Ieu mah
nyaritakeun bab pangalaman kuring nalika boga hutang. Caritana kieu. Taun 2015
budak kuring nu cikal, Nasrul didaftarkeun sakola ka MI Arrohmah Cikalong. Naha
ka Arrahmah Cikalong? Sabab, sangkan bisa kajajapkeun da kuring ka Al-Fithri
Cipinang. Nya, ceuk pikiran kuring sangkan teu badag di ongkos mobil, taya deui
cara iwal ti kuring kudu boga motor.
Bulan Agustus
kuring boga kahayang yen paling telat Oktober teh kudu geus kabeuli motor. Nya
direspon ku pamajikan kuring. Manehna nyiar motor make duit manehna nu hargana
3,5 juta. Alhamdulillah meunang. Motor Supra Fit nu mang Anan, tatangga jeung
dulur ti awewe.
Eta motor
dipake ku kuring ti Oktober 2015-November 2016. Desember 2016 kuring maksakeun
ngiridit motor weuteuh Honda Revo warna bodas. Naha kuring wani ngiridit?
Sabab, kuring ngarasa kauntup mayaran da boga gajih ti RZ, sakola jeung ladang
ngadalang. Sabulan nyicil motor Rp. 622.000. ngan lain nyicil motor wungkul da
bulan Mei 2017 kuring nyicil hutang ka BRI urut nyitak buku Tauhid Hasan 2
badagna Rp. 750.000,-/bulan.
Nya karasa
pisan kateter mayar hutang teh nalika:
1. Eureun gawe tina Relawan RI
RZ
2. Eureun gawe di Al-Fithri
3. Langka acara ngawayang.
Kadang sok
kapaksa nginjeuman heula keur mayar teh. Malah sok nepika telat mayar, atuh
didenda ku Adira.
Akhirna mah
akhir bulan Januari 2019 we. Ikhtiar ka sasaha nginjeum duit keur mayar
cicilan. Tilu poe ikhtiar teu hasil. Antukna tanggal 31 Januari motor dicokot
ku kolektor Adira.
Atuh isukna poe
Juma’ah 1 Februari 2019 kuring teu bisa nganteurkeun si cikal ka sakola. Kuring
ge indit ka sakola, ka Al-Jihad teh kana angkot nyubuh keneh.
Kuring nyobaan
ikhtiar nginjeuman duit ka sakola, kang Mumuh, bu Yani, pa Dani, kang Deni
Wahyudin, ka kang Nana Gerhana. Tapi, kabehanana teu bisa mantuan mere
nginjeum.
Poe Kemis
kuring jangji ka kang Nanang Adira yen siap mayar jam 5 sore. Tapi, kusabab can
hasil. Kuring menta waktu nepika jam 7. Pas am 7 kuring akhirna sumerah pasrah.
Motor kuring kudu ikhlas ngalepaskeun. Ku kuring motor dipasrahkeun ka mang
Nanang Adira. Kuring balik kana ojeg Cimaung.
Ari geus rek
kumaha deui. Memang takdir teu bisa dipungkir, kadar teu bisa disinglar. Manusa
ngan saukur boga kahayang jeung ngan darma ikhtiar. Akhir tina tiap carita
kahirupan mah mung Allah nu nangtoskeun.
Cibiana Lamajang, 01
Februari 2019 07.44