Ku Rahmat Taufik Hidayat
Baheula kuring sok ngajajap nu jadi
lanceuk a Andang Kusnadi mawa barang ka pasar Banjaran. Barang dagangan nu rek
dijual teh nyaeta bawang daun. Lanceuk kuring mimiti jual meuli di pasar
Banjaran teh tara mawa barang loba, paling ngan satanggungan. Kuring harita
keur sakola di SD. Biasa sok maturan nu jadi lanceuk ka pasar, karunya euweuh
batur. Indit ka pasar teh sok jam sabelas peuting.
Ti jam sabelas peuting mimitina
lanceuk kuring ngalakukeun kagiatan jual meuli. Jam dua belas peuting mimiti
neundeun barang di sababaraha jongko anu geus pesen sangkan dititipan bawang
daun. Geus rengse ngabagikeun bawang daun, biasana lanceuk kuring sok ngajak
dahar, aya nasi goreng, aya martabak, aya oge nasi rames. Geus dieusian
beuteung biasana kuring jeung lanceuk kuring tuluy gogoleran dina jongko anu
nutup nepika subuh, nepika ngongna sora adzan Subuh di masjid jeung di mushala.
Beres Solat Subuh lanceuk kuring
biasana nagihan ka langganan nepika jam genep isuk-isuk. Rengse nagihan mah
kakara lanceuk kuring ngajak balik ka kuring. Geus di lembur lanceuk kuring
tuluy indit deui neang bawang alaeun atawa neangan deui bawang beulieun. Kitu
jeung kitu pagaweanan saban poe, saban minggu, jeung saban bulan. Harita mimiti
ka pasar taun 1994 nepika ayeuna taun 2014.
Ti mimiti ditanggung satanggungan,
tuluy make motor CB, ningkat kana Shogun, tuluy ningkat kana mobil dolak Hijet
beureum, tuluy kabehdieunakeun mah kana dolak Mitsubishi hideung. Mobil dolak
mah ti mimiti make nu batur nepika ngiridit sorangan nepika punahna.
Tina kagiatan usaha lanceuk kuring
tadi aya sababaraha perkara nu ku kuring dijadikeun pangajaran dina bagbagan
usaha jeung neangan rezeki, diantarana nyaeta:
1.
Usaha mah
kudu ngorbankeun waktu jeung tanaga.
2.
Usaha mah nu
leuwih alus di na waktu subuh.
3.
Usaha mah nu
leuwih gede dina widang jual meuli, diantarana di pasar.
4.
Usaha mah
kudu nikreuh ngeureuyeuh sanajan nepika bareuh.
5.
Usaha mah
ulah resep gunta-genti usaha, hiji tapi tuluy digarap nepika kapetik hasilna
kaala buahna.
6.
Usaha mah
prosesna kudu satahap-satahap ulah hayang sakaligus sakali jadi.
7.
Usaha mah
kudu siap untung jeung kudu siap rugi.
8.
Usaha mah
ulah penggas pangharepan. Tapi kudu terus-terusan sumanget.
9.
Dina usaha
mah kudu yakin yen usaha teh bagian tina ibadah ka Allah.
10.
Capena jalma
anu usaha teh bakal dibales ku pangampura Allah.
11.
Jalma nu
usaha bari teu leupas tina ibadah salawasna bakal meunang kauntungan.
12.
Jalma anu
usahana maju bari cul ibadah mah ngan meunang kauntungan duniawi wungkul,
sementara aheratna mah cilaka.
13.
Nu dagang
jujur pasti bakal salawasna aya dina kahadean jeung kabarokahan.
14.
Jalma nu tara
daek hudang subuh jauh tina kabarokahan jeung kajembaran rezeki.
15.
Waktu subuh
teh waktu anu pinuh ku kabarokahan. Anu ngan saukur jalma-jalma anu resep
hudang jeung ngeusianana ku usaha jeung ibadah ka Allah nu bakal bisa
ngaraihna.
16.
Jalma nu
salawasna hirup susah sanajan cicing di pasar nyaeta jalma-jalma anu mibanda
sifat pangedulan. Hirup hayang ngeunah bari embung usaha, embung cape digawe.
Atawa hirupna ngan saukur ngandelkeun tina majeg jeung meres kesang batur alias
preman pasar.
Cag ah baraya. Wallahu a’lam
bishowab.