Jalma anu untung jeung anu rugi
Numutkeun Al-Qur’an:
Allah ngadawuh,
وَٱلۡعَصۡرِ
١ إِنَّ ٱلۡإِنسَٰنَ لَفِي خُسۡرٍ ٢ إِلَّا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ
ٱلصَّٰلِحَٰتِ وَتَوَاصَوۡاْ بِٱلۡحَقِّ وَتَوَاصَوۡاْ بِٱلصَّبۡرِ ٣
Hartosna:
Demi waktu. Satemenna jalma aya dina rugi. Iwal
jalma-jalma anu iman, jeung anu milampah amal soleh, jeung anu silih nasehatan
dina bebeneran jeung anu silih-nasehatan dina kasabaran. (QS. Al-‘Ashr: 1-3)
Lima nasehat Nabi:
اغتنم خمسا قبل خمس : حياتك قبل موتك, وصحتك قبل سقمك,
وفراغك قبل شغلك, وشبابك قبل هرمك, وغناك قبل فقرك. (رواه البيهقي عن ابن عباس)
Hartosna:
Gunakeun lima perkara saacan datang lima perkara sejenna,
nyeta:
1. Hirup anjeun saacan datangna maot anjeun
2. Sehat anjeun saacan datangna gering anjeun
3. Nyalse anjeun saacan datangna sibuk
4. Ngora anjeun saacan datangna kolot anjeun
5. Beunghar anjeun saacan datangna kafakiran anjeun
(HR. Baihaqi ti Ibnu ‘Abbas)
Lima pertanyaan di aherat diantarana patali jeung waktu:
لا تزول قدما
عبد ىوم القيامة حتى يسأل عن عمره فيما أفناه وعن علمه فيم فعل وعن ماله أين اكتسبه
وفيم أنفقه وعن جسمه قيم أبلاه .(رواه
الترمذي)
Hartosna:
Teu ngageser dua suku hiji hamba dina poe Kiamat sahingga
manehna ditanya ngeunaan:
1. Umurna; dina hal naon ku manehna dibeakeunana,
2. Elmuna; naon bae nu geus diamalkeun,
3. Hartana; timana meunangna jeung dina hal naon
dibeakeunana?,
4. Awakna; dina hal naon eta awak digunakeun nepika
ruksakna?
(HR. Tirmidzi)
Guaran
Sangkan urang jadi jalma anu untung nya taya deui lintang
ti kudu ngajalankeun tilu perkara:
Iman, amal saleh, jeung daek mere nasehat ka papada jalma
dina hal bebeneran jeung dina kasabaran.
Jalma nu rugi nu kumaha? Nya anu sabalikna tina nu bieu.
Nyaeta jalma anu teu iman, tara daek milampah amal saleh, jeung tara daek mere
nasehat ka nu sejen.