Rabu, 11 Maret 2020

Resep Migawe Kahadean


Hamdan wa syukron lillah. Asyhadu anla ilaaha illallah wahdahu laa syarikalah. Wa asyhadu anna Muhammadan ‘abduhu wa rosuluh. Amma ba’du.

Jalma anu hade nyaeta jalma anu resep migawe amal hade. Manehna mah karesep jeung hobina teh ngan saukur milampah mangpirang-pirang kahadean. Teu resep migawe hal-hal anu goreng boh nu goreng ceuk manusa pon kitu deui numutkeun agama.

Dimana bae manehna aya, jeung iraha bae manehna estuning ngamangfaatkeun umur jeung waktuna ku migawe rupa-rupa kahadean. Bari didadasaran ku niat ikhlas ngan saukur miharep rido Pangeran. Rek beurang rek peuting, rek keur sorangan atawa keur loba batur manehna istikomah dina amal hade.
Manehna miggawe amal saleh lain kulantaran manehna keur kampanye rek nyalon jadi dewan. Lain oge pedah manehna hanya katangar jeung hayang kapuji ku papada jalma. Lain. Estuning clik putih- clak herang datangna tina ati sanubari anu bersih herang ngagenyas. Bodas nyacas.

Sabab, teu saeutik jalma resep migawe amal saleh. Loba amal baktina ka masarakat lain niat ikhlas lillahi Ta’ala. Tapi kusabab hayang kapilih dina pemilu. Manehna hayang dipilih ku rahayat sangkan jadi panguasa. Sangkan bisa ngaraih sagala udagan hirupna jadi pejabat, imahna bertingkat empat, mobilna mengkilat, istrina oge opat. Ngan hariwang sieun meunang ngabangsat.

Tah hayu urang usaha satekah polah sangkan jadi jalma anu resep jeung hobi migawe kahadean. Jeung poma ulah resep jeung hobi migawe kagorengan. Sabab, kagorengan mah matak cilaka lain matak bagja. Sangsara di dunya cilaka di aherat. Beunghar didunya henteu di aherat dikulub dina naraka Jahanam,na’udzu billahi min dzalik.

Mending keneh jadi jalma anu hobi milampah kahadean, jaga di aherat bakal rebo ku pahala lain ku dosa.  Nu ahirna hirup tonemu bagja, bahagia salamina hirup dipapaes ku kagumbiraan genah ngahenang-ngahening genah nyandang- genah nyanding. Abadi di surga. Eta buah tina amal hade nu dilakukeunana salila keur hirup di alam dunya.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...