Ku
Rahmat Taufik Hidayat
Kulawarga Nabi Ibrahim ‘alaihis salam mangrupakeun
hiji kulawarga anu bisa dijadikeun conto ku urang dina enggoning babakti ka
Gusti Nu Maha Suci. Conto kulawarga anu kuat dina akidah, ibadah, jeung elmu.
Katuladanan Ibrahim jeung kulawargana dijentrekeun dina Al-Quran diantarana
dina Surat Al-Mumtahanah ayat 4:
Allah ngadawuh:
“Saestuna keur maraneh teh aya conto nu hade
di Ibrahim katut di para pangiringna nalika maranehna nyarita ka kaomna:
“Saestuna kaula sarerea mah teu mais teu meuleum ti arandika, jeung tina
perkara saniskara nu disembah ku arandika
salian ti Allah, kaula sarerea mondah arandika, jeung tetela pisan
mumusuhan jeung silihpikangewa antara kaula sarerea jeung arandika teh
salawasna tepi ka arandika airman ka Allah Nu Maha Tunggal”, kajaba omongan
Ibrahim ka bapana: “Sayaktosna abdi bade
mangnedakeun pangapunten kanggo bapa, nanging ti Allah abdi henteu tiasa
kenging naon- naon saeutik ge kanggo
bapa teh.” (Pok manehna ngaado’a): “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, nya ka
Gusti abdi sadaya marulang sareng nya ka Gusti abdi sadaya ngajugjug.” (Al-Mumtahanah : 4)
Kahiji,
Kritis dina neangan jeung narima
bebeneran.
Allah ngadawuh:
“Jeung (sing inget) nalika Ibrahim nyarita
ka bapana, Azar: “Naha pantes ama nganggap
eta berhala- berhala teh pangeran?
Saestuna abdi nyaksen yen ama sareng kaom ama aya dina kasasaran anu
tetela.”(Al-An’am: 74)
Kadua,
Sikap jeung perilaku anu ngahiji sareng
Islam.
Allah ngadawuh:
“Saestuna keur maraneh teh aya conto nu hade
di Ibrahim katut di para pangiringna nalika maranehna nyarita ka kaomna: “
Saestuna kaula sarerea teu mais teu
meuleum ti arandika, jeung tina perkara saniskara nu disembah ku arandika
salian ti Allah, kaula sarerea mondah arandika, jeung tetela pisan mumusuhan
jeung silihpikangewa antara kaula sarerea jeung arandika teh salalawasna tepi
ka arandika airman ka Allah Nu Maha Tunggal”, kajaba omongan Ibrahim ka bapana:
“Sayaktosna abdi bade mangnedakeun pangapunten kanggo bapa, nanging ti Allah
abdi henteu kenging naon- naon saeutik oge kanggo bapa teh.” (Pok manehna
ngado’a): “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, nya ka Gusti abdi sadaya tawekal,
sareng nya ka Gusti abdi sadaya marulang sareng nya ka Gusti abdi sadaya
ngajugjug.” (Al-Mumtahanah : 4)
Katilu,
Mibanda rasa reueus jadi muslim.
Allah ngadawuh:
“Pok caritakeun: “Yeuh ahli kitab! Hayu
urang babarengan kana hiji kalimah (anu adil), anu sarua antara kaula jeung
arandika, nyaeta urang ulah ibadah
anging ka Allah, jeung ulah nyarekatkeun Anjeunna kana naon- naon, jeung
sabagian ti urang ulah ngajadikeun anu sabagian deui jadi pangeran nu salian ti
Allah.” Upama maranehna ngabalieur pok omongkeun deui: “Saksian ku arandika yen
kaula sarerea mah jalma- jalma anu Islam.”(Ali Imron: 64)
Kaopat,
Ngabogaan elmu sareng prestasi.
Allah ngadawuh:
“Jeung sing inget ka abdi- abdi Kami,
Ibrahim jeung Ishaq katut Ya’qub nu baroga jasa jeung jauh paningalna.” (Shad: 45)
Kalima,
Sanggup nyanghareupan sagala resiko dina merjuangkeun bebeneran.
Allah ngadawuh:
“Habek manehna neunggeulan berhala- berhala
tea kalawan enya- enya ku leungeun katuhu. Nya bring wae maranehna ngajugjug ka
manehna gagancangan. Pok manehna nyarita: “Naha pantes arandika ngaibadahan
barang anu ku arandika diukir sorangan? Padahal Allah geus ngayugakeun arandika
jeung saniskara anu ku arandika dipigawe?” Maranehna nyarita: “Geura nyieun
adegan durukan pikeun manehna, jeung alungkeun manehna kana seuneu!” (Ash-Shaffat: 93-97)
“Ceuk maranehna: “Duruk tah Ibrahim teh!
Sarta geura belaan pangeran- pangeran arandika, ari enya mah arandika rek
digarawe.” Pidawuh Kami: “Yeuh seuneu! Geura jadi tiis sarta sing jadi
kasalametan keur Ibrahim.”(Al-Anbiya:
68-69)
Kagenep,
Ngabogaan sifat anu pinuji.
Allah ngadawuh:
“Nya barang manehna sawawa usaha bareng
jeung bapana, pok manehna nyarita: “Yeuh anaking! Saestuna ama nenjo dina impian,
ama rek meuncit hidep. Cik pikiran, kumaha putusan hidep? “Manehna ngajawab:
“Nun ama, mangga lakonan saniskara anu diparentahkeun ka ama teh, ama bakal
mendakan kayaan abdi insa Allah jadi ti antawis jalmi- jalmi anu salabar.”
(Ash-Shafat: 102)
Katujuh, Sanggup
jeung daek pikeun ngorbankeun jiwa raga dina enggoning ngajalankeun kataatan ka
Allah.
Allah ngadawuh:
“Nya
barang maranehna duaan geus sumerah, jeung manehna geus naleukeumkeun pipi
anakna (ngagolerkeun); jeung Kami cumeluk ka manehna: “Yeuh, Ibrahim! Saestuna
maneh geus ngalakonan parentah tina
impian tea kalawan enya- enya. Saestuna nya kitu Kami ngaganjar jalma- jalma
anu ngalampahkeun kahadean.” Saestuna ieu teh cocoba anu tetela.”
(Ash-Saffat: 103-106)
Mudah- mudahan urang sadaya tiasa
nyandak pangajaran tina kahirupan Nabi Ibrahim ‘alaihis salam sakulawarga.