Ku
Rahmat Taufik Hidayat
Salah
saurang guru kuring dina hiji waktu kungsi mere papagah ka kuring, “anjeun bisa
tetep cicing di hiji lembaga lamun seug di eta lembaga teh bisa kacumponan tilu
hal; kahiji, maisyah. Kadua, da’wah. Jeung katilu, bisa ngembangkeun diri. Mun
seug di eta tempat minimal aya hiji we, nya teruskeun we cicing di dinya. Tapi,
lamun teu bisa hiji-hiji acan mah nya atuh leuwih hade pindah tea”.
Eta nasehat
guru kuring dicekel pageuh ku kuring nepika ayeuna. Hartina, mun kuring aya di
hiji tempat masih aya mangfaat nu bisa karaih mah kuring tangtu moal incah
balilahan. Moal hejo tihang, pipindahahan pagawean. Mun di luar pagawean mah
kuring moal jadi kutu luncat. Pipindahan ti hiji ormas ka ormas sejen, ti hiji
partey ka partey sejen. Ti hiji yayasan ka yayasan sejen. Sabab, laku kutu
luncat teh moal ngadatangkeun kahadean keur diri kuring jeung umat.
Tilu hal nu
dipapagahkeun ku guru kuring tea teh memang enya. Kahiji, kacumponan masalah
maisyah atawa nafkah. Dina masalah gede jeung leutikna nu ngaranna panghasilan
mah eta relatif. Hiji jalma jeung jalma anu sejenna teu bisa sarua jeung disaruakeun.
Sabab eta
mah patali jeung masalah hate. Kumaha ceuk hate, ceuk hate cukup nya cukup,
ceuk hate kurang nya kurang. Sanajan panghasilan badag sagede gung Uhud ge ari
ceuk hate leutik mah nya leutik we. Sabalikna, nalika panghasilan leutik tapi
ceuk hate gede atawa cukup nya cukup. Tah nu leutik bari ceuk hate cukup teh
eta nu disebut beunghar hate.
Moal make
conta nu sejen atawa nu jauh, rek naon nu kaalaman ku diri kuring sorangan we
nu rek dipake conto. Mimiti baheula ti barang kaluar ti Madrasah Aliyah kuring
jadi guru meunang honor mimiti pisan teh 50.000,-. Padahal dina waktu harita
mun seug diteunggeul rata mah pangabutuh teh kana 150.000,-. Jelas mun
paghasilan 50.000,- teh hartina kurangna teh 100.000,- deui. Tapi, pan dina
kanyataanana mah eta pangabutuh nu sakitu teh kacumponan we. Timana? Nya ti
mana we da anu ngatur rezeki jalma mah pan lain RT, lain RW, lain Lurah, lain
Camat, lain Bupati jeung Wali Kota, lain Gubernur jeung Presiden. Tapi, Allah
subhanahu wa Ta’ala.
Nu kadua,
nyaeta da’wah. Hiji muslim bisa tetep teu incah balilahan mun seug eta lembaga
atawa eta tempat teh masih masih bisa dijadikeun sarana atawa lahan da’wah.
Jadi sanajan panghasilan leutik, tapi aya kalaluasaan pikeun ngalakukeun da’wah
mah ah tong pindah. Cicing we di dinya. Sabab bisi hanas ku urang ditinggalkeun
ari pek teh ngadon diganti ku anu ngadon da’wah kana jalan kasasaran. Atanapi paling
minim pisan nyaeta pareumna kagiatan da’wah.
Nu katilu,
nyaeta bisa ngembangkeun diri. Nalika hiji tempat bisa dijadikeun sarana keur
ngembangkeun potensi diri mah, teu kudu disingkahan. Teu kudu pindah ka nu
sejen. Anu tangtuna potensi hiji jalma beda jeung jalma anu sejen. Nu disebut
potensi didieu nyaeta hiji potensi anu mun seug dikembangkeun teh bisa jadi
hiji sumber panghasilan. Misalna kaahlian hiji jalma teh dina widang nyarita di
hareupeun umum atawa public speaking. Kudu terus diasah tug nepika kapetik
hasil kaala buahna. Ulah sumogol.
Jadi
kasimpulanana tina ieu guaran teh. Pindah jeung teu pindah ku dumasar kana
analisa atawa tinimbangan tina sisi mangpaat jeung madorotna boh keur diri boh
keur umat. Tong gurung gusuh mutuskeun pindah jeung teu pindah. Tapi, kudu asak
tinimbangan. Bisa bingung mutuskeun ku sorangan nya bisa menta bongbolongan ka
Allah jeung ka nu jadi sobat. Nya minimal nu tilu hal tadi bisa jadi bahan
pikeun mutuskeun naha rek terus cicing didinya atawa pindah.