Minggu, 08 Februari 2015

AYAT-AYAT CINTA

AYAT-AYAT CINTA
Ku  Rahmat Taufik Hidayat,
Dalang Wayang Da’wah







Bagja temen mun seug urang jadi jalma anu miboga rasa cinta anu kacida kuatna ka Allah jeung teu resep kana kakufuran jeung kadorakaan. Sakumaha dawuhan Allah SWT:
Jeung masing nyaraho yen di antara maraneh teh aya Rasulullah, upama maranehna nurut kana kahayang maraneh dina kalolobaanana perkara, tanwande baris nyusahkeun maraneh, tapi Allah ngajadikeun maraneh micinta iman, jeung Anjeunna mapaeskeunana dina hate maraneh, sarta Anjeunna ngajadikeun maraneh ngewa kana kakupuran, jeung kana kapasekan jeung kana doraka; nya maranehna anu meunang pituduh. (QS. Al-Hujurat: 7)

Dina sababaraha ayat dina Al-Quran dijelaskeun saha bae jalma anu dipicinta ku Allah SWT. Diantarana bae:
Kahiji, Jalma anu jihad di jalan Allah.
Allah ngadawuh:
Saestuna Allah micinta ka jalma- jalma anu perang dina jalan- Na kalawan ngabaris lir hiji benteng anu tohaga. (QS. Ash-Shaff: 4)

Kadua, Jalma anu sabar.
Allah ngadawuh:
Jeung Allah teh micinta jalma- jalma anu salabar. (QS. Ali Imran: 146)

Katilu, Jalma anu ngalampahkeun kahadean.
Allah ngadawuh:
Saenyana Allah micinta jalma- jalma anu ngalampahkeun kahadean. (QS. Al-Maidah: 13)

Kaopat, Jalma anu adil.
Allah ngadawuh:
Saestuna Allah micinta jalma- jalma anu ngajalankeun kaadilan. (QS. Al-Maidah: 42)
kalima, Jalma anu tawekal.
Allah ngadawuh:
Saenyana Allah micinta jalma- jalma anu tawekal. (QS. Ali Imran: 159)

Kagenep, Jalma anu berseka.
Allah ngadawuh:
Jeung Allah micinta jalma- jalma anu berseka. (QS. At- Taubah: 108)

Sarta dina sababaraha ayat dijelaskeun ngeunaan jalma- jalma anu Allah teu micinta ka maranehna, diantarana:
Hiji, Jalma anu ngaliwatan wates-wangen.
Allah ngadawuh:
Yeuh  bani Adam! geura pake pakean maraneh anu harade saban- saban salat, jeung pek geura dalahar, geura ngarinum, tapi ulah ngaliwatan wates-wangen, karana saestuna Allah henteu micinta jalma- jalma anu ngaliwatan wates-wangen. (QS. Al-Araf: 31)

Dua, Jalma anu takabur.
Allah ngadawuh:
Saestuna Allah henteu micinta jalma- jalma anu takabur. (An- Nahl: 23)

Tilu, Jalma anu resep gedebul gede rahul.
Allah ngadawuh:
Saenyana Allah henteu micinta jalma- jalma anu bedegong lampahna jeung anu gedebul omongna. (QS. An-Nisa:36)

Opat, Jalma anu darolim.
Allah ngadawuh:
jeung Allah henteu micinta jalma- jalma anu darolim. (QS. Ali Imran:  57)

Lima, Jalma nu sok nimbulkeun karuksakkan.
Allah nagdawuh:
jeung Allah henteu mikaresep jalma- jalma anu nimbulkeun karuksakan. (QS.Al-Maidah: 64)


Genep, jalma nu hianat.
Allah ngadawuh:
Karana saestuna Allah henteu mikaresep jalma- jalma anu hianat. (QS. Al-Anfal: 58)


Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...