Minggu, 08 Februari 2015

SAKOLA MURAH BERKUALITAS

Sakola Murah Berkualitas
Ku Rahmat Taufik Hidayat




Simkuring boga budak nu kahiji, ayeuna teh keur sakola di TK A. Kadang-kadang simkuring sok ngahuleng ngaraga meneng, mikiran mangsa ka hareup keur budak. Mangsa nalika geus tamat ti TK tea. Ari cita-cita mah hayang nyakolakeun budak teh ngarah seteril tina pangaruh goreng pergaulan di masyarakat. Budak teh hayang diasupkeun ka sakola anu nerapkeun sistem boarding school atawa full day school.
Ngan kuring rada ragu, naha kuring mampu nyakolakeun budak ka sakola berkualitas atawa unggulan? Sabab, ngukur kana kamampuhan diri dina bagbagan ekonomi nu batan sakieu. Ari biaya sakola atawa daftar jeung bulanan di sakola unggulan teh sakitu mahalna. Rek asup ka SD boarding school teh biaya awalna 10 juta, mun ka full day schoolna 8 juta.
Kuringa rumahuh, mun ekonomi teu aya peningkatan, geus pasti we moal bisa nyakolakeun budak ka boarding school atawa full day school teh. Kuring nu boga budak karek hiji ge geus bingung, komo nu geus boga budak sababara hiji. Nu rek ka TK unggulan, SD unggulan, SMP unggulan, jeung ka SMA unggulan. Memang sakola-sakola unggulan teh bisa ngaran lembagana mah pasantren. Ngan nyakitu dina biayana, moal kabedag ku jalma leutik. Malah asupna ge pan kudu ngaliwatan seleksi.
Memang kuring ngamafhum, yen keur ngadidik budak sangkan pinter jeung soleh teh perlu biaya. Biaya anu teu saeutik. Tapi, atuh moal aya pemerataan meureun dina usaha mencerdaskan bangsa jeung umat teh. Ngan jalma-jalma ti kalangan umat Islam anu boga kamampuhan wungkul nu bisa sakola di sakola Islam anu unggul teh. Anu sawarehna, anu kalolobaanana geus pasti asup ka sakola-sakola biasa. Malah sawarehna mah pasti milih teu sakola jeung teu nuluykeun sakola, da teu boga biaya.
Kuring rada bingung, sanajan budak kuring sataun deui di TK-na teh. Sabab, sieun kuring teu bisa nyakolakeun budak di sakola Islam unggulan. Komo bari kuring boga cita-cita budak teh hayang jadi hafizh Qur’an. Sangkan teu siga kuring, nepika ayeuna can jadi hafizh Qur’an. Kakarek apal sababaraha juz jeung ayat-ayat pilihan we. Memang diajar budak teh bisa di imah, diajar ku indungna atawa ku bapana. Ngan pan realitana gening jarang nu mulus mun diajar ku kolotna mah, sanajan bapana atawa indungna guru oge. Jadi nu leuwih hade mah diajar budak teh ku batur. Lain hartina ku kolotna diculkeun, ngan dina hal-hal anu memang kolotna teu mibanda kompetensi kaelmuan wungkul.
Ku ningali kondisi sarupa kitu, ahirna muncul kahayang jeung cita-cita. Dina mangsa nu bakal datang, mun diparengkeun jadi jalma nu jembar rezeki. Rek ngawangun sakola Islam nu berkualitas bari murah alias kahontal ku sakabeh kalangan masarakat. Rek nu beunghar rek nu miskin, kabehanana bisa sakola di ieu sakola. Sabab, dina pendidikan ulah aya diskriminasi. Ulah aya jurang pamisah anu lega antara si miskin jeung si kaya.
Insya Allah di eta sakola biaya keur nu teu mampuh 100% gratis, kajaba nu mampuh kudu mayar ngan diluyukeun jeung kamampuhanana. Istilahna mah subsidi silang tea. Nu mampuh mantuan teu mampuh atawa nu kurang mampuh. Bagja kacida mun ieu cita-cita bisa ngawujud. Jalma nu siga kuring moal bingung nu teu manggih tungtung moal susah nu taya sudana. Tinggal daftar, tinggal asup, tinggal diajar nu soson-soson. Kaluar ti pasantren jadi ulama.
Peuperiheun dina widang ekonomi atuh, Jawa Barat Jawa Timur, nu malarat-malarat nu ma’mur-ma’mur. Cing atuh dina widang pendidikan mah kudu rata, karasa ku sarerea. Sabab, hirup di dunya teh lain jalma nu beunghar wungkul, tapi aya jalma miskin.
Oge ieu kaayaan teh kudu jadi panggeuing pikeun jalma-jalma nau beunghar sangkan peduli ka dhuafa. Mibanda kepedulian sosial ka kelompok anu miskin. Ku cara mere bantuan biaya pendidikan nu disebut bea siswa atawa bea santri. Hiji jalma beunghar bisa nyakolakeun sababaraha budak ti jalma-jalma anu miskin. Sahingga, jalma beunghar meunang kahdean anu pangpikul-pikul. Kahadean tina nyakolakeun budakna sorangan, jeung kahadean tina nyakolakeun budak batur.
Sakola murah berkualitas bisa ngawujud, mun seug jalma-jalma beunghar siap berbagi. Siap nulungan jalma-jalma anu teu mampuh nyakolakeun budak, bari hayang boga budak anu pinter tur soleh. Boga budak anu waladun shalihun.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...