Kamis, 12 Maret 2020

Ngedul Ngapalkeun


“Bah, punten ngawagel”.
“Manga, aya naon?”
“Hoyong ngobrol we bah, tos lami teu ngobrol sareng abah”.
“Heu sok atuh, aya naon?”
“Naha nya bah barudak sakola ayeuna mah ngaredul diajar?”
“Nya eta kitu masalah barudak ayeuna teh,ngedul kana diajar”.
“Cing kinten-kinten tiasa diungkulan eta masalah teh bah?”
“Nya bisa wae, ngan nubakal bisa ngungkulan eta masalah lain batur tapi dirina eta budak sorangan”.
“Kumaha bae bah carana hijibudak sangkan bisa leupas tina sipat ngedul?”
“Diantarana nya kieu:
Kahiji, ayana kasadaran yen nungtut elmu nyuprih pangarti nyiar pangabisa teh lain kawajiban ti sasaha tapi ti Allah. Nu mun dilaksanakeun  bakal meunang ganjaran sabalikna mun ditinggalkeun bakal meunang siksaan.
Kadua, ngagedurkeun sumanget diajar.
Katilu, kudu ngajauhan hal-hal anu matak ngaganggu dina diajar. Nyaeta diantarana bae: HP, maen game, internet, jeung ulin nu teu paruguh. HP bisa mere mangpaat jeung lolobana mah matak ngamadorotkeun keur nu nyekelna. Keur diajar torojol nu ngaBBM, torojol nu ngaSMS, kring anu nelepon. Atuh teu bener diajarna da loba nu ngaganggu nu datangna tina HP.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...