Minggu, 08 Februari 2015

GUGURU KA ALAM

GUGURU KA ALAM
Ku Rahmat Taufik Hidayat


Sagala mahluk Allah nu parantos diciptakeun di ieu alam dunya, sadaya diciptakeun kalayan henteu sia-sia tanpa manfaat. Sadaya nu aya di ieu alam dunya bisa dijadikeun guru pikeun manusa. Memang manusa mahluk nu diciptakeun paling sampurna tibatan mahluk Allah anu sejenna. Tapi, pan manusa mah sok kadang-kadang leupas tina sifat-sifat kamanusaanana. Matak  taya salahna mun seug urang salaku manusa bisa diajar ti alam, ti sadaya mahluk Allah sejenna nu aya di alam marcapada.

Guguru ka Panon Poe
Guguru ka panon poe hartina manusa kudu disiplin, loba mere mangpaat, jeung teu pilih kasih.

Panon poe datangna henteun kapaksa, panon poe datangna disiplin tepat waktu. Jeung kaluar sarta tilem dina tempat anu tangtu, anu maranti. Panon poe mah tara pilih kasih dina ngabagikeun cahayana. Ku ayana panon poe teh popoean jadi garing, tutuwuhan bisa ngalakukeun proses potosintesis, jalma bisa ngalakukeun pagaweanana masing-masing kalawan jongjon. Loba pisan mangpaat anu dibikeun panon poe ka mahluk sejenna.

Guguru ka Cai
Guguru ka cai hartina, jalma kudu sabar dina nyangharepupan masalah, ulang gurung gusuh, optimis, jeung tara resep nyalahkeun batur jeung kaayaan.

Dina perjuangan hirup mah urang bisa guguru ka cai. Mental hirup jalma kudu kuat siga cai. Sabab cai mah tara putus asa mun seug aya batu atawa naon bae nu ngahalanganana. Cai tara jol sumerah pasrah kana kaayaan nu teu saluyu jeung kahanyangna. Cai mah cadu mundur pantrang mulang mun maksud tacan laksana. Cai nahan diri bari ngumpulkeun kakuatan. Nu ahirna cakumaha gedena nu ngahalangan, ku cai pasti bakal kaliwatan. Bakal tilem kakeueum. Cai mere pangajaran yen dina ngahontal cita-cita atawa ngungkulan pasualan hirup mah kudu sabar jeung bajoang kalayan soson-soson. Dina hiji waktu mah pasti bakal hasil, bakal tinekanan.

Guguru ka Batu
Guguru ka batu hartina manusa ulah mibanda hate anu teuas. Sabab teuasna hate jalma mah teu mere mangpaat keur dirina jeung keur batur sautik oge.

Sateuas-teuasna batu, masih keneh aya mangpaatna pikeun manusa. Keur bales jalan, keur ngabenteng, keur pondasi bangunan, papaes, jeung nu sejenna. Beda jeung manusa, mun manusa mibanda jiwa atawa hate anu teuas. Lain mangpaat nu bisa kaala, tapi kacilakaan, kanalangsaan jeung karugian. Jalma nu mibanda hate anu teuas teu bisa narima hidayah ti Allah, nasehat ti papada manusa. Tangtuna bakal pinanggih jeung kanalangsaan hirup, di dunya pon kitu deui di aherat.

Guguru ka Anjing
Guguru ka anjing hartina jalma kudu boga sipat satia satuhu ka nu jadi pamingpinna atawa dununganana.

Anjing teh sato anu satia satuhu ka manusa nu jadi dununganana. Manehna siap ngajaga dununganana dua puluh opat jam. Iraha bae manehna ningali aya jalma asing anu datang ka imah dununganana. Geus pasti manehna nu bakal ngarespon. Manehna bakal ngagogogan ka satiap jalma asing anu datang.

Guguru ka Indung Hayam
Guguru ka hayam hartina nu jadi indung atawa kolot kudu mereka kayem-tengtreman ka nu jadi anak. Lain sabalikna nu jadi anak ngarasa teu genah tumaninah aya di deukeut kolotna.

Indung hayam mangrupakeun sato nu kacida pisan nyaah ka anakna. Indung hayam salawasna ngaping anak-anakna. Mun hujan, manehna ngarungkupan anak-anakna ku jangjangna. Dimana manehna manggihan kahakanan, manehna tara gancang ngahakan. Tapi manehna mah salawasna ngaheulakeun heula anak-anakna. Mun aya bahaya anu ngancam kaamanan anak-anakna. Manehna sok gancang  nyerang, macok atawa nyakar ka nu dianggap nyilakakeun anak-anakna. Intina mah indung hayam mah salawasna mere kaamanan, katenangan, jeung katengtreman ka anak-anakna.




Guguru ka Lauk
Guguru ka lauk hartina urang kudu sabisa-bisa ngajaga diri tina pangaruh negtif atawa goreng ti lingungan atawa babaturan.

Lauk mangrupakeun salah sahiji sato nu bisa dijadikeun guru ku manusa. Khsusna di bab campur gaul jeung papada manusa. Lakuk mah teu kapangaruhan ku lingkunganana, sanajan cicing dina cai laut anu asin. Tapi lauk mah tara kabawa asin. Pangajaran pikeun manusa, yen dina kahirupan bermasarakat urang kudu bisa ngajaga ngariksa diri sangkan teu kapangaruhan ku kaayaan lingkungan anu negatif.

Guguru ka Nyiruan
Guguru ka nyiruan hartina jalma kudu salawasna milampah amal hade jeung nyiptakeun sarta nyebarkeun kahadean nu gede pisan mangpaatna boh keur dirina sorangan boh keur batur.

Nyiruan sato anu salawasna ngalakukeun hal-hal anu hade atawa positif. Nyeuseup kembang anu hade, mun eunteup dina dahan tara matak peunggas, neangan pimadueun anu hade. Nepika ngahasilkeun barang anu hade nyaeta madu. Loba pisan mangpaat tina keur kasehatan manusa. Nyiruan tara nyeureud kajaba ka nu rek ngaganggu.

Guguru ka Sireum
Guguru ka sireum hartina kudu jadi jalma anu salawasna bisa digawe bareng jeung batur, kudu silih tulungan jeung silih ajeunan jeung batur. Sabab manusa teh mahluk sosial anu teu bisa ngungkulan pasualan hirupna ku sorangan.

Sireum mahluk Allah anu luar biasa dina widang kerja sama tim jeung ahlak sosial anu hade. Sumanget gawe gotong royong ditingalikeun ku sireum nalika ngagarap hiji pagawean. Sireum tara putus asa lamun sayangna nu meunang hese cape diwangun tuluy ruksak gara-gara aya nu ngancurkeun katincak jelema atawa kadupak ku cai. Sireum boga kabiasaan sasalaman mun patepung jeung nu sejenna. Sireum mangrupakeun mahluk Allah nu pangkuatna di dunya. Sireum mampuh mindahkeun barang anu saratus kali beurat awakna.

Guguru ka Tangkal Kawung
Guguru ka tangkal kawung hartina kudu jadi jalma anu salawasna mere mangpaat anu loba pikeun balarea jeung lingkunganana.
Tangal kawung mah taya anu kapiceun, kabehanana ge mangpaat pikeun manusa. Tangkalna bisa keur sasak, wangunan atawa suluh. Inyukna keur sapu, keur turup saung, atawa keur megarkeun lauk. Nyerena keur dijieun sapu. Dahanna bisa dijieun suluh. Aci-na bisa didahar ku  manusa. Buahna, caluruk atawa cangkaleng keur manisan atawa sirop dina bulan Romadhon. Lum-lumna keur neurakeun seuneu.

Guguru ka Hileud
Guguru ka hileud hatina  jalma mun hayang sukses kudu siap ngalakukeun parobahan diri.

Hileud teh mimitina pikagilaeun, merang, pikasieuneun. Tapi, nalika sireum geus ngalakukeun parobahan diri ngaliwatan proses metamorfosis tea. Hileud robah jinis jeung rupa jadi kukupu anu alus. Ahirna loba jalma anu mikaresep ka manehna.

CATETAN PIKEUN MUSLIMAH

CATETAN PIKEUN MUSLIMAH
Ku Rahmat Taufik Hidayat


Di jaman ayeuna saperti kieu, geus loba awewe jeung lalaki anu ninggalkeun kana kodrat kawanitaan jeung kalalakianana. Atawa geus teu ngajalankeun peran jeung fungsina masing-masing sakumaha mistina. Padahal awewe jeung lalaki teh boga peran jeung fungsi anu jelas. Tah ku sabab kitu dina guaran nu ayeuna mah aya sababaraha catetan nu patula-patali jeung eta kanyataan.

Awewe digawe sedengkeun lalaki di imah
Hiji kanyataan nu nemrak dina kahirupan ayeuna, nyaeta awewe loba anu digarawe di pabrik sedengkeun  sawarehna salakina cicing ngurus imah jeung budak.

Padahal nu wajib diagawe nyiar nafkah keur kulawarga teh lain awewe, tapi nu jadi salaki salaku kepala rumah tangga. Lalaki nu wajib tisusuk-tidungdung usaha satekah polah sangkan bisa nyumponan sagala kabutuh hirup anak jeung pamajikanana.

Islam memang teu ngalarang awewe digawe nyiar nafkah asal niatna keur ngabantu nu jadi salaki. Lain sabalikna kalahka nincak hulu, asa aing. Ngarasa diri mampuh nyiar dunya, ahlak ka salaki mah dimomorekeun.

Awewe teu taat ka salaki
Kusabab awewe loba nu digawe, tuluy maranehna boga panghasilan anu badag. Nya ahirna sikep ka nu jadi salaki ge robah. Jadi unggah adat. Ngarasa diri mampuh nyiar dunya, jadi akhlak ka salaki teh kurang hade.

Teu saeutik awewe anu jadi teu taat jeung hormat ka nu jadi salaki. Komo awewe anu boga panghasilan leuwih gede tibatan salakina. Aya deui awewe anu ngajadikeun salakina kekesed atawa bujang purah ditutah-titah wungkul.



Awewe teu tumarima kana pamere salaki
Teu saeutik awewe nu ngaremehkeun kana pamere hasil usaha salaki. Hasil jerih payah luut leet kesang salaki teh euweuh hargana dihareupeun manehna. Loba murukusunu, samutut, euweuh bear budi ka salaki. Awewe nu kieu mah saeutik tara mahi loba tara nyesa.

Awewe ngautamakeun indungna tibatan salakina
Aya deui awewe nu salah dina ngajalanjeun akhlak ka indung jeung ka nu jadi salaki. Nyaeta sok leuwih ngautamakeun urusan indungna tibatan urusan nu patali jeung salakina. Misalna: loba babantu di indungna, tapi urusan imah teu dipigawe; imah can diberesihan, can ngumbah wadah, can nyeuseuhan, can masak, jeung sajabana.

Padahal geus samistina ngaheulakeun pagawean-pagawean di rumah tanggana. Pan geus ngarumah tangga mah anu kudu ditaatn ku awewe teh salaki saparantos taat ka Allah jeung ka Rosul teh. Mun lalaki mah tetep nu kudu diutamakeun teh nyaeta indungna.

Awewe teu taat kana syare’at
Awewe kiwari loba pisan nu ngarasa teu salah jeung dosa nalika ngarempak papagon agama. Diantarana bae: teu nutup orat, teu salat, teu puasa, teu ngaluarkeun zakat tina harta bandana,

Awewe resep migawe kamusyrikan jeung pabid’ahan
Di jaman kiwari loba keneh awewe anu milampah milampah pamusyrikan jeung pabid’ahan. Loba keneh muslimah anu lemaah dina akidahna jeung lemah dina pelaksanaan sunnahna. Contona: mun can tinemu jodo, sok aya keneh nu tatanya ka dukun jeung para normal. Mun keur ngandung sok niiran samara tuluy dipasang dina bilik atawa luhureun lawang panto. Mun boga budak orok atawa leutik keneh sok dikongkorongan ku haur koneng, jeung sajabana.

Conto hal-hal anu mangrupakeun pabid’ahan nu sok dipigawe ku muslimah diantarana: dina resepsi pernikahan sok ngalakukeun hal-hal nu teu disyareatkeun dina agama jeung taya contona tia Rosululloh saw. Keur hamil sok ngayakeun acara opat bulanan, maca surat Yusuf atawa surat Maryam sabab boga kayakinan ngarah budak nu dikandung teh mun awewe geulis mun lalaki kasep, jeung sajabana.

Awewe resep ngabohong ka salaki
Teu saeutik awewe anu boros dina ngabalanjakeun harta nu jadi salaki. Nepika aya anu dibelaan anjuk –ngahutang ka rentenir sagala. Nepika aya sababaraha awewe nu boga hutang ratusan juta ka rentenir bari salakina teu apaleun. Nu ahirna ku sabab ngarasa era ku nu jadi salaki, manehna kabur ninggalkeun imah.

Aya deui awewe nu sok salingkuh jeung lalaki sejen. Ari salingkuh pasti bisa dilakukeun salila ngabohongna teu kapanggih ku nu jadi salaki. Biasana awewe ngalakukeun salingkuh kusabab aya hal-hal anu teu kacumponan ku salakina. Misalna awewe nu ditinggalkeun usaha jauh ku salakina. Awewe anu salingkuh alatan jauh ti salaki biasa sok disebut jablay tea. Mun lalaki nu teu balik-balik mah nyaeta bang Toyib tea.

Awewe hayang jadi pamingpin
Geus loba pisan awewe nu ancrub kana jero kakawasaan. Diantarana loba awewe nu nyalon jadi kepala desa. Memang masalah sejenna nyaeta kusabab taya lalaki nu siap jadi imam (kepala desa). Aya lalaki anu siap, kurang mibanda kompetensi jeung modal keur kampanye. Sabalikna, teu saeutik calon kades awewe anu meunang supley dana anu gede pihak-pihak tertentu. Matak dina sababaraha pilkades di sababaraha desa, loba nu meunang jadi kepala desa teh awewe.

Ngan resikona teh teu saeutik kepala desa awewe nu teu bisa ngajalankeun tugas kapamarentahanana kalayan maksimal. Da rek kumaha bae oge tetep nu ngaranna awew mah heureut deuleu pondok lengkah. Loba kepala desa awewe anu jarang nyumponan ondangan masyarakat dina sababaraha urusan. Dina kakapatenan, dina hajatan, ka nu gering keur uras-urus ka rumah sakit, jeung sajabana.

BUDAK

BUDAK
Ku Rahmat Taufik Hidayat



Ki dalang mintonkeun wayang akod, eta wayang teh nyaeta si abah keur ngakod incuna. Tuluy eta wayang si abah jeung incuna teh teh paguneman,
Budak : “Abah”
Abah : “Naon jang?”
Budak :”Hoyong jajan bah”
Abah: “Ah maneh mah bet teu bosen-bosen, ti baheula nepi ka ayeuna ngan jajan jeung jajan we”
Budak : “Wios atuh abah, da abdi mah pan budak. Pan budak teh sinkatan”
Abah : “Singkatan tina naon?”
Budak: “B na Biayaaneun, U na Uruseun, D na Didikeun, K na Kawinkeuneun”.
Abah : “Saur saha eta teh kasep?”
Budak : “Saur ki Udin  abah”
............................................

memang bener naon nu diucapkeun ku incu si abah yen BUDAK teh singgetan tina,

Biayaaneun
Boga turunan, boga budak teh teu bisa leupas tina nu ngaranna biaya. Rek gede rek leutik, rek nu buenghar rek nu miskin, rek nu  di dayeuh rek nu di kota. Pasti nu ngaranna boga budak mah bakal aya biaya nu dikaluarkeun.

Biaya nalika keur dikandung ku indungna salila salapan bulan lilana. Sabab nu nu hamil jeung jabang bayi nu keur dikandung kudu kacumponan gizina. Mun kacumponan masalah gizina tangtu nu hamil jeung jabang bayina bakal sehat. Sabalikna, mun nu hamil jeung nu dikandungna kakaurangan gizi, bakal kurang sehat jeung kurang hade dina masa pertumbuhanana.

Biaya nalika  proses ngalahirkeunana eta budak. Sanajan saeutik tangtu tetep we kudu ngaluarkeun biaya. Komo mun proses kalahiranana ngalaman masalah mah. Pan teu saeutik ngalahirkeun budak teh kudu dioperasi sesar.

Biaya keur akekah dina poe ka tujuh. Nu geus boga domba keur akekah mah leuheung. Tapi keur nu teu boga mah kudu meuli. Ditmbah biaya keur pakeanan eta orok.

Biaya nalika indungna teu bisa nyusuan ku ASI. Teu saeutik indung anu nyusuan budakna ku susu formula, susu sapi atawa susu kambing.

Biaya nalika eta budak ngarandapan gering.

Biaya nalika eta budak asup sakola ka PAUD atwa TK. Terus ka SD atawa MI, terus ka Tsanawiyah atawa SMP, terus ka Mu’allimien atawa SMA/SMK, terus kuliah ka perguruan tinggi. Biaya kursus jeung pendidikan nu sejenna.

Biaya walimah khitan, mun budak lalaki. Ari budak awewe mah tangtuna ngan nikahkeun wungkul. Tapi da hajat mah teu diwajibkeun ku agama. Da dina nyundatan nu utamana mah dipotong atawa khitanna wungkul. Atuh dina nikah ge nu penting kacumponan syarat jeung rukun nikahna.

Ngan sawarehna jalma atawa kolot, sok ngarasa teu sampurna mun teu aya kariaan mun nyundatan atawa ngawinkeun budakna. Tapi, teu nanaon asal ulah maksakeun maneh ku jalan anjuk ngahutang. Nepika dimana geus bubar hajat teh lain bungah, tapi kalah stres ku hutang.

Uruseun
Ti mimiti dina jero kandungan nepika eta budak manjing laki rabi. Budak teh diurus ku indung jeung bapana. Diurus sagala pangabutuhna, jasmani jeung rohanina.

Didikeun jeung Atikeun
Ti keur di jero kandungan, lahir nepika dewasa budak teh didik jeung diatik ku nu jadi kolotna ku didikan jeung atikan anu hade.

Kawinkeuneun
Nalika budak manjing dewasa jeung geus papanggih jeung jodona. Kawajiban kolot nu pamungkas nyaeta ngawinkeun. Dina masalah ieu mah kolot boga kawajiban pikeun ngajodokeun budak ka calon pisalakien atawa pimajikaneun teh kudu ka anu hade. Hade wanda, hade rupa. Nu hade opat halna, nyaeta: hade rupana, hade turunanana, hade dunyana, jeung nu utama hade agamana.

MASALAH RIZKI DINA AL-QUR'AN

MASALAH REJEKI
DINA AL-QUR’AN

Ku Rahmat Taufik Hidayat


Allah henteu nyiptakeun mahluk, kajaba ngajamin rejekina. Jeung sadaya rejeki anu diraih manusa sumberna ti Allah.

Allah ngadawuh,
وَمَا بِكُم مِّن نِّعۡمَةٖ فَمِنَ ٱللَّهِۖ ثُمَّ إِذَا مَسَّكُمُ ٱلضُّرُّ فَإِلَيۡهِ تَجۡ‍َٔرُونَ ٥٣
Hartosna:
Jeung saniskara ni’mat nu aya di maraneh teh ti Allah; ti dinya upama maraneh katibanan madorot nya ka Anjeunna maraneh nyambat pitulung. (QS. An-Nahl: 53)

Dawuhana-Na deui:
وَجَعَلۡنَا لَكُمۡ فِيهَا مَعَٰيِشَ وَمَن لَّسۡتُمۡ لَهُۥ بِرَٰزِقِينَ ٢٠
Hartosna:
Jeung Kami geus ngegelarkeun bumi sarta nancebkeun gunung-gunung di dinya, turta Kami nuwuhkeun sagala rupa di dinya anu satimbang. (QS. Al-Hijr: 20)

Rejeki Allah pikeun sadaya mahluk-Na
ٱللَّهُ ٱلَّذِي جَعَلَ لَكُمُ ٱلۡأَرۡضَ قَرَارٗا وَٱلسَّمَآءَ بِنَآءٗ وَصَوَّرَكُمۡ فَأَحۡسَنَ صُوَرَكُمۡ وَرَزَقَكُم مِّنَ ٱلطَّيِّبَٰتِۚ ذَٰلِكُمُ ٱللَّهُ رَبُّكُمۡۖ فَتَبَارَكَ ٱللَّهُ رَبُّ ٱلۡعَٰلَمِينَ ٦٤

Hartosna:
Nya Allah nu geus ngajadikeun bumi pikeun padumukan maraneh jeung langit minangka adegan. Jeung Anjeunna geus ngadamel rupa maraneh ku rupa anu sahade-hadena, jeung Anjeunna geus maparin rejeki ka maraneh tina nu harade. Nya Allah, Pangeran maraneh, sarta Maha Berkah Allah, Pangeran nu murbeng alam sakabeh. (QS. Al-Mu’min: 64)

Mung Allah anu maparin rejeki
Allah ngadawuh,
ٱللَّهُ لَطِيفُۢ بِعِبَادِهِۦ يَرۡزُقُ مَن يَشَآءُۖ وَهُوَ ٱلۡقَوِيُّ ٱلۡعَزِيزُ ١٩
Hartosna:
Allah teh latip pisan ka abdi-abdi-Na, Anjeunna maparin kurnia ka sing saha anu dikersakeun, jeung Anjeunna Nu Maha Kuat, Nu Maha Gagah. (QS. Asy-Syura: 19)

Dina ayat sejen Allah ngadawuh,
ٱللَّهُ ٱلَّذِي خَلَقَكُمۡ ثُمَّ رَزَقَكُمۡ ثُمَّ يُمِيتُكُمۡ ثُمَّ يُحۡيِيكُمۡۖ هَلۡ مِن شُرَكَآئِكُم مَّن يَفۡعَلُ مِن ذَٰلِكُم مِّن شَيۡءٖۚ سُبۡحَٰنَهُۥ وَتَعَٰلَىٰ عَمَّا يُشۡرِكُونَ ٤٠
Hartosna:
Nya Allah anu ngayugakeun maraneh, tuluy Anjeunna anu maparin rejeki ka maraneh, tuluy Anjeunna anu bakal mateni maraneh, tuluy Anjeunna anu bakal ngahirupkeun deui maraneh. Naha aya ti antara sarekat-sarekat maraneh nu migawe perkara karitu? Maha Suci Anjeunna, jeung Maha Luhung tina saniskara anu ku maraneh disarekatkeun. (QS. Ar-Rum: 40)


Rejeki manusa dumasar kana pangersa Allah
Allah ngadawuh,
إِنَّ رَبَّكَ يَبۡسُطُ ٱلرِّزۡقَ لِمَن يَشَآءُ وَيَقۡدِرُۚ إِنَّهُۥ كَانَ بِعِبَادِهِۦ خَبِيرَۢا بَصِيرٗا ٣٠
Hartosna:
Saestuna Allah ngajembarkeun rejeki-Na ka sing saha nu dikersakeunana keur sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna, jeung saestuna Anjeunna Maha Uninga sarta Maha Ningal ka abdi-abdi-Na. (QS. Al-Isra: 30)


Dina ayat sejen allah ngadawuh
لَهُۥ مَقَالِيدُ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلۡأَرۡضِۖ يَبۡسُطُ ٱلرِّزۡقَ لِمَن يَشَآءُ وَيَقۡدِرُۚ إِنَّهُۥ بِكُلِّ شَيۡءٍ عَلِيمٞ ١٢
Hartosna:
Kagungan Anjeunna konci-konci langit katut bumi. Anjeunna ngajembarkeun jeung ngaheureutkeun rejeki pikeun sing saha anu dikersakeun. Saestuna Anjeunna Maha Uninga kana sagala perkara. (QS. Asy-Syura: 12)


Rejeki kudu diteangan ku cara anu hade jeung bermartabat
Allah ngadawuh,
فَإِذَا قُضِيَتِ ٱلصَّلَوٰةُ فَٱنتَشِرُواْ فِي ٱلۡأَرۡضِ وَٱبۡتَغُواْ مِن فَضۡلِ ٱللَّهِ وَٱذۡكُرُواْ ٱللَّهَ كَثِيرٗا لَّعَلَّكُمۡ تُفۡلِحُونَ ١٠
Hartosna:
Tuluy upama rengse salat, nya bral maraneh geura sumebar deui di bumi, sarta prak geura nyiar Kurnia Allah, jeung pek geura eling ka Allah sing mindeng, supaya maraneh meunang kabagjaan. (QS. Al-Jumu’ah: 10)


Dina ayat sejen Allah ngadawuh,
يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ لَا تَأۡكُلُوٓاْ أَمۡوَٰلَكُم بَيۡنَكُم بِٱلۡبَٰطِلِ إِلَّآ أَن تَكُونَ تِجَٰرَةً عَن تَرَاضٖ مِّنكُمۡۚ وَلَا تَقۡتُلُوٓاْ أَنفُسَكُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ كَانَ بِكُمۡ رَحِيمٗا ٢٩
Hartosna:
Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Maraneh ulah ngadalahar harta-harta maraneh kalawan cara anu batal, kajaba ku jalan dagang kalawan silih pikarido antara maraneh, sarta maraneh ulah maehan maneh. Saestuna Allah Maha Asih ka maraneh. (QS. An-Nisa: 29)


Dina ayat sejen Allah ngadawuh,
وَلَا تَأۡكُلُوٓاْ أَمۡوَٰلَكُم بَيۡنَكُم بِٱلۡبَٰطِلِ وَتُدۡلُواْ بِهَآ إِلَى ٱلۡحُكَّامِ لِتَأۡكُلُواْ فَرِيقٗا مِّنۡ أَمۡوَٰلِ ٱلنَّاسِ بِٱلۡإِثۡمِ وَأَنتُمۡ تَعۡلَمُونَ ١٨٨
Hartosna:
Jeung poma maraneh ulah ngadalahar harta maraneh di antara maraneh ku cara nu batal sarta mawa urusan eta harta ka hakim kalawan maksud supaya maraneh bisa ngadahar sabagian tina harta batur ku jalan dosa bari maraneh nyaraho. (QS. Al-Baqarah: 188)

Rejeki teh injeuman ti Allah
Allah ngadawuh,
مَّن ذَا ٱلَّذِي يُقۡرِضُ ٱللَّهَ قَرۡضًا حَسَنٗا فَيُضَٰعِفَهُۥ لَهُۥٓ أَضۡعَافٗا كَثِيرَةٗۚ وَٱللَّهُ يَقۡبِضُ وَيَبۡصُۜطُ وَإِلَيۡهِ تُرۡجَعُونَ ٢٤٥
Hartosna:
Sing saha nu ngahutangkeun ka Allah ku hutang anu hade, tanwande ganjaranana ti Allah bakal menglipet-lipet, karana Allah nu ngaheureutkeun jeung anu ngajembarkeun rejeki keur maraneh, jeung nya ka Anjeunna maraneh baris dipulangkeun. (QS. Al-Baqarah: 245)


يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوٓاْ أَنفِقُواْ مِمَّا رَزَقۡنَٰكُم مِّن قَبۡلِ أَن يَأۡتِيَ يَوۡمٞ لَّا بَيۡعٞ فِيهِ وَلَا خُلَّةٞ وَلَا شَفَٰعَةٞۗ وَٱلۡكَٰفِرُونَ هُمُ ٱلظَّٰلِمُونَ ٢٥٤
Hartosna:
Yeuh jalma-jalma anu airman! Prak dermakeun (sabagian) tina rejeki anu ku Kami geus dikurniakeun ka maraneh samemeh dating hiji mangsa anu henteu aya perdagangan, henteu aya sosobatan, henteu aya safaat. Jeung jalma-jalma anu kapir the jalma-jalma anu darolim. (QS. Al-Baqarah: 254)



Rejeki Allah kudu disyukuran
Allah ngadawuh,
يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ كُلُواْ مِن طَيِّبَٰتِ مَا رَزَقۡنَٰكُمۡ وَٱشۡكُرُواْ لِلَّهِ إِن كُنتُمۡ إِيَّاهُ تَعۡبُدُونَ ١٧٢
Hartosna:
Yeuh jalma-jalma anu airman! Pek geura dalahar ku maraneh saniskara rejeki anu harade anu geus dikurniakeun ku Kami ka maraneh, jeung maraneh geura muji sukur ka Allah, upama  enya mah maraneh ngan ibadah ka anjeunna. (QS. Al-Baqarah: 172)


Rejeki teh ujian ti Allah
Allah ngadawuh,
زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ ٱلشَّهَوَٰتِ مِنَ ٱلنِّسَآءِ وَٱلۡبَنِينَ وَٱلۡقَنَٰطِيرِ ٱلۡمُقَنطَرَةِ مِنَ ٱلذَّهَبِ وَٱلۡفِضَّةِ وَٱلۡخَيۡلِ ٱلۡمُسَوَّمَةِ وَٱلۡأَنۡعَٰمِ وَٱلۡحَرۡثِۗ ذَٰلِكَ مَتَٰعُ ٱلۡحَيَوٰةِ ٱلدُّنۡيَاۖ وَٱللَّهُ عِندَهُۥ حُسۡنُ ٱلۡمَ‍َٔابِ ١٤
Hartosna:
Geus dipapaesan jalma-jalma the ku micinta kasenangan napsu, nyaeta awewe, anak-incu, emas-perak anu lobana mangpikul-pikul, kuda tunggang anu pinilih, sato ingon-ingon, sawah jeung kebon. Nya kitu papas dunya teh, tapi di Allah aya tempat  mulang anu leuwih hade. (QS. Ali Imron: 14)


Amal soleh bakal ngabuahkeun rejeki Allah
Allah ngadawuh,
فَٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ ٱلصَّٰلِحَٰتِ لَهُم مَّغۡفِرَةٞ وَرِزۡقٞ كَرِيمٞ ٥٠
Hartosna:
Nya jalma anu ariman turta ngalampahkeun amal soleh, pikeun maranehna pangampura jeung ganjaran anu mulya (sawarga). (QS. Al-Hajj:50)

Dina ayat sejen Allah ngadawuh,

مَنۡ عَمِلَ سَيِّئَةٗ فَلَا يُجۡزَىٰٓ إِلَّا مِثۡلَهَاۖ وَمَنۡ عَمِلَ صَٰلِحٗا مِّن ذَكَرٍ أَوۡ أُنثَىٰ وَهُوَ مُؤۡمِنٞ فَأُوْلَٰٓئِكَ يَدۡخُلُونَ ٱلۡجَنَّةَ يُرۡزَقُونَ فِيهَا بِغَيۡرِ حِسَابٖ ٤٠

Hartosna:
Sing saha anu ngalampahkeun kajahatan, nya manehna henteu dibales salian ti ku nu sabobot jeung lampahna; jeung sing saha anu ngalampahkeun amal soleh, boh lalaki boh awewe kalawan manehna mu’min, nya maranehna bakal arasup ka sawarga, kalawan ka maranehna di dinya teh ditonplokeun kurnia anu tanpa wilangan. (QS. Al-Mu’min: 40)

Taqwa jeung tawakal ngalahirkeun rejeki
Allah ngadawuh,
وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجۡعَل لَّهُۥ مَخۡرَجٗا ٢ وَيَرۡزُقۡهُ مِنۡ حَيۡثُ لَا يَحۡتَسِبُۚ وَمَن يَتَوَكَّلۡ عَلَى ٱللَّهِ فَهُوَ حَسۡبُهُۥٓۚ إِنَّ ٱللَّهَ بَٰلِغُ أَمۡرِهِۦۚ قَدۡ جَعَلَ ٱللَّهُ لِكُلِّ شَيۡءٖ قَدۡرٗا ٣
Hartosna:
Sing sha anu takwa ka Allah, tanwande Anjeunna ngayugakeun hiji jalan kaluar (bongbolongan) pikeun manehna. Jeung Anjeunna baris maparinkeun rejeki ka manehna tina jalan anu henteu disangka-sangka ku manehna, lantaran sing saha anu tawekal ka Allah, nya Anjeunna nu nyumponanana. Saestuna Allah nu ngalaksanakeun urusan-Na, saestuna Allah geus netepkeun papasten pikeun sagala perkara. (QS. Ath-Thalaq: 2-3)



Laku kupur nyababkeun katutupna panto rejeki
Allah ngadawuh,
وَضَرَبَ ٱللَّهُ مَثَلٗا قَرۡيَةٗ كَانَتۡ ءَامِنَةٗ مُّطۡمَئِنَّةٗ يَأۡتِيهَا رِزۡقُهَا رَغَدٗا مِّن كُلِّ مَكَانٖ فَكَفَرَتۡ بِأَنۡعُمِ ٱللَّهِ فَأَذَٰقَهَا ٱللَّهُ لِبَاسَ ٱلۡجُوعِ وَٱلۡخَوۡفِ بِمَا كَانُواْ يَصۡنَعُونَ ١١٢
Hartosna:
Jeung Allah ngadamel misil hiji nagri anu aman turta tengtrem, rejekina tamplok ka manehna ti saban jihat, tapi kalupur kana ni’mat Allah; ku kituna ka maranehna alatan saniskara anu ku maranehna salawasna dilampahkeun. (QS. An-Nahl: 112)

Satiap manusa mibanda uukuran rejeki masing-masing
Allah ngadawuh,
۞وَلَوۡ بَسَطَ ٱللَّهُ ٱلرِّزۡقَ لِعِبَادِهِۦ لَبَغَوۡاْ فِي ٱلۡأَرۡضِ وَلَٰكِن يُنَزِّلُ بِقَدَرٖ مَّا يَشَآءُۚ إِنَّهُۥ بِعِبَادِهِۦ خَبِيرُۢ بَصِيرٞ ٢٧
Hartosna:
Jeung upama Allah ngajembarkeun rejeki ka abdi-abdi-Na, tanwande maranehna ngaliwatan wates-wangen di ieu bumi; tapi Anjeunna nurunkeun kalawan make ukuran nurutkeun sapangersa-Na. Saestuna ka abdi-abdi-Na teh Anjeunna waspada, Maha Ningali. (QS. Asy-Syura: 27)

Rejeki meunang digunakeun
Allah ngadawuh,
قُلۡ مَنۡ حَرَّمَ زِينَةَ ٱللَّهِ ٱلَّتِيٓ أَخۡرَجَ لِعِبَادِهِۦ وَٱلطَّيِّبَٰتِ مِنَ ٱلرِّزۡقِۚ قُلۡ هِيَ لِلَّذِينَ ءَامَنُواْ فِي ٱلۡحَيَوٰةِ ٱلدُّنۡيَا خَالِصَةٗ يَوۡمَ ٱلۡقِيَٰمَةِۗ كَذَٰلِكَ نُفَصِّلُ ٱلۡأٓيَٰتِ لِقَوۡمٖ يَعۡلَمُونَ ٣٢
Hartosna:
Pok caritakeun: “Saha anu ngaharamkeun papas Allah anu diayakeun ku Anjeunna pikeun abdi-abdi-Na jeung saniskara anu hade tina kurnia-Na?” Pok caritakeun deui: “Eta teh pikeun jalma-jalma anu airman dina kahirupan dunya jeung hususna pikeun maranehna dina poe kiamat.” Tah kitu Kami ngawincik ayat-ayat pikeun kaom anu nyaraho. (QS. Al-A’raf: 32)


Rejeki kudu disodaqohkeun ka sasama
Allah ngadawuh,
وَلَا يَحۡسَبَنَّ ٱلَّذِينَ يَبۡخَلُونَ بِمَآ ءَاتَىٰهُمُ ٱللَّهُ مِن فَضۡلِهِۦ هُوَ خَيۡرٗا لَّهُمۖ بَلۡ هُوَ شَرّٞ لَّهُمۡۖ سَيُطَوَّقُونَ مَا بَخِلُواْ بِهِۦ يَوۡمَ ٱلۡقِيَٰمَةِۗ وَلِلَّهِ مِيرَٰثُ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلۡأَرۡضِۗ وَٱللَّهُ بِمَا تَعۡمَلُونَ خَبِيرٞ ١٨٠
Hartosna:
Jeung jalma-jalma anu bakhil (anu ngoretkeun) tina saniskara anu geus dipaparinkeun ku Allah ka maranehna tina kurnia-Na, ulah nyarangka yen lampah kitu teh hade pikeun maranehna, tapi malah kacida gorengna pikeun maranehna. Saniskara anu ku manehna dikoretkeun, bakal digantelkeun (dina beuheungna) dina poe kiamat. Jeung kagungan Allah warisan langit jeung bumi, jeung Allah Maha Uninga kana saniskara anu dilampahkeun ku maranehna. (QS. Ali Imron: 180)


Rejeki bakal dipertanggung jawabkeun dipayuneun Allah
Allah ngadawuh,
وَيَوۡمَ يُعۡرَضُ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ عَلَى ٱلنَّارِ أَذۡهَبۡتُمۡ طَيِّبَٰتِكُمۡ فِي حَيَاتِكُمُ ٱلدُّنۡيَا وَٱسۡتَمۡتَعۡتُم بِهَا فَٱلۡيَوۡمَ تُجۡزَوۡنَ عَذَابَ ٱلۡهُونِ بِمَا كُنتُمۡ تَسۡتَكۡبِرُونَ فِي ٱلۡأَرۡضِ بِغَيۡرِ ٱلۡحَقِّ وَبِمَا كُنتُمۡ تَفۡسُقُونَ ٢٠

Hartosna:
Jeung sing inget poean jalma-jalma anu kalupur dijagragkeun ka naraka (diucapkeun): “Maraneh geus ngaleuleungitkeun kahadean maraneh dina kahirupan di dunya, sarta maraneh geus suka-senang ku eta kahadean, nya dina poe ieu maraneh bakal dibales ku siksaan nu hina alatan salawasna maraneh takabur di bumi kalawan henteu hak, jeung lantaran maraneh salawasna parasek.”
(QS. Al-Ahqaf: 20)

Rejeki teh modal pikeun investasi di akhirat
Allah ngadawuh,
ٱلَّذِينَ يُنفِقُونَ أَمۡوَٰلَهُم بِٱلَّيۡلِ وَٱلنَّهَارِ سِرّٗا وَعَلَانِيَةٗ فَلَهُمۡ أَجۡرُهُمۡ عِندَ رَبِّهِمۡ وَلَا خَوۡفٌ عَلَيۡهِمۡ وَلَا هُمۡ يَحۡزَنُونَ ٢٧٤
Hartosna:
Ari jalma-jalma anu ngadermakeun anu ngadermakeun harta bandana ti peuting jeung beurang, boh teu ditembrakeun boh ditembrakeun, tanwande bakal meunang ganjaran ti Pangeranna, moal pinanggih kasieun jeung moal pinanggih kana kanalangsaan. (QS. Al-Baqarah: 274)


Rejeki teu mibanda harti, mun saukur keur kapentingan dunya
Allah ngadawuh,
مَثَلُ مَا يُنفِقُونَ فِي هَٰذِهِ ٱلۡحَيَوٰةِ ٱلدُّنۡيَا كَمَثَلِ رِيحٖ فِيهَا صِرٌّ أَصَابَتۡ حَرۡثَ قَوۡمٖ ظَلَمُوٓاْ أَنفُسَهُمۡ فَأَهۡلَكَتۡهُۚ وَمَا ظَلَمَهُمُ ٱللَّهُ وَلَٰكِنۡ أَنفُسَهُمۡ يَظۡلِمُونَ ١١٧
Hartosna:
Misil saniskara anu ku maranehna didermakeun dina ieu kahirupan dunya teh lir ibarat angin katut tirisna anu matak ngahodhod, anu nebak pepelakan kaom anu darolim ka dirina sorangan, tuluy eta angin teh ngabinasakeun pepelakanana. Jeung Allah henteu dolim ka maranehna, tapi maranehna anu darolim ka dirina sorangan. (QS. Ali Imron: 117)


























Rabu, 04 Februari 2015

Senin, 02 Februari 2015

MIMPIKU

Menjadikan Cimaung Sebagai Mini Kota










Aku bermimpi bahwa suatu saat santi Cimaung akan menjadi kota kecil  di Bandung Selatan.

Insya Allah:
1. Gedung pemerintahan akan disatukan dalam satu komplek.
2. Dibangun Komplek Islamic Center
3. Dibangun Gedung ORMAS dan ORPOL
4. Dibangun Gedung Olah Raga
5. Dibangun Sekolah dari TKIT, SMPIT, SMAIT, dan STID Ibnu Karmid
6. Dibangun Klinik
7. Dibangun Lapangan Olah Raga
8. Dibangun komplek pertokoan dan perbankkan
9. Dibangun sarana bermain anak-anak
10. Dibangun bumi perkemahan dan out bound
11. Dibangun rumah makan dan penginapan


Program unggulan lainnya:
1. Didirikan radio MALABAR FM
2. Didirikan MALABAR TV
3. Surat Kabar MALABAR
4. Media Online malabar.com
5. Bea siswa bagi pelajar dan mahasiswa Cimaung
6. Bea siswa kuliah bagi guru Cimaung
7. Pemberdayaan masyarakat
8.Pemberdayaan para janda
9. Pemberdayaan yatim dan dhuafa



Ketika Pemimpin Lambat 




Ketika pemimpin lambat dalam mengatasi masalah dan mengambil kebaijakan. Maka yang terjadi adalah stagnan alias pasif. 

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...