Minggu, 08 Februari 2015

NGAHONTAL UDAGAN HIRUP

 






NGAHONTAL UDAGAN HIRUP
Ku Rahmat Taufik Hidayat
(Dalang Wayang Da’wah)




Urang salaku jalma pasti pada boga udagan nu kudu kahontal dina salila hirup di dunya. Udagan anu utama tangtuna bagja di dunya bagja di aherat. Tah eta udagan teh teu cukup ngan saukur jadi cita- cita jeung harepan wungkul, tapi kudu aya perhatian jeung usaha anu daria pikeun ngahontalna. Dina kasempetan nu ayeuna simkuring seja  ngaguar hal- hal anu aya patalina sareng usaha sangkan tiasa kahontalna sagala nu jadi udagan hirup urang. Diantarana bae nyaeta:

Hiji, Boga Impian
Lengkah kahiji nyaeta ngabogaan impian. Impian mangrupakeun lengkah mimiti dina ngahontal kasuksesan atawa ngaraih cita- cita jeung harepan. Sakumaha ditetelakeun ku Lao Tsu: “Lalampahan rebuan mil dimimitian tina hiji lengkah leutik”. Mun seug urang hayang pinanggih jeung kasuksesan atawa kabagjaan hirup, nya syaratna urang kudu wani ngalengkah, lengkah nu mimiti nyaeta kudu ngabogaan impian. Bisa sukses kumaha mun seug ngimpi wae teu bisa. Geus waktuna urang ngarobah kaayaan hirup urang khususna dina masalah harta. Nu tadina teu boga nanaon, jadi nu sagala boga. Sabab, ku kajembaran harta urang bisa nyumbang mangfaat kana kahirupan kalawan kacida lobana tibatan dina kaayaan urang sarwa kakurangan. Conto nu jadi impian urang umpana: jangka panjangna hayang bagja di dunya bagja di aherat, nyaeta tiasa dumuk di surga sakumaha nu sok kedalkeun dina du’a-du’a urang. Sarta urang dijauhkeun tina siksa naraka Jahanam. Udagan jangka pondokna umpana urang miharep dijembarkeun harta pikeun bekel pikeun hirup didunya jeung tabungan pahala di aherat.

Dua, Aksi
Lengkah nu kadua, mun urang boga udagan, cita- cita jeung harepan tangtuna teu cukup ku ngan saukur dina impian. Sakumaha alusna, sakumaha hadena ari ngan saukur dina alam impian mah tangtuna taya hartina. Ari ngimpi jadi jalma sukses, ari kanyataanana teu sukses. Tah sangkan impian bisa ngawujud jadi kanyataan carana taya deui iwal ti urang kudu ngalakukeun aksi nyata. Hiji impian atawa cita- cita bakal bisa ngawujud mun seug urang siap ngalakukeun gawe anu rancage. Impian tanpa dibarengan ku digawe hartina ngalamun. Ceuk si Cepot tea mah: “kalaka huntu”. Rea ngomong tanpa gawe, istilah populerna mah “ No Action Talk Only” alias NATO. Misalna aya jalma nu rea carita: “mun kuring beunghar wah pokona mah beres tah masjid teh, teu kudu mamawa proposal ka ditu ka dieu”, jeung sajabana. Pokona mah rea catur tanpa bukur alias omong doang (omdo).

Tilu, Tuliskeun jeung Tempelkeun
            Sangkan udagan bisa gancang ka raih, nya diantara carana nu kudu dilakukeun kurang nyaeta: nuliskeun naon wae nu jadi udagan urang. Umpana nu jadi udagan di taun 2012 teh diantarana beres mayar hutang, bisa meuli tanah keur usaha, meuli imah, meuli mobil, ngabiayaan ibadah haji nu jadi kolot jeung sajabana. Sakabeh nu jadi udagan sanggeus ditulis tuluy tempelkeun ditempat nu gampang katingali ku urang. Tujuanana sangkan naon nu jadi udagan urang salawasna kabayang- bayang. Engkena bakal jadi bayangan anu kuat dina alam handap sadar urang. Pangaruhna bakal ngadorong urang sangkan bajoang sakuat tanaga dina ngaraih sagala udagan.        

Opat, Saruakeun Udagan Urang jeung Pasangan
            Tuluy, naon nu jadi udagan urang kudu jadi udagan urang jeung nu jadi salaki atawa pamajikan. Hartina salaki pamajikan mibanda visi, misi atawa udagan anu sarua, ulah masing- masing. Salaki hayang ieu awewena hayang itu, ceuk si Cepot mah: “anjing ngidul bagong ngaler, jalma naek kana tangkal kalapa tibeubeut kana tai munding tuluy lumpat diudag maung”. Pan ceuk ceuk papagah kolot ka anu jadi anak,”kudu sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.” Pon kitu deui dina hal udagan hirup kulawarga nu kudu bisa kahontal.

Lima, Saruakeun Udagan Urang jeung Kolot Urang
            Sangkan naon nu jadi udagan uarng gancang ngawujud, carana nyaeta urang kudu bisa nyaruakeun atawa ngaadumaniskeun udagan urang jeung anu jadi kolot. Umpana urang boga cita- cita hayang ngabiayaan nu jadi kolot ibadah haji dina musim haji nu bakal datang. Nya eta cita- cita urang teh kudu diobrolkeun jeung aranjeunna, sangkan kolot urang sarua boga cita- cita bisa ngalaksanakeun ibadah haji taun hareup.        

Genep, Khusnuzhon atawa Positive Thinking
            Allah mah kumaha urang, urang hade sangka ka Allah pasti Allah ge bakal maparinkeun sagala kahadean. “Innii ma’a ‘abdii zhannii bii”. Ulah miara hal- hal anu negatif dina diri. Tapi anu kudu dikuatkeun dina diri teh nyaeta salawasna boga pikiran anu positif atawa anu hade alias khusnuzhon, boh ka diri, ka batur komo deui ka Allah mah. Sabab naon nu jadi katangtuan Allah, nu bakal tumiba ka hiji jalma geus pasti dibarengan ku mangfaat atawa faedahna, moal percuma. Pon kitu deui dina masalah harta, urang ulah goreng sangka ka Allah bari. Umpana sok aya jalma nu nyarita kieu: “ah da abdi mah mung sakieu buktosna, ti Gusti Allah na ge pasti ngan sakieu jatah rezekina, moal make jeung tisusut tidungdung teuing.”

Tujuh, Modal Tuur jeung Tarang + Du’a
            Lengkah nu katujuh, urang kudu boga modal tuur jeung tarang ditambah du’a. Nu dimaksud nyaeta urang kudu ngalobaan ruku jeung sujud sareng ngadu’a ka Allah swt. Ruku jeung sujud sarta du’a mangrupakeun modal nu geus dipimilik ku urang sarerea, rek nu susah rek nu sugih. Ngalobakeun ruku jeung sujud nyaeta ku ngalaksanakeun shalat fardhu ditambah jeung sholat- sholat sunnah sejenna nu aya contona ti Rosululloh saw.
            Ulah ari udagan hayang jadi jalma nu dijembarkeun harta ku Allah, tapi shalat fardhu diculkeun, komo sholat sunnat mah. Ulah tibalik deuih, ari sholat sunnat dilaksanakeun ari sholat fardhu henteu. Tapi, kudu sapaket, shalat fardhu lima waktu, sholat sunnat rowatibna, thohur, tahiyatul masjid, tahajud jeung dhuha. Dina waktu sholat aya waktu anu mustajab keur ngadu’a nyaeta nalika keur sujud. Sok reakeun ngadu’a ka Allah sangkan Allah ngagampangkeun urang dina sagala urusan.


Dalapan, Infak jeung sedekah
            Salah sahiji cara sangkan ku Allah dijembarkeun dina harta, nya urang kudu rea infak jeung sodakoh. Ngabiasakeun diri sangkan biasa ngaluarkeun infak, bari gancang teu talangke rea mikir. Sabab infak mah cara ngaluarkeun harta anu bisa ku saha bae dilakukeunana, rek nu miskin rek nu beunghar. Ngan tangtu ukuran gede leutikna anu beda mah. Mun nu beunghar infakna sajuta, meureun nu miskin mah bisa saratus rebu, bisa sapuluh rebu atawa sarebu.
            Urang kudu jadi jalma nu resep infak, iraha bae dimana bae bari gede. Jangji Allah pikeun nu sok infak nyaeta dina Al-Quran Surat Al- Baqarah ayat 261. Infak nu alus mah tangtuna anu leuwih gede. Sabab urang, tangtuna cita-cita nu utama mah bisa lebet ka surga. Piraku we miharep asup ka surga ari infak ngan lima ratus perak atawa sarebu. Ceuk si Cepot mah nu patalina jeung infak: “ pahlawan nu pantes ka masjid teh nyaeta Soekarno – Hatta, sabab duanana dikaropeah (duit saratus rebu).  Lain Kapitan Patimura, da mawa pakarang (duit sarebu).” Niat dina infak jelas kudu ikhlas karana Allah Ta’ala, ulah karana ilah sareng oleh. Salian ti ikhlas, nya tangtu jumlah infakna kudu gede. Ulah boga pamadegan, infak mah nu penting ikhlas sanajan leutik. Nu leuwih hade mah nya ikhlas nya gede.

Salapan, Du’akeun jeung Bantuan Batur
            Urang ulah jadi jalma nu koret ku du’a. Du’a mangrupakeun sarana urang anu teu perlu biaya badag, tanaga bedas jeung waktu anu lila. Tah diantara du’a- du’a urang teh selapkeun du’a- du’a pikeun kulawarga jeung baraya, sangkan sakabehna pinanggih kabagjaan. Nya memang nu alus mah mun rek mantuan ka batur teh teu ngan du’a wungkul, tapi jeung naon nu memang diperlukeun ku manehna. Ngadu’akeun mah eta mah lengkah nu pamungkas, mun urang ngan mampuh ngadu’akeun wungkul.

Sapuluh, Aya Pangbeda
            Sangkan urang pinanggih jeung kasuksesan, khususna dina widang usaha atawa bisnis, nya diantarana urang kudu ngabogaan pangbeda(diferensiasi) jeung nu sejen. Mungkin jinis usahana mah sarua, tapi bisa dina hal naon tah nu bisa jadi pangbeda antara usaha urang jeung batur teh. Mun dina bisnis kadaharan mah, naha nu beda teh pelayananana, cara mungkusna, bentukna, rasana atawa anu sejenna. Pokona mah usaha urang jeung batur aya nu bisa ngabedakeunana.

Sabelas, Papaesan Diri ku Takwa
            Jalma takwah mah pasti hirupna bagja sabab sagala ditamplokeun ku Allah. Sakumaha nu eces temres dijelaskeun ku Allah dina Al-Quran Surat At-Talaq ayat 2-5 diantarana: dibere jalan kaluar (bongbolongan) tina sagala urusanana, mere rejeki tina jalan nu teu disangka- sangka, bakal digampangkeun dina sagala urusanana. Malahan di aherat bakal dipupus sagala dosana jeung ditambahan ganjaranana.Mun seug sagala rupa hal dilakukeun urang, urang tinggal masra hkeun sagala rupa urusan ka Allah. Naon nu numutkeun Anjeunna sae tangtu bakal dipaparinkeun ka urang. Cag.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...