Ku Rahmat Taufik Hidayat
Ki dalang mintonkeun wayang akod, eta
wayang teh nyaeta si abah keur ngakod incuna. Tuluy eta wayang si abah jeung
incuna teh teh paguneman,
Budak : “Abah”
Abah : “Naon jang?”
Budak :”Hoyong jajan bah”
Abah: “Ah maneh mah bet teu
bosen-bosen, ti baheula nepi ka ayeuna ngan jajan jeung jajan we”
Budak : “Wios atuh abah, da abdi mah
pan budak. Pan budak teh sinkatan”
Abah : “Singkatan tina naon?”
Budak: “B na Biayaaneun, U na
Uruseun, D na Didikeun, K na Kawinkeuneun”.
Abah : “Saur saha eta teh kasep?”
Budak : “Saur ki Udin abah”
............................................
memang bener naon nu diucapkeun ku incu si abah yen BUDAK teh singgetan tina,
Biayaaneun
Boga turunan, boga budak teh teu bisa
leupas tina nu ngaranna biaya. Rek gede rek leutik, rek nu buenghar rek nu
miskin, rek nu di dayeuh rek nu di kota.
Pasti nu ngaranna boga budak mah bakal aya biaya nu dikaluarkeun.
Biaya nalika keur dikandung ku
indungna salila salapan bulan lilana. Sabab nu nu hamil jeung jabang bayi nu
keur dikandung kudu kacumponan gizina. Mun kacumponan masalah gizina tangtu nu
hamil jeung jabang bayina bakal sehat. Sabalikna, mun nu hamil jeung nu
dikandungna kakaurangan gizi, bakal kurang sehat jeung kurang hade dina masa
pertumbuhanana.
Biaya nalika proses ngalahirkeunana eta budak. Sanajan
saeutik tangtu tetep we kudu ngaluarkeun biaya. Komo mun proses kalahiranana
ngalaman masalah mah. Pan teu saeutik ngalahirkeun budak teh kudu dioperasi
sesar.
Biaya keur akekah dina poe ka tujuh.
Nu geus boga domba keur akekah mah leuheung. Tapi keur nu teu boga mah kudu
meuli. Ditmbah biaya keur pakeanan eta orok.
Biaya nalika indungna teu bisa
nyusuan ku ASI. Teu saeutik indung anu nyusuan budakna ku susu formula, susu
sapi atawa susu kambing.
Biaya nalika eta budak ngarandapan
gering.
Biaya nalika eta budak asup sakola ka
PAUD atwa TK. Terus ka SD atawa MI, terus ka Tsanawiyah atawa SMP, terus ka
Mu’allimien atawa SMA/SMK, terus kuliah ka perguruan tinggi. Biaya kursus jeung
pendidikan nu sejenna.
Biaya walimah khitan, mun budak
lalaki. Ari budak awewe mah tangtuna ngan nikahkeun wungkul. Tapi da hajat mah
teu diwajibkeun ku agama. Da dina nyundatan nu utamana mah dipotong atawa
khitanna wungkul. Atuh dina nikah ge nu penting kacumponan syarat jeung rukun
nikahna.
Ngan sawarehna jalma atawa kolot, sok
ngarasa teu sampurna mun teu aya kariaan mun nyundatan atawa ngawinkeun
budakna. Tapi, teu nanaon asal ulah maksakeun maneh ku jalan anjuk ngahutang.
Nepika dimana geus bubar hajat teh lain bungah, tapi kalah stres ku hutang.
Uruseun
Ti mimiti dina jero kandungan nepika
eta budak manjing laki rabi. Budak teh diurus ku indung jeung bapana. Diurus
sagala pangabutuhna, jasmani jeung rohanina.
Didikeun jeung Atikeun
Ti keur di jero kandungan, lahir
nepika dewasa budak teh didik jeung diatik ku nu jadi kolotna ku didikan jeung
atikan anu hade.
Kawinkeuneun
Nalika budak manjing dewasa jeung
geus papanggih jeung jodona. Kawajiban kolot nu pamungkas nyaeta ngawinkeun.
Dina masalah ieu mah kolot boga kawajiban pikeun ngajodokeun budak ka calon
pisalakien atawa pimajikaneun teh kudu ka anu hade. Hade wanda, hade rupa. Nu
hade opat halna, nyaeta: hade rupana, hade turunanana, hade dunyana, jeung nu
utama hade agamana.