Ku Rahmat Taufik Hidayat
Waktu salawasna anyar.
Waktu mah tara aya anu sarua, salawasna pasti waktu anu
weuteuh, waktu anyar. Poe nu ayeuna teh lain poe nu kamari. Minggu nu ayeuna
lain minggu nu kamari. Bulan nu ayeuna lain bulan nu kamari, jeung taun nu
ayeuna lain taun nu kamari. Pon kitu deui detik jeung menit nu ayeuna lain
detik jeung menit nu geus kaliwat.
Rasulullah saw ngadawuh, yen waktu teh nyarita kieu,
“Yeuh anak incu Adam, kuring teh makhluk anu anyar,
nyaksi amal anjeun, nya geura prak neangan bekel ti diri kuring
(ngamangpaatkeun jeung ngeusian kuring) ku amal saleh, kulantaran saestuna
kuring moal balik deui nepika poe Kiamat.” (Khuluqul-Muslim: 279)
Waktu anu urang nyaeta waktu anu ku urang geus kaeusian jeung
kamangpaatkeun kuer migawe mangpirang-pirang amal saleh. Urang satekah polah
bajoang sangkan tiap waktu nu dipaparinkeun ku Allah teh tiasa kamangpaatkeun
kalawan sahade-hadena. Malah urang barat mah pan boga prinsip, the time is
money, waktu teh nyaeta duit. Pon kitu deui para ulama nyaurkeun, hayatuna
kulluha ibadah, hirup abdi sadaya teh nyaeta ibadah.
Pertanggung jawaban ngeunaan waktu
Jaga dina poe kiamat sadaya jalma bakal dipenta balitungan
ngeunaan waktu salila hirupna di dunya. Tiap manusa bakal ditanya ku opat
pertanyaan: Kahiji, ditanya ngeunaan umur. Dipake naon jeung dibeakeun
keur naon eta umur teh. Naha eta umur teh digunakeun keur migawa
mangpirang-pirang amal saleh atawa sabalikna beak ku amal salah.
Kadua, ditanya ngeunaan elmu nu dipimilikna. Naha elmu nu nyampak
dina dirina teh diamalkeun jeung diajarkeun atawa henteu. Naha elmu nu
dipimilikna teh mere mangpaat anu sagede-gedena keur kamaslahatan kahirupan
manusa atawa sabalikna ngadon dipake keur kamadhorotan wungkul. Katilu,
ngeunaan hartana, timana eta harta diraihna jeung kamana eta hartana
dibalanjakeunana. Kaopat, tina hal awakna dipake naon nepika ripuhna.
Rasulullah saw ngadawuh,
“Moal waka ngalengkah dua dampal suku hiji jalma dina
poe kiamat sahingga bakal ditanya heula ngeunaan umurna dina naon dibeakeunana,
ngeunaan elmuna: naon nu geus ku manehna dilampahkeun, ngeunaan hartana timana
eta harta dipimilik jeung kana naon diinfakeunana, ngeunaan jasadna dina naon
manehna ngagunakeunana nepika ripuh (lemah).” (Sunan At-Tirmidzi, IV: 188 No.
2425)
Nu Panghadena amal
Dina masalah waktu jalma kabagi dua golongan, nyaeta jalma
anu untung jeung jalma anu rugi. Nu untung nyaeta jalma anu ngeusian waktuna ku
rupa-rupa amal hade. Jeung sabalikna jalma anu rugi nyaeta jalma ngeusian
waktuna ku amal-amal goreng. Jalma anu panghadena teh nyaeta jalma anu panjang
umurna bari hade amalna. Nya jalma anu paggorengna mah geus jelas, jalma anu
panjang umurna bari goreng amalna. Sakumaha di hadits diuningakeun,
Ti Abu Bakrah, saestuna saurang pameget kantos tumaros: “Ya
Rasulullah, manusa anu mana anu panghadena?” Rasul ngawaaler: ‘Jalma anu
panjang umurna bari hade amalna’. (eta pameget) tumaros deui: ‘manusa anu mana
anu panggorengna?’ Rasul ngawaler:’ jalma anu panjang umurna bari goreng
amalna.” (Sunan at-Tirmidzi, IV: 148 no. 2337)
Ulah Ngaengke-engke migawe amal
Dina migawe amal hade mah ulah diengke-engke atawa
dilolomorekeun. Migawe amal hade mah kudu gancang dilakukeun nalika aya peluang
pikeun migawena. Dina hiji hadits diuningakeun,
Ti Abdullah bin Umar r.a. nyarios: “Rasulullah saw.
nyepengan punduk simkuring, lajeng ngadawuh: “ Jadi anjeun di dunya saperti
anjeun teh jalma asing (nu bubuara) atawa musafir”. Ibnu Umar nyarios: “Mun
seug anjeun asup waktu sore, poma anjeun ulah ngadagoan waktu isuk-isuk, jeung
mun anjeun asup waktu isuk-isuk, poma anjeun ulah ngadagoan waktu sore, tapi
prak gunakeun (kasempetan) tina sehat anjeun pikeun (waktu) sakit anjeun, jeung
tina hirup anjeun pikeun maot anjeun.” (Shahih Al-Bukhari, IV: 134 no.
6416)