CATETAN PIKEUN MUSLIMAH
Ku Rahmat Taufik Hidayat
Di jaman
ayeuna saperti kieu, geus loba awewe jeung lalaki anu ninggalkeun kana kodrat
kawanitaan jeung kalalakianana. Atawa geus teu ngajalankeun peran jeung fungsina
masing-masing sakumaha mistina. Padahal awewe jeung lalaki teh boga peran jeung fungsi anu jelas. Tah ku
sabab kitu dina guaran nu ayeuna mah aya sababaraha catetan nu patula-patali
jeung eta kanyataan.
Awewe
digawe sedengkeun lalaki di imah
Hiji
kanyataan nu nemrak dina kahirupan ayeuna, nyaeta awewe loba anu digarawe di
pabrik sedengkeun sawarehna salakina
cicing ngurus imah jeung budak.
Padahal nu
wajib diagawe nyiar nafkah keur kulawarga teh lain awewe, tapi nu jadi salaki
salaku kepala rumah tangga. Lalaki nu wajib tisusuk-tidungdung usaha satekah
polah sangkan bisa nyumponan sagala kabutuh hirup anak jeung pamajikanana.
Islam memang
teu ngalarang awewe digawe nyiar nafkah asal niatna keur ngabantu nu jadi
salaki. Lain sabalikna kalahka nincak hulu, asa aing. Ngarasa diri mampuh nyiar
dunya, ahlak ka salaki mah dimomorekeun.
Awewe teu
taat ka salaki
Kusabab
awewe loba nu digawe, tuluy maranehna boga panghasilan anu badag. Nya ahirna
sikep ka nu jadi salaki ge robah. Jadi unggah adat. Ngarasa diri mampuh nyiar
dunya, jadi akhlak ka salaki teh kurang hade.
Teu saeutik
awewe anu jadi teu taat jeung hormat ka nu jadi salaki. Komo awewe anu boga
panghasilan leuwih gede tibatan salakina. Aya deui awewe anu ngajadikeun
salakina kekesed atawa bujang purah ditutah-titah wungkul.
Awewe teu
tumarima kana pamere salaki
Teu saeutik
awewe nu ngaremehkeun kana pamere hasil usaha salaki. Hasil jerih payah luut
leet kesang salaki teh euweuh hargana dihareupeun manehna. Loba murukusunu,
samutut, euweuh bear budi ka salaki. Awewe nu kieu mah saeutik tara mahi loba
tara nyesa.
Awewe
ngautamakeun indungna tibatan salakina
Aya deui
awewe nu salah dina ngajalanjeun akhlak ka indung jeung ka nu jadi salaki.
Nyaeta sok leuwih ngautamakeun urusan indungna tibatan urusan nu patali jeung
salakina. Misalna: loba babantu di indungna, tapi urusan imah teu dipigawe;
imah can diberesihan, can ngumbah wadah, can nyeuseuhan, can masak, jeung
sajabana.
Padahal geus
samistina ngaheulakeun pagawean-pagawean di rumah tanggana. Pan geus ngarumah
tangga mah anu kudu ditaatn ku awewe teh salaki saparantos taat ka Allah jeung
ka Rosul teh. Mun lalaki mah tetep nu kudu diutamakeun teh nyaeta indungna.
Awewe teu
taat kana syare’at
Awewe kiwari
loba pisan nu ngarasa teu salah jeung dosa nalika ngarempak papagon agama.
Diantarana bae: teu nutup orat, teu salat, teu puasa, teu ngaluarkeun zakat
tina harta bandana,
Awewe
resep migawe kamusyrikan jeung pabid’ahan
Di jaman
kiwari loba keneh awewe anu milampah milampah pamusyrikan jeung pabid’ahan.
Loba keneh muslimah anu lemaah dina akidahna jeung lemah dina pelaksanaan
sunnahna. Contona: mun can tinemu jodo, sok aya keneh nu tatanya ka dukun jeung
para normal. Mun keur ngandung sok niiran samara tuluy dipasang dina bilik
atawa luhureun lawang panto. Mun boga budak orok atawa leutik keneh sok
dikongkorongan ku haur koneng, jeung sajabana.
Conto
hal-hal anu mangrupakeun pabid’ahan nu sok dipigawe ku muslimah diantarana:
dina resepsi pernikahan sok ngalakukeun hal-hal nu teu disyareatkeun dina agama
jeung taya contona tia Rosululloh saw. Keur hamil sok ngayakeun acara opat
bulanan, maca surat Yusuf atawa surat Maryam sabab boga kayakinan ngarah budak
nu dikandung teh mun awewe geulis mun lalaki kasep, jeung sajabana.
Awewe
resep ngabohong ka salaki
Teu saeutik
awewe anu boros dina ngabalanjakeun harta nu jadi salaki. Nepika aya anu
dibelaan anjuk –ngahutang ka rentenir sagala. Nepika aya sababaraha awewe nu
boga hutang ratusan juta ka rentenir bari salakina teu apaleun. Nu ahirna ku
sabab ngarasa era ku nu jadi salaki, manehna kabur ninggalkeun imah.
Aya deui
awewe nu sok salingkuh jeung lalaki sejen. Ari salingkuh pasti bisa dilakukeun
salila ngabohongna teu kapanggih ku nu jadi salaki. Biasana awewe ngalakukeun
salingkuh kusabab aya hal-hal anu teu kacumponan ku salakina. Misalna awewe nu
ditinggalkeun usaha jauh ku salakina. Awewe anu salingkuh alatan jauh ti salaki
biasa sok disebut jablay tea. Mun lalaki nu teu balik-balik mah nyaeta bang
Toyib tea.
Awewe
hayang jadi pamingpin
Geus loba
pisan awewe nu ancrub kana jero kakawasaan. Diantarana loba awewe nu nyalon
jadi kepala desa. Memang masalah sejenna nyaeta kusabab taya lalaki nu siap
jadi imam (kepala desa). Aya lalaki anu siap, kurang mibanda kompetensi jeung
modal keur kampanye. Sabalikna, teu saeutik calon kades awewe anu meunang
supley dana anu gede pihak-pihak tertentu. Matak dina sababaraha pilkades di
sababaraha desa, loba nu meunang jadi kepala desa teh awewe.
Ngan
resikona teh teu saeutik kepala desa awewe nu teu bisa ngajalankeun tugas
kapamarentahanana kalayan maksimal. Da rek kumaha bae oge tetep nu ngaranna awew mah heureut deuleu pondok lengkah. Loba kepala
desa awewe anu jarang nyumponan ondangan masyarakat dina sababaraha urusan.
Dina kakapatenan, dina hajatan, ka nu gering keur uras-urus ka rumah sakit,
jeung sajabana.