Hamdan wa syukron lillah.
Asyhadu anlaa ilaaha illallah.
Wahdahu laa syariikalah
Waasyhadu anna Muhammadan 'abduhu wa rasuuluh.
'Amma ba'du.
Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka Allah Rabbul Ghafur.
Nu paratos nakdirkeun urang sadayana, tiasa riung mung pulung bongkok ngaronyok hempak merbayaksa dina haplah anu insya Allah dibarokahan ku Allah. Aamiin.
Para wargi para saderek sadayana nu ku simkuring dipihormat.
Simkuring ngadeg dipayuneun hadirin teu aya sanes, kajabi ti kapeto ku anu gaduh maksad kange nataan runtuyan acara nu baris dipedar dina ieu waktos.
Dupi acara nu kahiji, nyaeta bubuka anu nembe parantos kadugikeun ala kadarna ku simkuring.
Acara anu kadua, aosan ayat suci Al-Qur'an nu seja didugikeun ku .......
Acara anu katilu, Seren Tampi
Acara seren tampi ieu kabagi dua:
Bagian ka hiji, Pamasrahan atanapi panyerenan ti rombongan calon panganten pameget.
Bagian ka dua, Panampian ti pihak calon panganten istri.
Acara ka opat, simbolik
Acara ka lima, Khutbah Nikah
Acara ka genep, Akad Nikah
Acara ka tujuh, do'a sareng tutup