
JIHADNA
NU JADI BAPA
Ku: Abu
Nasrul
Tugas poko jeung fungsi nu jadi
salaki pikeun bojo jeung bapa pikeun nu jadi anak, nyaeta nyukupan sagala rupa
pangabutuhna sapopoe. Tugas anu lain enteng- enteng, tapi merlukeun mental anu
kuat dina diri lalaki. Sabab teu saeutik jalma anu ngalakukeun hal anu dilarang
ku Allah Subhanahu wa Ta’ala, alatan setres ku nyanghareupan masalah dina
kahirupan, khususna masalah ekonomi kulawarga. Aya anu maehan maneh jeung anak-
anakna, aya ngaragragkeun maneh ti loteng, jeung sajabana. Ngan mental nu kuat,
nu didadasaran ku kaimanan ka Gusti Allah Ta’ala, nu bakal jadi bekel dina
nyorang kahirupan nu pinuh ku rupa- rupa ujian jeung cobaan.
Dina masalah nyiar kipayah keur
nyumponan sagala pangabutuh anak jeung pamajikan, urang mah ngan saukur
diwajibkeun usaha anu maksimal. Dina perkara hasil jeung henteuna, gede jeung
leutikna, atawa loba jeung saeutikna,
eta mah lain pangawasa urang. Mun seug urang geus usaha anu maksimal, tah
masalah hasilna mah urang sanggakeun ka Gusti Allah. Urang kudu yakin yen Allah
mah tara ngalelemorekeun kana sagala usaha urang, sakumaha dawuhan Allah:
È@è%ur (#qè=yJôã$# uz|¡sù ª!$# ö/ä3n=uHxå ¼ã&è!qßuur tbqãZÏB÷sßJø9$#ur ( cruäIyur 4n<Î) ÉOÎ=»tã É=øtóø9$# Íoy»pk¤¶9$#ur /ä3ã¥Îm7t^ãsù $yJÎ/ ÷LäêZä. tbqè=yJ÷ès? ÇÊÉÎÈ
“jeung pok caritakeun: “Prak
geura digarawe, karana engke Allah jeung Rasul-Na katut kaom mu’minin baris
ngabuktikeun amal arandika, jeung arandika baris dipulangkeun ka (Allah) nu
uninga kana perkara gaib jeung perkara nu nembrak, tuluy Anjeunna baris
ngawartikeun ka arandika saniskara anu geus dipilampah ku arandika.”
(at-Taubah: 105)
Nalika urang geus usaha maksimal,
tanwande Allah bakal ngajadikeun sagala perkara jadi gampang. Contona, mun
urang jadi karyawan nu hade dina digawe, Allah bakal ngagerakeun dunungan urang
sangkan nyaah ka urang, mun geus nyaaheun mah pasti moal ngalelemorekeun gawe
urang. Mun urang tukang buburuh, nalika urang geus usaha nu maksimal ku cara
gawe anu rancage. Allah bakal ngagerakeun jalma nu boga pigaweeun nitah urang
sangkan digawe dimanehna. Mun urang butuh modal usaha, Allah bakal ngagerakeun
jalma nu boga modal sangkan bisa ngabantu ka urang, jeung sajabana.
Allah ngadawuh dina Al-Qur’an:
ô`tB @ÏJtã $[sÎ=»|¹ `ÏiB @2s ÷rr& 4Ós\Ré& uqèdur Ö`ÏB÷sãB ¼çm¨ZtÍósãZn=sù Zo4quym Zpt6ÍhsÛ ( óOßg¨YtÌôfuZs9ur Nèdtô_r& Ç`|¡ômr'Î/ $tB (#qçR$2 tbqè=yJ÷èt ÇÒÐÈ
Sing saha anu ngalampahkeun amal soleh,
boh lalaki boh awewe sarta manehna keur dina kaayaan iman, nya saestuna Kami
bakal ngahuripkeun manehna dina kahirupan anu hade, jeung saestuna Kami bakal
maparin ganjaran ka maranehna ku ganjaran anu leuwih hade batan anu diamalkeun
ku maranehna. (an-Nahl: 97)
Dina
ayat sejen Allah ngadawuh:
Sangkan maranehna ngadahar tina
bubuahanana jeung tina saniskara nu dipigawe ku leungeun maranehna sorangan.
Naha maranehna bet henteu maruji sukur?. (Yasin: 35)
Rizki
nu alus teh teh nyaeta rizki nu meunang kuru cileuh kentel peujit urang. Lain
tina welas asih pamere batur. Hartina tiap nu didahar, diinum jeung dipake ku
urang teh kagawean atawa kakesangan. Rasulullah shalallahu‘alaihi wassalam ngadawuh: “Teu aya saurang
oge anu ngadahar kadaharan anu leuwih hade tibatan hasil usahana sorangan.
Jeung saestuna Nabi Daud ‘alaihis
salam tuang tina hasil usahana nyalira.” (HR.
Bukhari)
Dina
hadits sejen Rasulullah shalallahu ‘alaihi wassalam ngadawuh: “Kabuktosan Nabi
Zakariya ‘alaihis
sallam teh saurang tukang suluh.” (HR. Thabrani, Baihaqi)
Jalma
anu hade teh nyeta jalma nu hirupna produktif, satekah polah neangan rizki nu
geus diawurkeun ku Allah di ieu alam dunya. Sarta Allah Subhanahu wa Ta’ala kalintang pisan micintana ka jalma
anu resep usaha bari digawe nu rancage, tara rea moyan atawa lila teuing
nganggur. Ceuk si Cepot mah: “KKN alias Kurulang Kuriling Nyatu, Kurulang Kuriling
Nongkrong.”anu
kabisa na ngan saukur “tama” (menta ka ema) jeung “tapa” (menta ka bapa).
Rasulullah
shalallahu ‘alaihi
wassalam ngadawuh:
“Saestuna
Allah micinta ka ‘abdi
anu digawe bari usaha. Sing saha anu usaha pikeun nyumponan (kabutuh)
kulawargana, nya manehna saperti jalma anu jihad fi sabilillah Azza wa Jalla”. (HR.
Ahmad)
Sangkan
urang digampangkeun ku Allah dina ngajemput rezeki teh nyaeta diantarana:
Hiji,
Kudu dimimitian ti wanci subuh.
Sabab, wanci subuh mangrupakeun waktu anu ngandung barokah jeung kauntungan.
Bisi teu percaya mah, sok we tengetan aya jalma nu usaha di pasar hirupna
sangsara balangsak? Sagoreng- gorengna jalma nu usaha di pasar pasti pinaggih
jeung kasugihan. Nya eta oge aya anu hirupna angger sangsara, nyaeta jalma nu
kurang saeundan jeung jalma nu purah jajaluk. Sanajan puluhan taun hirup di
pasar tetep we manehna teu dibaju, jeung susah. Saurang deui nyeta tukang majeg
alias preman pasar, manehna mah moal beunghar- beunghar da meunang rezekina ku
cara nu teu halal jeung kakesangan.
Kadua,
Ulah sare deui mun seug geus sholat Subuh. Nu alus mah, mitembian poe teh ku
solat Tahajud jeung sholat Subuh. Pasti urang bakal jadi jalma anu rancingeus
dina migawe sagala rupa pagawean. Beda deui jeung jalma anu biasa hudangna
beurang, solatna ge solat subrang (subuhna beurang) manehna mah nyanghareupan
beurang teh siga nu leuleus, lungse, letoy, lemah, letih, lesu, lungleng, nu
kadituna jadi lieur, linglung teu puguh naon nu kudu dipigawe.
Katilu, Kudu jujur. Kajujuran modal utama dina usaha naon
bae oge. Rasulullah shalallahu ‘alaihi wassalam ngadawuh:
“Panghade-
hadena usaha, nyaeta usaha leungeun pagawe mun seug manehna jujur”. (HR.
Ahmad)
Kaopat,
Kudu nu halal.
Carana kudu anu saluyu jeung sareat Islam, barangna nu halal jeung tempat
ngajalankeun usahana anu lepas tina kama’siatan jeung kamusyrikan. Rasulullah
shalallahu ‘alaihi
wassalam ngadawuh:
“Manusa
nu bakal ngarasa kacida pisan kaduhung dina poe kiamat nyaeta hiji jalma anu
meunang untung tina anu haram nepika asupna kana naraka”. (HR.
Bukhari)
Kalima,
Wirausaha.
Usaha anu mandiri, anu sagala prak- prakanana diatur ku urang sorangan. Dina
diri urang kudu tumuwuh mental wirausaha anu kuat. Sabab, wirausaha mah boga
peluang pikeun mukakeun lapangan pagawean anu loba keur masyarakat.
Kagenep, Ulah
ku cara jajaluk. Neangan rezeki nu alus teh nyaeta ulah ku jalan jajaluk
atawa baramaen, ngandelkeun tina barang penta ka batur. Ibnu Umar radhiallahu ‘anhu nyarios: Nabi Shalallahu ‘alaihi wassalam ngadawuh: “Salah saurang
di antara maraneh teh salawasna menta- menta nepika manehna manehna nyanghareup
ka Allah, sedengkeun dina beungeutna euweuh sesa sakeureut daging”. (HR.
Bukhari jeung Muslim)
Pamungkas
tina ieu seratan, mudah- mudahan urang sadaya salaku pamingpin di kulawarga
tiasa ngajaga bojo sareng katurunan urang tina tuangeun sareng anggoeun anu
haram, sangkan disalametkeun tina seuneu naraka. Dugika cita- cita urang gaduh katurunan
nu janten generasi anu robbani sareng Qur’ani, nu bakal neraskeun tapak lacak
perjuangan urang tiasa ngawujud. Cag ah.