
PEMUDA HAREPAN BANGSA
Ku Rahmat Taufik Hidayat, S
(Dalang Wayang Da’wah
Dina
bulan oktober aya hiji momen bersejarah, nyaeta tanggal 28 Oktober the hari
sumpah pemuda. Bangsa Indonesia mieling jeung nginget- nginget deui kana ka
luar biasaanana pemuda- pemuda baheula dina enggoning bajoang pikeun ngaraih kamerdekaan. Satekah
polah usaha sarta perjuangan dilakukeun sangkan Indonesia jadi bangsa anu merdeka
tina sagala rupa bentuk penjajahan bangsa deungeun.
Nu
jadi bahan renungan pikeun urang salaku pemuda nu hirup dina mangsa merdeka
ayeuna nyaeta, naha
enya yen urang teh geus merdeka? Mun ditanya kitu pasti jawabanana nyaeta ‘geus
merdeka’. Tapi, sabenerna bangsa Indonesia masih dijajah, ngan
bedana na teh ari baheula mah dijajah ku bangsa deungeun, ari ayeuna mah
dijajah ku ‘kabodoan jeung kamiskinan’.
Sanajan
bangsa Indonesia geus merdeka salila 66 taun, tapi di sakuliah wilayah Indonsia
masih rea rahayatna anu hirup dina kamiskinan jeung
kabodoan. Karaharjaan di nagara urang mah can walatra dirasakeun ku sakumna
rahayat. Kakayaan nagara masih muter di lingungan sakelompok jalma, nyaeta para
pajabat nagara. Mun ceuk si Cepot mah : “Jawa Barat Jawa Timur (nu malarat-
malarat, nu ma’mur- ma’mur). Ari rahayatna mah : “sapuluh sabelas (boga suluh tapi
teu boga beas)”.
Tah, moal aya nu bisa ngarobah kana eta kaayaan, mun lain urang salaku
pemuda Islam nu jadi mayoritas pangeusi ieu nagri. Ngan tangtuna satiap urang
butuh bekel sangkan bisa jadi pemuda nu jadi agen parobahan. Diantarana nyaeta
:
- Akidah anu
bersih (Salimul ‘aqidah)
Akidah anu bersih tina syirik, khurofat jeung tahayul. Tong wara reueus
jadi pemuda Islam, ari akidah masih keneh kacampuran ku animisme jeung
dinamisme. Syirik mangrupakeun hiji pagawean nu bisa ngabalukarkeun nu migawena
meunang karugian anu gede di akherat, sadaya amalna ditolak ku Alloh, cape gawe
teu ka pake. Memang teu aya jalma muslim nu msyrik mah, aya ge jalma muslim nu
nu migawe jeung jadi agen pamusyrikan alias dukun atawa tukang ramal, nu
istilah sejenna sok disebut jalma pinter ceuk nu bodo mah.
Pemuda muslim Indonesia
kudu jadi pemuda nu kuat paseukna, nyaeta akidah. Sabab akidah mangrupakeun
pondasi hirup muslim. Sangkan hirup bagja salamet di dunya jeung akherat. Mun
pemuda muslim beresih jeung kuat akidahna, geus pasti moal aya pemuda atawa
pemudi nu lumpat ka dukun mun cintana ditolak. Moal aya pemuda anu maot
ngagantung diri akibat nyeri ati ku anu geulis pujaan ati anu geus sulaya kana jangji.
- Ibadah anu
bener (Shohihul ‘ibadah)
Pemuda agen parobahan nyaeta pemuda anu rajin dina ibadah, bari ngalaksanakeunana
saluyu sareng parentah Alloh dina Al-Quran sareng conto ti Rosululloh dina As-
Sunnah. Moal aya kreativitas ngurangan jeung nambahan estuning sami’naa wa
atho’naa. Pemuda muslim nu
ibadahna teu betah tumaninah dina bid’ah. Sabab bid’ah mangrupakeun syrik dina
tauhid Rosul. Pemuda muslim nu nyarandekeun praktek ibadah kana dasar Quran
Sunnah sanes ka karuhun atawa titalari jeung adat masyarakat. Tiap landasan nu
teu dumasar Quran Sunnah pasti ditolak sanajan datangna ti kiayi, mama ajengan, ustadz, syeh, guru, pamarentah,
kolot, mitoha, sobat, baraya katut tatanga. Moal aya kajadian hiji pemuda
nglakukeun salat jenazah make ruku jeung sujud, ari ditanya alesanana, manehna
ngajawab : “bubuhan we ka mertua”.
- Akhlak anu
kuat (Matinul khuluq)
Pemuda muslim agen parobahan bakal mapaesan dirina ku ahlak anu karimah.
Handap asor ka sasaha, ramah someah hade budi, akur ka dulur jeung batur,
tumarima ka nugraha ti nu Maha Kawasa. Mun dipaparin ni’mat salawasna syukur, ucap
jeung lisanna dipapaes ku jujur. Ngajauhan kabiasaan gibah jeung namimah.
Nyaahan jeung asihan. Tutulung ka anu butuh tatalang ka anu susah. Nyingkahan
pagawean mubadzir keung kaleuleuwihi. Migawe jeung teu migawe amal tara karana
manusa, estuning ngan karana Allah
wungkul. Nyaah tur amanah, ngarti tur ngabdi. Adil ngancik dina diri,
tara cueut ka nu hideung tara ponteng ka nu koneng, estuning nangtungkeun hukum nu saadil- adilna.
- Jasmani anu kuat
(Qowiyyul jismi)
Jasmani anu kuat tur sehat eta syarat
pikeun pemuda agen parobahan. Rek bisa ngalakukeun sagala pagawean kumaha mun
seug awakna ririwit, sautak saeutik gering. Ku sehatna jasmani, pemuda bakal
gesit dina digawe.
- Wawasan anu
jembar (Mutsaqoful fikri)
Pemuda Islam kudu mibanda kajembaran dina hal wawasan atawa tsaqofah, boh
tsaqofah kaislaman atawa dina hal ka dunyaan. Pemuda Islam teu meunang heureut
dina cara mikir jeung pangaweruh. Tong pedah cicing di suku gunung nu jauh ka
ditu ka dieu, nepi ka tinggaleun perkembangan tehnologi jeung informasi.
Dina hal wawasan kaelmuan mah pemuda Islam kudu siga balong, lega tapi
deet. Mun dina masalah katerampilan hirup anu khusus masing- masing individu
mah kudu siga sumur, teu lega tapi jero.
- Mampuh nyiar
kipayah (Qoodirun ‘alal kasbi)
Nu disebut pemuda Islam saur Ali bin Abi Thalib mah nyaeta : “lain nu
nyarita ieu bapa kuring, tapi anu nyarita ieu kuring”. Pemuda Islam dina
hirupna kudu mandiri, ulah gumantung ka nu sejen. Sabab sadaya jalma geus
dibere modal ku Alloh, ku mangrupa pangdenge, paninggal jeung hate. Eta tilu
hal teh modal pikeun hirup manusa di alam dunya. Kondisi nganggur hiji pikeun pemuda
Islam eta teu saluyu jeung Islam, sabab Islam agama anu nungtut ummatna sangkan
produktif salila hirupna.
Mun seug pemuda Islam ngabogaan cita- cita jeung kahayang bisa mere sumbangsih
kana kahirupan ummat, nya pasti pemuda Islam kudu kuat sacara harta atawa finansialna. Ceuk papatah arab mah :”Nu
teu boga nanaon moal bisa mere nanaon”, nu tadina aya dina kaayaan “tidak punya
apa- apa”, kudu jadi aya dina kaayaan “apa-apanya punya”. Tina teu boga duit jadi boga duit. Tina teu boga imah jadi boga imah. Tina
teu boga mobil jadi boga mobil. Pokona sip...lah.
Komo mun seug hiji pemuda geus ngabogaan rencana rek ngarumah tangga mah,
sabab awewe ayeuna mah teu butuh calon salaki nu ngan saukur boga cinta, tapi
kudu bari boga
harta. Malah aya nu mere syarat ka calon salakina, daek dijadikeun istri mun
seug mas kawinna kijang inova sagala.
Tah mun seug geus siap harta, kade dina milih calon istrina kudu anu dan
din dun ulah anu dat dit dut. Dan ‘hade dandan’, din ‘hade agama’,dun ‘hade
dunya’, ulah anu dat ‘goreng adat, dit ‘medit’, dut ‘gede medut’.
- Bajoang ngalawan hawa nafsu (Mujahadatul linafsihi)
Saur Nabi SAW “nu disebut perang anu rongkah teh lain perang ngalawan musuh,
tapi nu disebut perang anu rongkah teh nyaeta merangan hawa nafsu nua aya dina dirina”. Pemuda
Islam kudu bisa ngungkulan hawa nafsuna, nu sok ngusrukkeun kana jungkrang kama’siatan.
Kudu bisa ngalawan nafsu anu goreng anu matak nyilakakeun. Pemuda Islam kudu
bisa ngajaga kasucian dirina tina nafsu anu goreng. Sakumaha dawuhan Allah SWT
dina Al-Qur’an:
ôs%
yxn=øùr&
`tB
$yg8©.y
ÇÒÈ
ôs%ur
z>%s{
`tB
$yg9¢y
ÇÊÉÈ
Saestuna bagja
pisan jelema anu nyucikeun jiwana. Jeung cilaka pisan jalma anu ngotoran
jiwana. (Asy- Syam: 9-10)
- Disiplin
ngagunakeun waktu (Haritsun ‘ala waqtihi)
Saurang agen parobahan kudu bisa ngagunakeun waktuna kalayan disipilin.
Sabab waktu mangrupakeun modal ti Alloh pikeun manusa dina ibadah ka Anjeunna. Dina
masalah ngamangfaatkeun waktu jaga di akherat bakal dipenta pertanggung
jawabanana. Sabalikna mun seug waktu teu digunakeun kalawan bener, manusa bakal
meunang karugian.
- Tarapti dina urusanana (Munazhomun fi suunihi)
Nu ngaranna pemuda mah kudu tarapti titih rintih
dina tiap- tiap urusan naon bae oge. Boga kamampuhan ngatur diri. Bisa
nempatkeun sagala rupa urusanana dina tempatna anu pas. Tina perkara- perkara
anu penting pisan, penting, kurang penting jeung teu penting, atawa ngabogaan
skala prioritas.
- Mangfaat pikeun
jalma sejen (Nafi’un lighoirihi)
Disebut jalma hirup mun seug aya bukti tina
kahirupanana. Ulah jadi jalma anu hirup jeung teu hirupna teh teu aya pangaruh
naon- naon. Komo jadi jalma anu euweuh atawa maotna pikaatoheun batur, sabab
aya atawa hirupna sok ngarugikeun batur.
Tah nu ngaranna
pemuda Islam mah salawasna kudu mere mangfaat keur jalma anu sejen. Lain
sabalikna mirucaan teu bener. Jadi dalang kaonaran jeung pacogregan.
Cag.
Biodata Penulis
Nama : Rahmat Taufik Hidayat, S.PD.I
Tempat, Tgl
Lahir : Bandung , 01 Mei 1981
Alamat :
Kp. Ciawitali No 167 RT 06/07 Ds. Pasirhuni Kec. Cimaung Kab. Bandung
40374
Pendidikan
Terakhir : S-1 PAI
HP. : 085220122111
Aktivitas
sekarang :
- Pengajar di Pesantren Persatuan Islam No. 228 Al-Fithri Cimaung Kab. Bandung
- Pengisi rubrik Pedaran di Majalah Bina Da'wah
- Menulis di Blog wayang-dakwah.blogspot.com
- Dalang Wayang Dakwah
- Mubaligh Pimpinan Cabang Persis Cimaung
- Kepala Diniyah Al-Furqon Ciawitali Desa Pasirhuni