Hamdan wa syukron lillah. Asyhadu anlaa
ilaaha illallah wahdahu laa syarikalaah wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa
rosuluh. ‘Amma ba’du.
Hadirin rahimakumulloh.
Parobahan umat tiasa ngawujud saupamina
tiap diri dina jero umat eta ngalakukeun parobahan dirina sewang-sewangan.
Jadi, konci parobahan umat Islam gumantung kana parobahan diri kaum muslimin
masing-masing. Parobahan umat moal ngawujud saupamina tiap diri teu
ngalakukaeun parobahan.
Sakumaha dawuhan Allah dina Al-Qur’an:
cÎ) ©!$# w çÉitóã $tB BQöqs)Î/ 4Ó®Lym (#rçÉitóã $tB öNÍkŦàÿRr'Î/ 3!
Hartosna:
Saenyana Allah moal ngarobah kaayaan
hiji kaom satungtung maranehna henteu ngarobah kaayaan dirina.
(QS. Ar-Ra’d: 11)
Jelas pisan wirehing Allah moal ngarobah
kaayaan hiji kaom, mun seug eta kaom teu ngarobah dirina sorangan. Hartina nu
ngaranna probahan mah kudu
Di dunya ieu moal aya parobahan anu
ujug-ujug. Tapi, kudu diikhtiaran dirina sorangan. Pihak luar atawa batur mah
ngan saukur nu ngabantu wungkul terjadina proses parobahan eta. Misalna, aya
jalma hayang robah tina teu boga elmu jadi boga elmu. Nya tangtuna teu bisa
ujug-ujug bisa sacara ngadadak dadak sakala. Tapi, kudu nyorang heula proses
belajar heula.
Mustahil pisan hiji jalma bisa mibanda pangabisa
elmu pangaweruh bari teu ngaliwatan heula proses diajar. Aneh bin ajaib. Sabab
sarat sangkan bisa mibanda elmu nyaeta ku cara diajar anu soson-soson kalayan
pinuh ku sumanget dina diajar.
Nya kitu dina widang-widang anu sejenna.
Mun tea mah aya jalma hayang
beunghar, tangtuna manehna kudu usaha anu giat jeung gawe anu rancage. Ulah
hayang beunghar bari pagawean ngan saukur hadolin alias dahar modol jeung ulin.
Pagawean ngan saukur moyan nangkeup tuur atawa sare salila-lila. Atawa ngan
saukur ngalamun nu teu anggeus-anggeus.
Kasimpulanana, mun hayang ngaraih parobahan umat. Nya kudu
dimimitian ku parobahan diri. Teu aya nu bisa ngarobah kaayaan diri hiji jalma
kajaba ku dirina sorangan.
Hadirin rahimakumlloh.
Sakitu rupina anu kapihatur hapunten anu kasuhun boh bilih aya
kakirangan sareng kalangkunganna. Nu leresna eta tina Al-Qur’an sareng
As-Sunnah, nu lepatna mah eta tina kabodoan simkuring.
Rabbanaa aatinaa fiddunya hasanah, wafil akhirati hasanah wa
kinaa ‘aadzaa bannar.
Wassalamu ‘alaikum wa rahmatullohi wa barakatuh.