Minggu, 08 Februari 2015

FUNGSI IMAH PIKEUN MUSLIM

 







FUNGSI IMAH PIKEUN MUSLIM
Ku : Rahmat Taufik Hidayat
(Dalang Wayang Da’wah)







Fungsi imah pikeun jalma mu’min lain ngan saukur ngabogaan fungsi biologis wungkul, tapi kudu ngabogaan fungsi religi jeung edukasi. Diantara fungsi imah pikeun kulawarga muslim, nyaeta :

  1. Terminal
Imah teh lir ibarat terminal tempat kumpul, kaluar jeung asupna sakabeh kandaraan ti sababaraha jurusan anu beda. Sadaya anggahota kulawarga karumpul, indit jeung marulang teh kudu ka imah, ulah kamanda mendi. Misalna: bapana balik ka babaturan kantorna, indungna ka babaturan arisanana, jeung barudakna baralik ka imah babaturanana. Imah mah cul we diantep kosong, paling- paling aya badega upama dinu beunghar mah.
  1. Masjid
Imah kudu difungsikeun saperti masjid, nyaeta digunakeun pikeun ngalaksanakeun shalat fardhu pikeun awewe jaeung shalat sunnat pikeun lalaki.  Maca Al-Quran, dzikir jeung ngadu’a ka Gusti Alloh. Ulah imah teh sina poek tina cahaya Ilahi, sepi tina sora nu maca Al-Quran. Simpe tina dzikir jeung du’a.
  1. Sakola
Imah ngabogaan fungsi edukasi pikeun anggahota kulawarga khusna pikeun nu jadi budak. Naon nu ditingalikeun ku kolot jeung naon nu disadiakeun di imah kudu ngandung unsur tarbiyah atawa pendidikan. Contona: ucapan- ucapanana anu jauh tina bahasa kasar, cawokah, jorang, bohong, finah, namimah jeung gibah. Kaset, film, CD/DVD anu islami, hiasan jeung gambar- gambarna kudu nu ngandung pendidikan.
  1. Perpustakaan
Urang sabisa- bisa nyadiakeun bahan bacaeun di imah, sangkan kabiasaan resep maca tumuwuh ti leuleutik. Barudak ti leuleutik kudu geus diwanohkeun jeung buku, ngarah dekeut- layeut nepi kadewasa. Lain di wanohkeunana kana hal- hal anu kurangmere mangfaat saperti maen game atawa FS. Akibatna rea budak anu katungkulkeun ku maen game cul kana digawe cul kana diajar.
  1. Taman
Ieu mah tangtuna dina masalah kumaha ngatur posisi jeung eusi imah sangakan matak betah, merenah tur tumaninah sakabeh pangeusi imah. Bapana gura- giru mun balik ti pagawean hayang langsung ka imah, rek reureuh diimah. Barudak dimana geus mulang ti sakola, maranehna buru- buru balik ka imah. Lain ngan dina masalah fisik wungkul tapi dina masalah jiwa. Hubungan keluarga anu harmonis, anu pinuh ku mawaddah tur warohmah anu mawa kana sakinah.
Kudu kabita ku kasauran Rosululloh saw: baitii jannatii ‘imah kaula syurga kaula’. Imah rek dijadikeun syurga atawa naraka teh nya  ku urang lain ku batur, ku suami istri atawa pangeusi imah lianna. Naha imahrek disurgakeun atawa dinarakakeun? Eta gumantung kana pilihan urang  masing- masing.

Imah ulah ngan saukur difungsikeun pikeun :

  1. Hotel atawa tempat sare wungkul
Sapopoe teh ngan sare jeung sare we teu aya deui kagiatan. Katarajang panyakit tumor ‘tukang molor’ jeung jahe ‘jago hees’. Ceuk si Cepot mah, ti peuting teu daek nyaring ti beurang teu daek hudang, ngaguher we kerek nyegrek.
  1. Restoran atawa tempat ngolah kadaharan wungkul
Ieu mah biasana kaum hawa, ti isuk jedur nepi ka sore jeder masak we terus teu reureuh- reureuh. Sagala di pasak sagala diolah, nu kadang- kadang dina hiji waktuna mah sok mubadzir ka piceun. Biasana ibu- ibu mah paling riweuh na dina bulan Romadhon, komo mun seug rek lebaran mah riweuh pisan.
  1. Bioskop atawa tempat hiburan wungkul
Imah ngan saukur dijadikeun tempat hiburan wungkul, nepika aya anekdot yen ibu- ibu teh boga gawe jadi perumtel, nyaeta penunggu rumah dan televisi. Beurang jeung peuting na teh dibeakeun keur molototan sinetron we jeung lalaguan. Matak wajar mun seug ti mimiti budak nepika kolot nu apal katalar teh artis we jeung lalakon sinetron. Mun ditanya pelajaran sakola atawa hail ti pangaosan mah lebeng we, barhobeh, ari bubar poho kabeh.
  1. Swalayan atawa tempat majang barang- barang mewah wungkul
Geus lumrah di saban imah, asa teu sampurna mun seug dijero imah teu dipapaesan ku barang- barang anu mewah atawa barang antik. Anu hargana ge geus tangtu mahal. Lain teu meunang atawa goreng, ngan ulah jadihal anu pokok we, nepi  ka teu diperhatikeun hade gorengna keur pendidikan barudak.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...