Ku Rahmat Taufik Hidayat
Sagala mahluk Allah nu parantos
diciptakeun di ieu alam dunya, sadaya diciptakeun kalayan henteu sia-sia tanpa
manfaat. Sadaya nu aya di ieu alam dunya bisa dijadikeun guru pikeun manusa.
Memang manusa mahluk nu diciptakeun paling sampurna tibatan mahluk Allah anu
sejenna. Tapi, pan manusa mah sok kadang-kadang leupas tina sifat-sifat
kamanusaanana. Matak taya salahna mun
seug urang salaku manusa bisa diajar ti alam, ti sadaya mahluk Allah sejenna nu
aya di alam marcapada.
Guguru ka Panon Poe
Guguru ka panon poe hartina manusa
kudu disiplin, loba mere mangpaat, jeung teu pilih kasih.
Panon poe datangna henteun kapaksa,
panon poe datangna disiplin tepat waktu. Jeung kaluar sarta tilem dina tempat
anu tangtu, anu maranti. Panon poe mah tara pilih kasih dina ngabagikeun
cahayana. Ku ayana panon poe teh popoean jadi garing, tutuwuhan bisa
ngalakukeun proses potosintesis, jalma bisa ngalakukeun pagaweanana
masing-masing kalawan jongjon. Loba pisan mangpaat anu dibikeun panon poe ka
mahluk sejenna.
Guguru ka Cai
Guguru ka cai hartina, jalma kudu
sabar dina nyangharepupan masalah, ulang gurung gusuh, optimis, jeung tara
resep nyalahkeun batur jeung kaayaan.
Dina perjuangan hirup mah urang bisa
guguru ka cai. Mental hirup jalma kudu kuat siga cai. Sabab cai mah tara putus
asa mun seug aya batu atawa naon bae nu ngahalanganana. Cai tara jol sumerah
pasrah kana kaayaan nu teu saluyu jeung kahanyangna. Cai mah cadu mundur
pantrang mulang mun maksud tacan laksana. Cai nahan diri bari ngumpulkeun
kakuatan. Nu ahirna cakumaha gedena nu ngahalangan, ku cai pasti bakal
kaliwatan. Bakal tilem kakeueum. Cai mere pangajaran yen dina ngahontal
cita-cita atawa ngungkulan pasualan hirup mah kudu sabar jeung bajoang kalayan
soson-soson. Dina hiji waktu mah pasti bakal hasil, bakal tinekanan.
Guguru ka Batu
Guguru ka batu hartina manusa ulah
mibanda hate anu teuas. Sabab teuasna hate jalma mah teu mere mangpaat keur
dirina jeung keur batur sautik oge.
Sateuas-teuasna batu, masih keneh aya
mangpaatna pikeun manusa. Keur bales jalan, keur ngabenteng, keur pondasi
bangunan, papaes, jeung nu sejenna. Beda jeung manusa, mun manusa mibanda jiwa
atawa hate anu teuas. Lain mangpaat nu bisa kaala, tapi kacilakaan,
kanalangsaan jeung karugian. Jalma nu mibanda hate anu teuas teu bisa narima
hidayah ti Allah, nasehat ti papada manusa. Tangtuna bakal pinanggih jeung
kanalangsaan hirup, di dunya pon kitu deui di aherat.
Guguru ka Anjing
Guguru ka anjing hartina jalma kudu
boga sipat satia satuhu ka nu jadi pamingpinna atawa dununganana.
Anjing teh sato anu satia satuhu ka
manusa nu jadi dununganana. Manehna siap ngajaga dununganana dua puluh opat
jam. Iraha bae manehna ningali aya jalma asing anu datang ka imah dununganana.
Geus pasti manehna nu bakal ngarespon. Manehna bakal ngagogogan ka satiap jalma
asing anu datang.
Guguru ka Indung Hayam
Guguru ka hayam hartina nu jadi
indung atawa kolot kudu mereka kayem-tengtreman ka nu jadi anak. Lain sabalikna
nu jadi anak ngarasa teu genah tumaninah aya di deukeut kolotna.
Indung hayam mangrupakeun sato nu
kacida pisan nyaah ka anakna. Indung hayam salawasna ngaping anak-anakna. Mun
hujan, manehna ngarungkupan anak-anakna ku jangjangna. Dimana manehna manggihan
kahakanan, manehna tara gancang ngahakan. Tapi manehna mah salawasna
ngaheulakeun heula anak-anakna. Mun aya bahaya anu ngancam kaamanan
anak-anakna. Manehna sok gancang
nyerang, macok atawa nyakar ka nu dianggap nyilakakeun anak-anakna.
Intina mah indung hayam mah salawasna mere kaamanan, katenangan, jeung katengtreman
ka anak-anakna.
Guguru ka Lauk
Guguru ka lauk hartina urang kudu
sabisa-bisa ngajaga diri tina pangaruh negtif atawa goreng ti lingungan atawa
babaturan.
Lauk mangrupakeun salah sahiji sato
nu bisa dijadikeun guru ku manusa. Khsusna di bab campur gaul jeung papada
manusa. Lakuk mah teu kapangaruhan ku lingkunganana, sanajan cicing dina cai
laut anu asin. Tapi lauk mah tara kabawa asin. Pangajaran pikeun manusa, yen
dina kahirupan bermasarakat urang kudu bisa ngajaga ngariksa diri sangkan teu
kapangaruhan ku kaayaan lingkungan anu negatif.
Guguru ka Nyiruan
Guguru ka nyiruan hartina jalma kudu
salawasna milampah amal hade jeung nyiptakeun sarta nyebarkeun kahadean nu gede
pisan mangpaatna boh keur dirina sorangan boh keur batur.
Nyiruan sato anu salawasna
ngalakukeun hal-hal anu hade atawa positif. Nyeuseup kembang anu hade, mun
eunteup dina dahan tara matak peunggas, neangan pimadueun anu hade. Nepika
ngahasilkeun barang anu hade nyaeta madu. Loba pisan mangpaat tina keur
kasehatan manusa. Nyiruan tara nyeureud kajaba ka nu rek ngaganggu.
Guguru ka Sireum
Guguru ka sireum hartina kudu jadi
jalma anu salawasna bisa digawe bareng jeung batur, kudu silih tulungan jeung
silih ajeunan jeung batur. Sabab manusa teh mahluk sosial anu teu bisa
ngungkulan pasualan hirupna ku sorangan.
Sireum mahluk Allah anu luar biasa
dina widang kerja sama tim jeung ahlak sosial anu hade. Sumanget gawe gotong
royong ditingalikeun ku sireum nalika ngagarap hiji pagawean. Sireum tara putus
asa lamun sayangna nu meunang hese cape diwangun tuluy ruksak gara-gara aya nu
ngancurkeun katincak jelema atawa kadupak ku cai. Sireum boga kabiasaan
sasalaman mun patepung jeung nu sejenna. Sireum mangrupakeun mahluk Allah nu
pangkuatna di dunya. Sireum mampuh mindahkeun barang anu saratus kali beurat
awakna.
Guguru ka Tangkal Kawung
Guguru ka tangkal kawung hartina kudu
jadi jalma anu salawasna mere mangpaat anu loba pikeun balarea jeung
lingkunganana.
Tangal kawung mah taya anu kapiceun,
kabehanana ge mangpaat pikeun manusa. Tangkalna bisa keur sasak, wangunan atawa
suluh. Inyukna keur sapu, keur turup saung, atawa keur megarkeun lauk. Nyerena
keur dijieun sapu. Dahanna bisa dijieun suluh. Aci-na bisa didahar ku manusa. Buahna, caluruk atawa cangkaleng keur
manisan atawa sirop dina bulan Romadhon. Lum-lumna keur neurakeun seuneu.
Guguru ka Hileud
Guguru ka hileud hatina jalma mun hayang sukses kudu siap ngalakukeun
parobahan diri.
Hileud teh mimitina pikagilaeun,
merang, pikasieuneun. Tapi, nalika sireum geus ngalakukeun parobahan diri
ngaliwatan proses metamorfosis tea. Hileud robah jinis jeung rupa jadi kukupu
anu alus. Ahirna loba jalma anu mikaresep ka manehna.