ
مَنۡ حَرَّمَ زِينَةَ ٱللَّهِ ٱلَّتِيٓ أَخۡرَجَ لِعِبَادِهِۦ وَٱلطَّيِّبَٰتِ
مِنَ ٱلرِّزۡقِۚ قُلۡ هِيَ لِلَّذِينَ ءَامَنُواْ فِي ٱلۡحَيَوٰةِ ٱلدُّنۡيَا
خَالِصَةٗ يَوۡمَ ٱلۡقِيَٰمَةِۗ كَذَٰلِكَ نُفَصِّلُ ٱلۡأٓيَٰتِ لِقَوۡمٖ
يَعۡلَمُونَ ٣٢
Hartosna:
Pok
caritakeun: “Saha anu ngaharamkeun papas Allah anu diayakeun ku Anjeunna pikeun
abdi-abdi-Na jeung saniskara anu hade tina kurnia-Na?” Pok caritakeun deui:
“Eta teh pikeun jalma-jalma anu airman dina kahirupan dunya jeung hususna pikeun maranehna dina poe kiamat.”
Tah kitu Kami ngawincik ayat-ayat pikeun kaom anu nyaraho. (QS. Al-A’raf: 32)
Rejeki kudu
disodaqohkeun ka sasama
Allah ngadawuh,
وَلَا
يَحۡسَبَنَّ ٱلَّذِينَ يَبۡخَلُونَ بِمَآ ءَاتَىٰهُمُ ٱللَّهُ مِن فَضۡلِهِۦ هُوَ
خَيۡرٗا لَّهُمۖ بَلۡ هُوَ شَرّٞ لَّهُمۡۖ سَيُطَوَّقُونَ مَا بَخِلُواْ بِهِۦ
يَوۡمَ ٱلۡقِيَٰمَةِۗ وَلِلَّهِ مِيرَٰثُ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلۡأَرۡضِۗ وَٱللَّهُ
بِمَا تَعۡمَلُونَ خَبِيرٞ ١٨٠
Hartosna:
Jeung jalma-jalma
anu bakhil (anu ngoretkeun) tina saniskara anu geus dipaparinkeun ku Allah ka
maranehna tina kurnia-Na, ulah nyarangka yen lampah kitu teh hade pikeun
maranehna, tapi malah kacida gorengna pikeun maranehna. Saniskara anu ku
manehna dikoretkeun, bakal digantelkeun (dina beuheungna) dina poe kiamat.
Jeung kagungan Allah warisan langit jeung bumi, jeung Allah Maha Uninga kana
saniskara anu dilampahkeun ku maranehna. (QS. Ali Imron: 180)
Rejeki bakal
dipertanggung jawabkeun dipayuneun Allah
Allah ngadawuh,
وَيَوۡمَ
يُعۡرَضُ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ عَلَى ٱلنَّارِ أَذۡهَبۡتُمۡ طَيِّبَٰتِكُمۡ فِي
حَيَاتِكُمُ ٱلدُّنۡيَا وَٱسۡتَمۡتَعۡتُم بِهَا فَٱلۡيَوۡمَ تُجۡزَوۡنَ عَذَابَ ٱلۡهُونِ
بِمَا كُنتُمۡ تَسۡتَكۡبِرُونَ فِي ٱلۡأَرۡضِ بِغَيۡرِ ٱلۡحَقِّ وَبِمَا كُنتُمۡ
تَفۡسُقُونَ ٢٠
Hartosna:
Jeung sing inget poean
jalma-jalma anu kalupur dijagragkeun ka naraka (diucapkeun): “Maraneh geus
ngaleuleungitkeun kahadean maraneh dina kahirupan di dunya, sarta maraneh geus
suka-senang ku eta kahadean, nya dina poe ieu maraneh bakal dibales ku siksaan
nu hina alatan salawasna maraneh takabur di bumi kalawan henteu hak, jeung lantaran
maraneh salawasna parasek.”
(QS. Al-Ahqaf: 20)
Rejeki teh modal pikeun investasi di akhirat
Allah ngadawuh,
ٱلَّذِينَ
يُنفِقُونَ أَمۡوَٰلَهُم بِٱلَّيۡلِ وَٱلنَّهَارِ سِرّٗا وَعَلَانِيَةٗ فَلَهُمۡ
أَجۡرُهُمۡ عِندَ رَبِّهِمۡ وَلَا خَوۡفٌ عَلَيۡهِمۡ وَلَا هُمۡ يَحۡزَنُونَ ٢٧٤
Hartosna:
Ari jalma-jalma anu
ngadermakeun anu ngadermakeun harta bandana ti peuting jeung beurang, boh teu
ditembrakeun boh ditembrakeun, tanwande bakal meunang ganjaran ti Pangeranna,
moal pinanggih kasieun jeung moal pinanggih kana kanalangsaan. (QS. Al-Baqarah: 274)
Rejeki teu mibanda harti, mun saukur keur kapentingan dunya
Allah ngadawuh,
مَثَلُ
مَا يُنفِقُونَ فِي هَٰذِهِ ٱلۡحَيَوٰةِ ٱلدُّنۡيَا كَمَثَلِ رِيحٖ فِيهَا صِرٌّ
أَصَابَتۡ حَرۡثَ قَوۡمٖ ظَلَمُوٓاْ أَنفُسَهُمۡ فَأَهۡلَكَتۡهُۚ وَمَا ظَلَمَهُمُ
ٱللَّهُ وَلَٰكِنۡ أَنفُسَهُمۡ يَظۡلِمُونَ ١١٧
Hartosna:
Misil saniskara anu
ku maranehna didermakeun dina ieu kahirupan dunya teh lir ibarat angin katut
tirisna anu matak ngahodhod, anu nebak pepelakan kaom anu darolim ka dirina
sorangan, tuluy eta angin teh ngabinasakeun pepelakanana. Jeung Allah henteu
dolim ka maranehna, tapi maranehna anu darolim ka dirina sorangan. (QS. Ali Imron: 117)