Minggu, 08 Februari 2015

GUYANG SANGGEUS BEBERESIH

GUYANG SANGGEUS BEBERESIH
Ku Rahmat Taufik Hidayat


Dina bulan Romadhon teh tiap muslim diberesihan dirina tina sagala kokotor anu nempel dina diri. Mun komputer mah disebutna teh dican tina sagala virus nu matak ngaruksak. Virus-virus anu matak bahaya nu numpuk dina kolbu nu pasolengkrah dina manah. Sadayana diberesihan ku tarbiyah salila sabulan campleng.

Ngan hanjakal, teu sakabeh jalma bisa ngajaga kebersihan dirina sanggeus diberesihan. Da nalika kaluar tina Romadhon teh lir ibarat kuda kaluar ti gedogan. Ngarasa bebas, laluasa jeung lalugina pikeun ngalakukeun hal-hal anu matak ngotoran deui jiwana.

Geura urang titenan naon wae anu kaasup kana hal-hal anu matak ngotoran diri saba’da Romadhon teh. Dinatarana:

1.      Hiburan di maleman hiji Syawwal.Loba jalma anu ngeusian malem hiji Syawwal teh ku ngider jalan-jalan. Malah teu saeutik anu bari ngarinum nimuman keras sagala. Begadang nepika subuh. Nu antukna isukna maranehna jadi kurang sare. Waktu takbiran kalahka nundutan. Waktu khotib khutbah sarua kalahka tibra.
2.      Sasalaman jeung nu lain muhrim. Awewe jeung lalaki sasalaman silih penta hampura dosa bari ngalakukeun deui dosa.
3.      Nyeungeut pepetasan di astana. Sawarehna deui loba jalma anu ngadon ngaborong pepetasan tuluy diseungeut di kuburan.
4.      Ngembang di kuburan. Sawarehna deui aya anu mawa kembang rupa-rupa jeung cai dibotolan tuluy diceborkeun dina luhureun kuburan.
5.      Cul shalat nalika di perjalanan. Loba jalma anu cul sholat mun keur nyanyabaan. Boh inditkeun atawa balik ti panyabaan.
6.      Barang dahar sataker kebek. Pedah sagala aya, sagala hayang. Ngarasa bebas deui barang dahar beurang sanggeus sabulan teu meunang dahar beurang.
7.      Ati mungkir beungeut nyanghareup. Teu saeutik jalma nu sasalaman bari biwirna ngucapkeun menta hampura atawa mere hampura. Bari dina hatena mah anger we medenghel keuheul jeung dendam.
8.      Sok aya oge barudak ABG anu ngadon piknik bari dibarung ku ngalakukeun ma’siyat, ngalakukeun pagawean nu can meunang dilakukeun ku pasangan nu can sah jadi salaki jeung pamajikan.
9.      Sumanget deui ngalakukeun pamusyrikan jeung pabid’ahan. Loba nu ngadon zarah ka pamijahan jeung tempat-tempat sejenna.
10.  Masjid suwung deui ti nu ngalakukeun sholat, kuliah subuh jeung tadarus Al-Qur’an. Mimitina saacan Romadhon paling banter sajajar. Lolobana mah saurang deui we ketua DKM na.
11.  Nu biasa sumanget infak jeung sodakoh di bulan Romadhon, balik deui jadi lebar ngaluarkeun infak jeung sodakoh.
12.  Perilaku di saacan Romadhon jeung saeunggeus Romadhon taya bedana. Taya hasil, taya parobahan diri.
13.  Campur baur awewe jeung lalaki, sarta awewe maruka orat di tempat wisata cai panas.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...