Lain nya Ma!
Mending keneh piknik atawa nyieun kamar tea?”
“Nya atuh mending
ipil-ipil we kadinyah pan rek orokan keh”.
“Nya atuh, moal
jadi piknik mending dipake nyieun kamar we”.
Sorena nyi Ucun
ngobrolkeun naon nu tadi beurang digunem-caturkeun jeung indungna.
“Mending ge duit
teh kang dipake kuriak nyieun kamar tibatan dipake piknik mah. Tadi abdi
ngobrol jeung ema”.
“Nya ari akang mah
da henteu diktator, moal maksakeun kahayang. Da aya rencana piknik teh pan basa
can katangen rek boga budak deui. Jeung deuih da lain kahayang keur sorangan,
ngan tadina mah hayang mawa anak jeung pamajikan we hiburan. Nya ayeuna rek
moal jadi tuluy duitna rek dipake nyieun kamar, nya sok we”.
“Nya ngan duitna
pan ngan aya lima ratus rebu, sedengkeun kabutuhna pan sajuta keur GRC,
kaso-kaso, paku, jeung keur buruh nu digawena kang Iat”.
“Nya atuh tungtut
we, da sidik ngan sakitu ayana. Ke lamun aya deui milik jeung rizkina tina
acara nya urang tuluykeun deui”.
“Nginjem we atuh ka
sakola sajuta!”
Salakina, dititah
nginjem teh teu ngajawab, kalahka jempe teu lemek teu nyarek.
Keur paguneman,
gorowok sora Nasrul ngagorowok, Mah! Mah! Ka warung!” pokna.
Nyi ucun nembalan
bari jung cengkat tina diukna, “Nya jang, antosan, mamah kadinya”
Jang Rahmat tuluy
ngaringkuk deui bari dikarimunan ku simbut.