Salahs sahiji kawajiban muslim teh nyaeta ngajalin hubungan, nyaeta hablum minallah (hubungan nu sae sareng Allah) jeung hablum minannas (hubungan nu hade jeung papada manusa). (QS. an-Nisa: 36)
HUBUNGAN KA ALLAH SWT
Dina ayat di luhur, manusa kudu ngajalin hubungan nu sae sareng Allah SWT ku cara nyembah tur ngabdi ka Anjeunna tanpa syirik, boh nu gede boh nu leutik. Rasulullah saw. ngadawuh,
"Saestuna hiji perkara nu pang dipikasieunna ku kaula kajadian ka aranjeun nyaeta syirik leutik." Sahabat tumaros, "Naon eta syirik leutik teh ya Rasulullah?" Rasulullah ngawaler, "Riya." (HR. Ahmad)
HUBUNGAN JEUNG PAPADA MANUSA
Manusa nu hiji sareng nu lainna saling ngabutuhkeun jeung geus sakuduna manusa bisa ngajalin hubungan sahade-hadena. Ieu conto ka saha wae manusa kudu ngajalin hubungan nu sahade-hadena:
1. Laku hade ka indung bapa
2. Laku hade ka dulur
3. Laku hade ka anak yatim
4. Laku hade ka jalma miskin
5. Laku hade ka tatangga
6. Laku hade ka sobat atawa babaturan
7. Laku hade ka nu ker nyaba
8. Laku hade ka hamba sahaya