Aya jalma ngangakod budak, budakna lalaki. Dijalan papanggih jeung mang Cepot.
Sajajalan eta budak teh hayoh we ngome mementa jajan. Ari ku bapa na teu
diwaro.
“Pa!
Hayang jajan ih” ceuk eta budak bari nunjuk ka warung anu kaliwatan.
“Euweuh
duitna” ceuk bapa na nembalan bari rada nyentak.
“pan kamari aya ladang engkol”
ceuk budakna deui.
“Engkol
ti mana horeng ari maneh?” ceuk bapana malik nanya.
“Engkol
nu ti kebon nu di leuweung tea” ceuk budak.
“Na
ari maneh, pan eta mah lain kebon engkol nu urang” ceuk bapana nerangkeun.
“Har,
lain nu urang kitu abah? Na nu saha kitu?” ceuk budak nanya.
“Nu
Haji Asep Bongsor deuleu” ceuk bapana ngajentrekeun.
“Oh.....,
ari sugan teh nu bapa. Pedah we ti heula gening bapa ngala engkol didinya” ceuk
budak deui bari bangun ngarasa hanjelu.
Keur
guntreng ngobrol, gok pasanggrok jeung Si Cepot nu rek indit ka madrasah.
“Bere
we atuh mang pira jajan budak moal sabaraha” ceuk Si Cepot nimrung mere saran.
“Ah,
pira kumaha, ti heula ge beak 60 juta” ceuk si emang nembalan bari mere
argumentasi.
“Naha
jajan naon nepi ka beak sakitu?” Cepot nanya.
“Eta
harita, waktu jajan jagong bakar, ari ku budak kalah diome ruhakna nepika
kahuruan” ceuk si emang ngajelaskeun.
“Oh,
he he he..., pantesan atuh ari kitu mah” ceuk cepot bari tuluy diuk dina papan
saung nu aya di sisi jalan.
“Nyeta
kitu, tak ge, jangar boga budak teh” ceuk si emang kukulutus.
“Jang
kenalan, saha nami teh?” Cepot nanya ka budak.
“Ah
tunya-tanya kawes nu rek mere duit” ceuk budak nembalan.
“Eh....,
lain kitu jang, bisi urang papanggih di jalan di pasampangan. Pan meureun ari
wawuh mah urang moal disasaha” ceuk Cepot.
“Sok-sok
we sebutkeun” bapana nitah.
“Ih
meni maksa ih, ngaranna rek nu panjang rek nu pondok?”
“Nu
pondok we”
“Ngaranna
nu ti indung atawa nu ti bapa?”
“Nu
ti indung we”
“Indungna
nu di Bandung nu di Subang?”
“Duh
na nya loba pisan indungna budak teh. Nu di Subang we”
“Nu
resep ngadahar jengkol atawa nu resep ngadahar peuteuy?”
“Nu
resep ngadahar peuteuy”
“Peuteuyna
nu dibeuleum atawa nu dikulub?”
“Nu
dibeuleum we”
“Ngaran
abdi mah mimitina R tungtungna I”
“Oh....,
mimitina R tungtungna I, berarti Ramji?”
“Lain”
“Rudi?”
“Lain”
“Revi?”
“Lain”
“Rendi?”
“Lain”
“Rafi?”
“Lain”
“Roni?”
“Lain”
“Rodi?”
“Lain”
“Saha
atuh?”
“Nami
abdi mah, mimitina R tungtungna I, nami abdi mah Encro”
“Euh....,
na kumaha nya. Omong mimitina R tungtungna I, tapi jadi Encro” ceuk Cepot
bangun anu keuheul.