Ku Rahmat TaufikHidayat
Minimal aya
opat pangajaran tina kisah Nabi Ibrahim Alaihis salam jeung kulawargana.
Pangajaran
kahiji, Hade sangka ka Allah.
Sikep hade
sangkana Nabi Ibrahim jeung kulawargana katingali tina lalampahan kahirupanana.
Dina hiji mangsa Nabi Ibrahim ngorejat hudang ngadadak tina kulemna. Ujug-ujug
anjeunna marentahkeun ka istrina Siti Hajar pikeun nyiapkeun lalampahan bari
nyandak putrana. Siti Hajar enggal siap-siap kange nempuh lalampahan anu tebih.
Dina mangsa harita nabi Ismail msih keneh orok sareng can diporotkeun. Ibrahim
alaihis salam ngalengkahkeun sampeanana mapay-mapay bumi anu pinuh ku
tatangkalan jeung jujukutan, tug dugika dugi ka wewengkon anu sebut padang
sahara. Anjeunna teras mapah dugika ngahontal pagunungan, teras lebet ka daerah
jazirah Arab. Ibrahim nuju ka hiji lengkob anu teu dipinuhan ku pepelakan, teu
aya bubuahan, teu aya tatangklan, teu aya katuangan, teu aya leueuteun, tempat
eta nuduhkeun teu ayana kahirupan dijerona.
Di tempat
eta anjeunna lungsur tina tonggong tungganganana, teras ngalungsurkeun istri
sareng putrana. Saparantosna eta tanpa aya ucap anu kaluar tina bahamna,
anjeunna ngantunkeun istri sareng putrana didinya. Aranjeunna duaan mungsaukur
dibekelan sakantong katuangan sareng sakedik cai anu moal cekap kange dua
dinten. Saparantosna ningal ka kenca sareng ka katuhu, anjeunna ngalengkah
ngantunkeun eta tempat.
Tangtos wae
Siti Hajar kaget diperlakukeun sapertos kitu, anjeunna nuturkeun carogena
tipengker sambil tumaros, “Bade angkat ka mana salira? Naha salira bade
ngantunkeun abdi duaan di ieu lengkob anu teu aya nanaon pisan?” Ibrahim
alaihis salam teu ngawaler patarosan istrina. Anjeunna teras we mapah. Siti
Hajar tumaros deui, ngauihan patarosanana, tapi Ibrahim alaihis salam tetep
bungkem. Ahirna mah Siti Hajar paham yen carogena angkat sanes kualatan kahoyongna nyalira.
Anjeunna ngartos yen Allah maparin parentah ka carogena kange angkat. Nya
anjeunna teras tumaros, “Naha Allah anu marentahkeun salira sangkan angkat
ngantunkeun abdi duaan?” Ibrahim alais salam ngawaler, “leres”. Lajeng istri
anu solehah dan iman eta nyarios, “abdi duaan moal kamomorekeun salami Allah
nyarengan. AnjeunNa anu parantos marentahkeun salira angkat. Teras Ibrahim
alais salam mapah ngantunkeun istri sareng putrana.
Tingal,
kumaha nabi Ibrahim alaihis salam sareng Siti Hajar, mampuh hade sangka
(khusnuzhan) ka Allah swt. Aranjeunna yakin yen salami aranjeunna salawasna
sareng Allah, tangtos Allah moal nyangsarakeun aranjeunna, moal aya anu bisa
nyilakakeun aranjeunna.
Mun seug
dititenan, loba pisan jalma anu prustasi dina kahirupan ieu atawa lobana manusa
anu sangsara lain alatan saeutikna ni’mat anu dipaparinkeun ku Allah ka
maranehna. Tapi, kulantaran saeutikna husnuzhan (hade sangka) kana kasaean
Allah. Padahal ni’mat anu Allah paparinkeun langkung seueur tibatan siksaNA.
Manusa wajib
husnuzhan ka Allah, kumaha wae kaayaanana. Allah bakal maparin katangtosan ka
hambaNa saluyu sareng sangkaan hambaNa. Nalika hamba sae sangka ka Allah, nya
Allah bakal maparinan kaputusan anu sae keur eta hamba. Nalika hamba goreng
sangka ka Allah, ngandung harti manehna mikahayang kaputusan anu goreng ti
Allah pikeun manehna. Allah moal nyapirakeun harepan hambaNa anu hade sangka ka
Anjeunna.
Pangajaran
kadua, Neangan rezeki anu halal.
Saparantosna
Ibrahim alaihis salam ngantunkeun istri sareng putrana pikeun mulih neraskeun
perjuanganana dakwah kana ajaran Allah. Siti Hajar maparinan cai susu ka
putrana Ismail, samentawis anjeunna nyalira ngawitan ngaraos hanaang. Panas
panon poe dina waktos harita nyeletet pisan dugika karaosna kacida pisan
ngagaringkeun tikoro. Saparantos dua dinten, cai anu dihandap seep, cai susuna oge garing.
Siti Hajar sareng Ismail ngawitan halabhab, hanaang. Dina waktu anu marengan,
katuangan oge sami seep, kahariwang sareng kabingung mimiti ngolebat dina
bayangan Siti Hajar.
Ismail ngawitan nangis kumargi hanaang ku cai. Teras Siti Hajar
ngantunkeun Ismail nyalira, margi anjeunna bade milarian cai kange ngaleueut.
Kalayan lumpat laun anjeunna dugi di pasir Shafa. Teras anjeunna naek ka luhur
pasir eta. Dua dampal pananganana dina taarna kange nutupan soca tina cahaya
panon poe, teras anjeunna ngareret kaditu kadieu, milari sumur, manusa, kafilah
atanapi berita. Mung hanjakal soca anjeunna teu ningalan naon-naon. Nya
anjeunna enggal lungsur ti pasir Shafa bari lulumpatan bras anjog ka pasir
Marwa. Anjeunna naek ka luhur pasir eta, pangemutna susuganan ti dinya tiasa
katingal aya jalmi. Tapi nya kitu, teu aya saurang-urang acan anu ngulampreng
di eta patempatan.
Siti Hajar lungsur di pasir Marwa maksad ningal putrana, Ismail.
Anjeunna menakan Ismail teras-terasan nangis. Katingalna si kasep teh leres-leres hanaangna. Ningal tuang putrana sapertos kitu, bari bingung anjeunna mulih
deui ka pasir Shafa beri teras naek ka luhurna. Ti dinya teras ka Marwa bari
naek deui ka luhurna. Siti Hajar bulak-balik antara dua pasir, Shafa sareng
Marwa, sajumlah tujuh kali.
Pangajaran
katilu, Kurban pikeun Allah swt.
Nalika
Ismail tumuwuh dewasa, hate Ibrahim alaihis salam kalintang pisan kuat cintana
ka ingkang putra, Ismail. Teu matak heran, margi Ismail lahir nalika yuswa
Ibrahim tos sepuh. Eta nu jadi cukang lantaran anjeunna kalintang pisan cinta
asihna. Mung Allah ngamaksad nguji kacintaan Ibrahim alaihis salam ku mangrupa
ujian anu tohaga nu disababkeun cintana eta. Allah swt ngadawuh,
“Nya
barang manehna sawawa usaha bareng jeung bapana, pok manehna nyarita: “Yeuh
anaking! Saestuna ama nenjo dina impian, ama rek meuncit hidep. Cing pikiran,
kumaha putusan hidep?” Manehna ngajawab: Nun ama, mangga lakonan saniskanten
anu diparentahkeun ka ama teh, ama bakal mendakan kaayaan abdi insya Allah jadi
ti antawis jalmi-jalmi anu salabar.” (QS. Ash-Shaaffat: 102)
Tiasa
dibayangkeun pisakumahaeun paraosan Ibrahim pacampur aduk dina waktos harita. Salah
kacida mun seug aya anu nyangka yen teu aya perang batin dina diri Ibrahim
alahis salam dina watu harita. Teu mungkin ujian nu sakitu gedena teu nyababkeun
ayana perang batin. Ibrahim ngemut, “Naha?” Tapi Ibrahim alaihis salam miceun
jauh-jauh pikiran sarupa kitu. Lain Ibrahim ngaranna mun seug anjeunna tumanya
masalah eta ka Allah “Naha?” atanapi “Kulantaran naon?”. Margi jalmi anu
mikacinta moal tumanya naha? Ibrahim mung saukur ngemut ngenaan putrana, naon
anu kudu dikedalkeun ka putra Ismail. Nalika harita anjeunna ngagolerkeun
Ismail dina taneuh piekun dipeuncit.
Ibrahim nyandak
kaputusan nu pangsaena, nyaeta anjeunna nyarios jujur kalayan leuleuy, leuleus
jeujeur liat tali ka putra, tinimbang kudu langsung meuncit kalawan paksa.
Tingal
kapasrahan sareng pangurbanan Ismail sareng ramana Ibrahim, aranjeunna paboro-boro
pikeun ngaraih cinta Allah. Aranjeunna papayun-payun ngaraih kaasih kadeudeuh
Allah. Sanajan anu dikorbankeun teh diri Ismail.
Pangajaran
kaopat, Ngadidik kulawarga.
Nabi Ismail moal jadi putra anu
sabaran mun seug henteu boga bekel atikan sareng didikan ibuna Siti Hajar. Nya
kitu Siti Hajar ge moal mibanda jiwa anu sabar mun seug henteu didik ku nabi
Ibrahim alaihis salam. Pon kitu deui
nabi Ibrahim alaihis salam moal mibanda kasabaran anu kacida wewegna mun teu
dididik ku Allah ngalangkungan perantawisan wahyuNa.
Hiji budak anu di mangsa tumuwuhna
kacida pisan ngabutuhkeun pisan proses anu panjang. Nya posisi kolot dina
ngabentuk laku jeung ahlak anu hade kacida pisan dibutuhkeun. Perhatian nu gede
jadi tanggungan nu jadi kolot ti mimiti waktu ngandung, ngalahirkeun nepika
mangsa dewasa.
Kusabab jalma anu teu daek
merhatikeun pendidikan anak dianggap jalma anu ngahianat kana amanah ti Allah.
Sabagian ahli elmu nguningakeun yen Allah swt dina dinten kiyamah engke satiap
kolot bakal dipenta pertanggungjawaban ngenaan lakuna ka anu jadi anakna.