Minggu, 08 Februari 2015

JIHADNA NU JADI BAPA

 






 JIHADNA NU JADI BAPA
Ku: Abu Nasrul




Tugas poko jeung fungsi nu jadi salaki pikeun bojo jeung bapa pikeun nu jadi anak, nyaeta nyukupan sagala rupa pangabutuhna sapopoe. Tugas anu lain enteng- enteng, tapi merlukeun mental anu kuat dina diri lalaki. Sabab teu saeutik jalma anu ngalakukeun hal anu dilarang ku Allah Subhanahu wa Ta’ala, alatan setres ku nyanghareupan masalah dina kahirupan, khususna masalah ekonomi kulawarga. Aya anu maehan maneh jeung anak- anakna, aya ngaragragkeun maneh ti loteng, jeung sajabana. Ngan mental nu kuat, nu didadasaran ku kaimanan ka Gusti Allah Ta’ala, nu bakal jadi bekel dina nyorang kahirupan nu pinuh ku rupa- rupa ujian jeung cobaan.
Dina masalah nyiar kipayah keur nyumponan sagala pangabutuh anak jeung pamajikan, urang mah ngan saukur diwajibkeun usaha anu maksimal. Dina perkara hasil jeung henteuna, gede jeung leutikna, atawa loba  jeung saeutikna, eta mah lain pangawasa urang. Mun seug urang geus usaha anu maksimal, tah masalah hasilna mah urang sanggakeun ka Gusti Allah. Urang kudu yakin yen Allah mah tara ngalelemorekeun kana sagala usaha urang, sakumaha dawuhan Allah:
È@è%ur (#qè=yJôã$# uŽz|¡sù ª!$# ö/ä3n=uHxå ¼ã&è!qßuur tbqãZÏB÷sßJø9$#ur ( šcrŠuŽäIyur 4n<Î) ÉOÎ=»tã É=øtóø9$# Íoy»pk¤9$#ur /ä3ã¥Îm7t^ãsù $yJÎ/ ÷LäêZä. tbqè=yJ÷ès? ÇÊÉÎÈ
“jeung pok caritakeun: “Prak geura digarawe, karana engke Allah jeung Rasul-Na katut kaom mu’minin baris ngabuktikeun amal arandika, jeung arandika baris dipulangkeun ka (Allah) nu uninga kana perkara gaib jeung perkara nu nembrak, tuluy Anjeunna baris ngawartikeun ka arandika saniskara anu geus dipilampah ku arandika.” (at-Taubah: 105)
Nalika urang geus usaha maksimal, tanwande Allah bakal ngajadikeun sagala perkara jadi gampang. Contona, mun urang jadi karyawan nu hade dina digawe, Allah bakal ngagerakeun dunungan urang sangkan nyaah ka urang, mun geus nyaaheun mah pasti moal ngalelemorekeun gawe urang. Mun urang tukang buburuh, nalika urang geus usaha nu maksimal ku cara gawe anu rancage. Allah bakal ngagerakeun jalma nu boga pigaweeun nitah urang sangkan digawe dimanehna. Mun urang butuh modal usaha, Allah bakal ngagerakeun jalma nu boga modal sangkan bisa ngabantu ka urang, jeung sajabana.
Allah ngadawuh dina Al-Qur’an:
ô`tB Ÿ@ÏJtã $[sÎ=»|¹ `ÏiB @Ÿ2sŒ ÷rr& 4Ós\Ré& uqèdur Ö`ÏB÷sãB ¼çm¨ZtÍósãZn=sù Zo4quym Zpt6ÍhŠsÛ ( óOßg¨YtƒÌôfuZs9ur Nèdtô_r& Ç`|¡ômr'Î/ $tB (#qçR$Ÿ2 tbqè=yJ÷ètƒ ÇÒÐÈ
Sing saha anu ngalampahkeun amal soleh, boh lalaki boh awewe sarta manehna keur dina kaayaan iman, nya saestuna Kami bakal ngahuripkeun manehna dina kahirupan anu hade, jeung saestuna Kami bakal maparin ganjaran ka maranehna ku ganjaran anu leuwih hade batan anu diamalkeun ku maranehna. (an-Nahl: 97)
Dina ayat sejen Allah ngadawuh:
Sangkan maranehna ngadahar tina bubuahanana jeung tina saniskara nu dipigawe ku leungeun maranehna sorangan. Naha maranehna bet henteu maruji sukur?.  (Yasin: 35)
Rizki nu alus teh teh nyaeta rizki nu meunang kuru cileuh kentel peujit urang. Lain tina welas asih pamere batur. Hartina tiap nu didahar, diinum jeung dipake ku urang teh kagawean atawa kakesangan. Rasulullah shalallahualaihi wassalam ngadawuh: Teu aya saurang oge anu ngadahar kadaharan anu leuwih hade tibatan hasil usahana sorangan. Jeung saestuna Nabi Daud alaihis salam  tuang tina hasil usahana nyalira. (HR. Bukhari)
Dina hadits sejen Rasulullah shalallahu alaihi wassalam ngadawuh: Kabuktosan Nabi Zakariya alaihis sallam teh saurang tukang suluh. (HR. Thabrani, Baihaqi)
Jalma anu hade teh nyeta jalma nu hirupna produktif, satekah polah neangan rizki nu geus diawurkeun ku Allah di ieu alam dunya. Sarta Allah Subhanahu wa Taala kalintang pisan micintana ka jalma anu resep usaha bari digawe nu rancage, tara rea moyan atawa lila teuing nganggur. Ceuk si Cepot mah: KKN alias Kurulang Kuriling Nyatu, Kurulang Kuriling Nongkrong.anu kabisa na ngan saukur tama (menta ka ema) jeung tapa (menta ka bapa).
Rasulullah shalallahu alaihi wassalam ngadawuh:
Saestuna Allah micinta ka abdi anu digawe bari usaha. Sing saha anu usaha pikeun nyumponan (kabutuh) kulawargana, nya manehna saperti jalma anu jihad fi sabilillah Azza wa Jalla. (HR. Ahmad)
Sangkan urang digampangkeun ku Allah dina ngajemput rezeki teh nyaeta diantarana:
Hiji, Kudu dimimitian ti wanci subuh. Sabab, wanci subuh mangrupakeun waktu anu ngandung barokah jeung kauntungan. Bisi teu percaya mah, sok we tengetan aya jalma nu usaha di pasar hirupna sangsara balangsak? Sagoreng- gorengna jalma nu usaha di pasar pasti pinaggih jeung kasugihan. Nya eta oge aya anu hirupna angger sangsara, nyaeta jalma nu kurang saeundan jeung jalma nu purah jajaluk. Sanajan puluhan taun hirup di pasar tetep we manehna teu dibaju, jeung susah. Saurang deui nyeta tukang majeg alias preman pasar, manehna mah moal beunghar- beunghar da meunang rezekina ku cara nu teu halal jeung kakesangan.
Kadua, Ulah sare deui mun seug geus sholat Subuh. Nu alus mah, mitembian poe teh ku solat Tahajud jeung sholat Subuh. Pasti urang bakal jadi jalma anu rancingeus dina migawe sagala rupa pagawean. Beda deui jeung jalma anu biasa hudangna beurang, solatna ge solat subrang (subuhna beurang) manehna mah nyanghareupan beurang teh siga nu leuleus, lungse, letoy, lemah, letih, lesu, lungleng, nu kadituna jadi lieur, linglung teu puguh naon nu kudu dipigawe.
Katilu,  Kudu jujur. Kajujuran modal utama dina usaha naon bae oge. Rasulullah shalallahu alaihi wassalam ngadawuh:
Panghade- hadena usaha, nyaeta usaha leungeun pagawe mun seug manehna jujur. (HR. Ahmad)
Kaopat, Kudu nu halal. Carana kudu anu saluyu jeung sareat Islam, barangna nu halal jeung tempat ngajalankeun usahana anu lepas tina kamasiatan jeung kamusyrikan. Rasulullah shalallahu alaihi wassalam ngadawuh:
Manusa nu bakal ngarasa kacida pisan kaduhung dina poe kiamat nyaeta hiji jalma anu meunang untung tina anu haram nepika asupna kana naraka. (HR. Bukhari)
Kalima, Wirausaha. Usaha anu mandiri, anu sagala prak- prakanana diatur ku urang sorangan. Dina diri urang kudu tumuwuh mental wirausaha anu kuat. Sabab, wirausaha mah boga peluang pikeun mukakeun lapangan pagawean anu loba keur masyarakat.
Kagenep, Ulah ku cara jajaluk. Neangan rezeki nu alus teh nyaeta ulah ku jalan jajaluk atawa baramaen, ngandelkeun tina barang penta ka batur. Ibnu Umar radhiallahu anhu nyarios: Nabi Shalallahu alaihi wassalam ngadawuh: Salah saurang di antara maraneh teh salawasna menta- menta nepika manehna manehna nyanghareup ka Allah, sedengkeun dina beungeutna euweuh sesa sakeureut daging. (HR. Bukhari jeung Muslim)
Pamungkas tina ieu seratan, mudah- mudahan urang sadaya salaku pamingpin di kulawarga tiasa ngajaga bojo sareng katurunan urang tina tuangeun sareng anggoeun anu haram, sangkan disalametkeun tina seuneu naraka. Dugika cita- cita urang gaduh katurunan nu janten generasi anu robbani sareng Qurani, nu bakal neraskeun tapak lacak perjuangan urang tiasa ngawujud. Cag ah.

NGAHONTAL UDAGAN HIRUP

 






NGAHONTAL UDAGAN HIRUP
Ku Rahmat Taufik Hidayat
(Dalang Wayang Da’wah)




Urang salaku jalma pasti pada boga udagan nu kudu kahontal dina salila hirup di dunya. Udagan anu utama tangtuna bagja di dunya bagja di aherat. Tah eta udagan teh teu cukup ngan saukur jadi cita- cita jeung harepan wungkul, tapi kudu aya perhatian jeung usaha anu daria pikeun ngahontalna. Dina kasempetan nu ayeuna simkuring seja  ngaguar hal- hal anu aya patalina sareng usaha sangkan tiasa kahontalna sagala nu jadi udagan hirup urang. Diantarana bae nyaeta:

Hiji, Boga Impian
Lengkah kahiji nyaeta ngabogaan impian. Impian mangrupakeun lengkah mimiti dina ngahontal kasuksesan atawa ngaraih cita- cita jeung harepan. Sakumaha ditetelakeun ku Lao Tsu: “Lalampahan rebuan mil dimimitian tina hiji lengkah leutik”. Mun seug urang hayang pinanggih jeung kasuksesan atawa kabagjaan hirup, nya syaratna urang kudu wani ngalengkah, lengkah nu mimiti nyaeta kudu ngabogaan impian. Bisa sukses kumaha mun seug ngimpi wae teu bisa. Geus waktuna urang ngarobah kaayaan hirup urang khususna dina masalah harta. Nu tadina teu boga nanaon, jadi nu sagala boga. Sabab, ku kajembaran harta urang bisa nyumbang mangfaat kana kahirupan kalawan kacida lobana tibatan dina kaayaan urang sarwa kakurangan. Conto nu jadi impian urang umpana: jangka panjangna hayang bagja di dunya bagja di aherat, nyaeta tiasa dumuk di surga sakumaha nu sok kedalkeun dina du’a-du’a urang. Sarta urang dijauhkeun tina siksa naraka Jahanam. Udagan jangka pondokna umpana urang miharep dijembarkeun harta pikeun bekel pikeun hirup didunya jeung tabungan pahala di aherat.

Dua, Aksi
Lengkah nu kadua, mun urang boga udagan, cita- cita jeung harepan tangtuna teu cukup ku ngan saukur dina impian. Sakumaha alusna, sakumaha hadena ari ngan saukur dina alam impian mah tangtuna taya hartina. Ari ngimpi jadi jalma sukses, ari kanyataanana teu sukses. Tah sangkan impian bisa ngawujud jadi kanyataan carana taya deui iwal ti urang kudu ngalakukeun aksi nyata. Hiji impian atawa cita- cita bakal bisa ngawujud mun seug urang siap ngalakukeun gawe anu rancage. Impian tanpa dibarengan ku digawe hartina ngalamun. Ceuk si Cepot tea mah: “kalaka huntu”. Rea ngomong tanpa gawe, istilah populerna mah “ No Action Talk Only” alias NATO. Misalna aya jalma nu rea carita: “mun kuring beunghar wah pokona mah beres tah masjid teh, teu kudu mamawa proposal ka ditu ka dieu”, jeung sajabana. Pokona mah rea catur tanpa bukur alias omong doang (omdo).

Tilu, Tuliskeun jeung Tempelkeun
            Sangkan udagan bisa gancang ka raih, nya diantara carana nu kudu dilakukeun kurang nyaeta: nuliskeun naon wae nu jadi udagan urang. Umpana nu jadi udagan di taun 2012 teh diantarana beres mayar hutang, bisa meuli tanah keur usaha, meuli imah, meuli mobil, ngabiayaan ibadah haji nu jadi kolot jeung sajabana. Sakabeh nu jadi udagan sanggeus ditulis tuluy tempelkeun ditempat nu gampang katingali ku urang. Tujuanana sangkan naon nu jadi udagan urang salawasna kabayang- bayang. Engkena bakal jadi bayangan anu kuat dina alam handap sadar urang. Pangaruhna bakal ngadorong urang sangkan bajoang sakuat tanaga dina ngaraih sagala udagan.        

Opat, Saruakeun Udagan Urang jeung Pasangan
            Tuluy, naon nu jadi udagan urang kudu jadi udagan urang jeung nu jadi salaki atawa pamajikan. Hartina salaki pamajikan mibanda visi, misi atawa udagan anu sarua, ulah masing- masing. Salaki hayang ieu awewena hayang itu, ceuk si Cepot mah: “anjing ngidul bagong ngaler, jalma naek kana tangkal kalapa tibeubeut kana tai munding tuluy lumpat diudag maung”. Pan ceuk ceuk papagah kolot ka anu jadi anak,”kudu sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.” Pon kitu deui dina hal udagan hirup kulawarga nu kudu bisa kahontal.

Lima, Saruakeun Udagan Urang jeung Kolot Urang
            Sangkan naon nu jadi udagan uarng gancang ngawujud, carana nyaeta urang kudu bisa nyaruakeun atawa ngaadumaniskeun udagan urang jeung anu jadi kolot. Umpana urang boga cita- cita hayang ngabiayaan nu jadi kolot ibadah haji dina musim haji nu bakal datang. Nya eta cita- cita urang teh kudu diobrolkeun jeung aranjeunna, sangkan kolot urang sarua boga cita- cita bisa ngalaksanakeun ibadah haji taun hareup.        

Genep, Khusnuzhon atawa Positive Thinking
            Allah mah kumaha urang, urang hade sangka ka Allah pasti Allah ge bakal maparinkeun sagala kahadean. “Innii ma’a ‘abdii zhannii bii”. Ulah miara hal- hal anu negatif dina diri. Tapi anu kudu dikuatkeun dina diri teh nyaeta salawasna boga pikiran anu positif atawa anu hade alias khusnuzhon, boh ka diri, ka batur komo deui ka Allah mah. Sabab naon nu jadi katangtuan Allah, nu bakal tumiba ka hiji jalma geus pasti dibarengan ku mangfaat atawa faedahna, moal percuma. Pon kitu deui dina masalah harta, urang ulah goreng sangka ka Allah bari. Umpana sok aya jalma nu nyarita kieu: “ah da abdi mah mung sakieu buktosna, ti Gusti Allah na ge pasti ngan sakieu jatah rezekina, moal make jeung tisusut tidungdung teuing.”

Tujuh, Modal Tuur jeung Tarang + Du’a
            Lengkah nu katujuh, urang kudu boga modal tuur jeung tarang ditambah du’a. Nu dimaksud nyaeta urang kudu ngalobaan ruku jeung sujud sareng ngadu’a ka Allah swt. Ruku jeung sujud sarta du’a mangrupakeun modal nu geus dipimilik ku urang sarerea, rek nu susah rek nu sugih. Ngalobakeun ruku jeung sujud nyaeta ku ngalaksanakeun shalat fardhu ditambah jeung sholat- sholat sunnah sejenna nu aya contona ti Rosululloh saw.
            Ulah ari udagan hayang jadi jalma nu dijembarkeun harta ku Allah, tapi shalat fardhu diculkeun, komo sholat sunnat mah. Ulah tibalik deuih, ari sholat sunnat dilaksanakeun ari sholat fardhu henteu. Tapi, kudu sapaket, shalat fardhu lima waktu, sholat sunnat rowatibna, thohur, tahiyatul masjid, tahajud jeung dhuha. Dina waktu sholat aya waktu anu mustajab keur ngadu’a nyaeta nalika keur sujud. Sok reakeun ngadu’a ka Allah sangkan Allah ngagampangkeun urang dina sagala urusan.


Dalapan, Infak jeung sedekah
            Salah sahiji cara sangkan ku Allah dijembarkeun dina harta, nya urang kudu rea infak jeung sodakoh. Ngabiasakeun diri sangkan biasa ngaluarkeun infak, bari gancang teu talangke rea mikir. Sabab infak mah cara ngaluarkeun harta anu bisa ku saha bae dilakukeunana, rek nu miskin rek nu beunghar. Ngan tangtu ukuran gede leutikna anu beda mah. Mun nu beunghar infakna sajuta, meureun nu miskin mah bisa saratus rebu, bisa sapuluh rebu atawa sarebu.
            Urang kudu jadi jalma nu resep infak, iraha bae dimana bae bari gede. Jangji Allah pikeun nu sok infak nyaeta dina Al-Quran Surat Al- Baqarah ayat 261. Infak nu alus mah tangtuna anu leuwih gede. Sabab urang, tangtuna cita-cita nu utama mah bisa lebet ka surga. Piraku we miharep asup ka surga ari infak ngan lima ratus perak atawa sarebu. Ceuk si Cepot mah nu patalina jeung infak: “ pahlawan nu pantes ka masjid teh nyaeta Soekarno – Hatta, sabab duanana dikaropeah (duit saratus rebu).  Lain Kapitan Patimura, da mawa pakarang (duit sarebu).” Niat dina infak jelas kudu ikhlas karana Allah Ta’ala, ulah karana ilah sareng oleh. Salian ti ikhlas, nya tangtu jumlah infakna kudu gede. Ulah boga pamadegan, infak mah nu penting ikhlas sanajan leutik. Nu leuwih hade mah nya ikhlas nya gede.

Salapan, Du’akeun jeung Bantuan Batur
            Urang ulah jadi jalma nu koret ku du’a. Du’a mangrupakeun sarana urang anu teu perlu biaya badag, tanaga bedas jeung waktu anu lila. Tah diantara du’a- du’a urang teh selapkeun du’a- du’a pikeun kulawarga jeung baraya, sangkan sakabehna pinanggih kabagjaan. Nya memang nu alus mah mun rek mantuan ka batur teh teu ngan du’a wungkul, tapi jeung naon nu memang diperlukeun ku manehna. Ngadu’akeun mah eta mah lengkah nu pamungkas, mun urang ngan mampuh ngadu’akeun wungkul.

Sapuluh, Aya Pangbeda
            Sangkan urang pinanggih jeung kasuksesan, khususna dina widang usaha atawa bisnis, nya diantarana urang kudu ngabogaan pangbeda(diferensiasi) jeung nu sejen. Mungkin jinis usahana mah sarua, tapi bisa dina hal naon tah nu bisa jadi pangbeda antara usaha urang jeung batur teh. Mun dina bisnis kadaharan mah, naha nu beda teh pelayananana, cara mungkusna, bentukna, rasana atawa anu sejenna. Pokona mah usaha urang jeung batur aya nu bisa ngabedakeunana.

Sabelas, Papaesan Diri ku Takwa
            Jalma takwah mah pasti hirupna bagja sabab sagala ditamplokeun ku Allah. Sakumaha nu eces temres dijelaskeun ku Allah dina Al-Quran Surat At-Talaq ayat 2-5 diantarana: dibere jalan kaluar (bongbolongan) tina sagala urusanana, mere rejeki tina jalan nu teu disangka- sangka, bakal digampangkeun dina sagala urusanana. Malahan di aherat bakal dipupus sagala dosana jeung ditambahan ganjaranana.Mun seug sagala rupa hal dilakukeun urang, urang tinggal masra hkeun sagala rupa urusan ka Allah. Naon nu numutkeun Anjeunna sae tangtu bakal dipaparinkeun ka urang. Cag.

PEMUDA AGEN PAROBAHAN

 





PEMUDA HAREPAN BANGSA
Ku Rahmat Taufik Hidayat, S
(Dalang Wayang Da’wah








Dina bulan oktober aya hiji momen bersejarah, nyaeta tanggal 28 Oktober the hari sumpah pemuda. Bangsa Indonesia mieling jeung nginget- nginget deui kana ka luar biasaanana pemuda- pemuda baheula dina enggoning bajoang pikeun ngaraih kamerdekaan. Satekah polah usaha sarta perjuangan dilakukeun sangkan Indonesia jadi bangsa anu merdeka tina sagala rupa bentuk penjajahan bangsa deungeun.
Nu jadi bahan renungan pikeun urang salaku pemuda nu hirup dina mangsa merdeka ayeuna nyaeta, naha enya yen urang teh geus merdeka? Mun ditanya kitu pasti jawabanana nyaeta ‘geus merdeka’. Tapi, sabenerna bangsa Indonesia masih dijajah, ngan bedana na teh ari baheula mah dijajah ku bangsa deungeun, ari ayeuna mah dijajah ku ‘kabodoan jeung kamiskinan’.
Sanajan bangsa Indonesia geus merdeka salila 66 taun, tapi di sakuliah wilayah Indonsia masih rea rahayatna anu hirup dina kamiskinan jeung kabodoan. Karaharjaan di nagara urang mah can walatra dirasakeun ku sakumna rahayat. Kakayaan nagara masih muter di lingungan sakelompok jalma, nyaeta para pajabat nagara. Mun ceuk si Cepot mah : “Jawa Barat Jawa Timur (nu malarat- malarat, nu ma’mur- ma’mur). Ari rahayatna mah : “sapuluh sabelas (boga suluh tapi teu boga beas)”.
Tah, moal aya nu bisa ngarobah kana eta kaayaan, mun lain urang salaku pemuda Islam nu jadi mayoritas pangeusi ieu nagri. Ngan tangtuna satiap urang butuh bekel sangkan bisa jadi pemuda nu jadi agen parobahan. Diantarana nyaeta :

  1. Akidah anu bersih (Salimul ‘aqidah)
Akidah anu bersih tina syirik, khurofat jeung tahayul. Tong wara reueus jadi pemuda Islam, ari akidah masih keneh kacampuran ku animisme jeung dinamisme. Syirik mangrupakeun hiji pagawean nu bisa ngabalukarkeun nu migawena meunang karugian anu gede di akherat, sadaya amalna ditolak ku Alloh, cape gawe teu ka pake. Memang teu aya jalma muslim nu msyrik mah, aya ge jalma muslim nu nu migawe jeung jadi agen pamusyrikan alias dukun atawa tukang ramal, nu istilah sejenna sok disebut jalma pinter ceuk nu bodo mah.
Pemuda muslim Indonesia kudu jadi pemuda nu kuat paseukna, nyaeta akidah. Sabab akidah mangrupakeun pondasi hirup muslim. Sangkan hirup bagja salamet di dunya jeung akherat. Mun pemuda muslim beresih jeung kuat akidahna, geus pasti moal aya pemuda atawa pemudi nu lumpat ka dukun mun cintana ditolak. Moal aya pemuda anu maot ngagantung diri akibat nyeri ati ku anu geulis pujaan ati anu geus sulaya kana jangji.

  1. Ibadah anu bener (Shohihul ‘ibadah)
Pemuda agen parobahan nyaeta pemuda anu rajin dina ibadah, bari ngalaksanakeunana saluyu sareng parentah Alloh dina Al-Quran sareng conto ti Rosululloh dina As- Sunnah. Moal aya kreativitas ngurangan jeung nambahan estuning sami’naa wa atho’naa. Pemuda muslim nu ibadahna teu betah tumaninah dina bid’ah. Sabab bid’ah mangrupakeun syrik dina tauhid Rosul. Pemuda muslim nu nyarandekeun praktek ibadah kana dasar Quran Sunnah sanes ka karuhun atawa titalari jeung adat masyarakat. Tiap landasan nu teu dumasar Quran Sunnah pasti ditolak sanajan datangna ti kiayi, mama ajengan, ustadz, syeh, guru, pamarentah, kolot, mitoha, sobat, baraya katut tatanga. Moal aya kajadian hiji pemuda nglakukeun salat jenazah make ruku jeung sujud, ari ditanya alesanana, manehna ngajawab : “bubuhan we ka mertua”.

  1. Akhlak anu kuat (Matinul khuluq)
Pemuda muslim agen parobahan bakal mapaesan dirina ku ahlak anu karimah. Handap asor ka sasaha, ramah someah hade budi, akur ka dulur jeung batur, tumarima ka nugraha ti nu Maha Kawasa. Mun dipaparin ni’mat salawasna syukur, ucap jeung lisanna dipapaes ku jujur. Ngajauhan kabiasaan gibah jeung namimah. Nyaahan jeung asihan. Tutulung ka anu butuh tatalang ka anu susah. Nyingkahan pagawean mubadzir keung kaleuleuwihi. Migawe jeung teu migawe amal tara karana manusa, estuning ngan karana Allah wungkul. Nyaah tur amanah, ngarti tur ngabdi. Adil ngancik dina diri, tara cueut ka nu hideung tara ponteng ka nu koneng, estuning nangtungkeun hukum nu saadil- adilna.
  1. Jasmani anu kuat (Qowiyyul jismi)
            Jasmani anu kuat tur sehat eta syarat pikeun pemuda agen parobahan. Rek bisa ngalakukeun sagala pagawean kumaha mun seug awakna ririwit, sautak saeutik gering. Ku sehatna jasmani, pemuda bakal gesit dina digawe.

  1. Wawasan anu jembar (Mutsaqoful fikri)
Pemuda Islam kudu mibanda kajembaran dina hal wawasan atawa tsaqofah, boh tsaqofah kaislaman atawa dina hal ka dunyaan. Pemuda Islam teu meunang heureut dina cara mikir jeung pangaweruh. Tong pedah cicing di suku gunung nu jauh ka ditu ka dieu, nepi ka tinggaleun perkembangan tehnologi jeung informasi.
Dina hal wawasan kaelmuan mah pemuda Islam kudu siga balong, lega tapi deet. Mun dina masalah katerampilan hirup anu khusus masing- masing individu mah kudu siga sumur, teu lega tapi jero.

  1. Mampuh nyiar kipayah (Qoodirun ‘alal kasbi)
Nu disebut pemuda Islam saur Ali bin Abi Thalib mah nyaeta : “lain nu nyarita ieu bapa kuring, tapi anu nyarita ieu kuring”. Pemuda Islam dina hirupna kudu mandiri, ulah gumantung ka nu sejen. Sabab sadaya jalma geus dibere modal ku Alloh, ku mangrupa pangdenge, paninggal jeung hate. Eta tilu hal teh modal pikeun hirup manusa di alam dunya. Kondisi nganggur hiji pikeun pemuda Islam eta teu saluyu jeung Islam, sabab Islam agama anu nungtut ummatna sangkan produktif salila hirupna.
Mun seug pemuda Islam ngabogaan cita- cita jeung kahayang bisa mere sumbangsih kana kahirupan ummat, nya pasti pemuda Islam kudu kuat sacara harta atawa finansialna. Ceuk papatah arab mah :”Nu teu boga nanaon moal bisa mere nanaon”, nu tadina aya dina kaayaan “tidak punya apa- apa”, kudu jadi aya dina kaayaan “apa-apanya punya”. Tina teu boga duit jadi boga duit. Tina teu boga imah jadi boga imah. Tina teu boga mobil jadi boga mobil. Pokona sip...lah.
Komo mun seug hiji pemuda geus ngabogaan rencana rek ngarumah tangga mah, sabab awewe ayeuna mah teu butuh calon salaki nu ngan saukur boga cinta, tapi kudu bari boga harta. Malah aya nu mere syarat ka calon salakina, daek dijadikeun istri mun seug mas kawinna kijang inova sagala.
Tah mun seug geus siap harta, kade dina milih calon istrina kudu anu dan din dun ulah anu dat dit dut. Dan ‘hade dandan’, din ‘hade agama’,dun ‘hade dunya’, ulah anu dat ‘goreng adat, dit ‘medit’, dut ‘gede medut’.

  1. Bajoang ngalawan hawa nafsu (Mujahadatul linafsihi)
Saur Nabi SAW “nu disebut perang anu rongkah teh lain perang ngalawan musuh, tapi nu disebut perang anu rongkah teh nyaeta merangan hawa nafsu nua aya dina dirina”. Pemuda Islam kudu bisa ngungkulan hawa nafsuna, nu sok ngusrukkeun kana jungkrang kama’siatan. Kudu bisa ngalawan nafsu anu goreng anu matak nyilakakeun. Pemuda Islam kudu bisa ngajaga kasucian dirina tina nafsu anu goreng. Sakumaha dawuhan Allah SWT dina Al-Qur’an:
ôs% yxn=øùr& `tB $yg8©.y ÇÒÈ ôs%ur z>%s{ `tB $yg9¢yŠ ÇÊÉÈ
Saestuna bagja pisan jelema anu nyucikeun jiwana. Jeung cilaka pisan jalma anu ngotoran jiwana. (Asy- Syam: 9-10)

  1. Disiplin ngagunakeun waktu (Haritsun ‘ala waqtihi)
Saurang agen parobahan kudu bisa ngagunakeun waktuna kalayan disipilin. Sabab waktu mangrupakeun modal ti Alloh pikeun manusa dina ibadah ka Anjeunna. Dina masalah ngamangfaatkeun waktu jaga di akherat bakal dipenta pertanggung jawabanana. Sabalikna mun seug waktu teu digunakeun kalawan bener, manusa bakal meunang karugian.

  1. Tarapti dina urusanana (Munazhomun fi suunihi)
Nu ngaranna pemuda mah kudu tarapti titih rintih dina tiap- tiap urusan naon bae oge. Boga kamampuhan ngatur diri. Bisa nempatkeun sagala rupa urusanana dina tempatna anu pas. Tina perkara- perkara anu penting pisan, penting, kurang penting jeung teu penting, atawa ngabogaan skala prioritas.

  1. Mangfaat pikeun jalma sejen (Nafi’un lighoirihi)
Disebut jalma hirup mun seug aya bukti tina kahirupanana. Ulah jadi jalma anu hirup jeung teu hirupna teh teu aya pangaruh naon- naon. Komo jadi jalma anu euweuh atawa maotna pikaatoheun batur, sabab aya atawa hirupna sok ngarugikeun batur.
Tah nu ngaranna  pemuda Islam mah salawasna kudu mere mangfaat keur jalma anu sejen. Lain sabalikna mirucaan teu bener. Jadi dalang kaonaran jeung pacogregan. Cag.





























Biodata Penulis





Nama                           : Rahmat Taufik Hidayat, S.PD.I
Tempat, Tgl Lahir         : Bandung, 01 Mei 1981
Alamat                         : Kp. Ciawitali No 167 RT 06/07 Ds. Pasirhuni Kec. Cimaung Kab.                  Bandung 40374
Pendidikan Terakhir      : S-1 PAI
HP.                              : 085220122111

Aktivitas sekarang :

  1. Pengajar di Pesantren Persatuan Islam No. 228 Al-Fithri Cimaung Kab. Bandung
  2. Pengisi rubrik Pedaran di Majalah Bina Da'wah
  3. Menulis di Blog wayang-dakwah.blogspot.com
  4. Dalang Wayang Dakwah
  5. Mubaligh Pimpinan Cabang Persis Cimaung
  6. Kepala Diniyah Al-Furqon Ciawitali Desa Pasirhuni 

TUJUH CIRI GENERASI IBRAHIM

TUJUH CIRI GENERASI IBRAHIM
Ku Rahmat Taufik Hidayat



Kulawarga Nabi Ibrahim ‘alaihis salam mangrupakeun hiji kulawarga anu bisa dijadikeun conto ku urang dina enggoning babakti ka Gusti Nu Maha Suci. Conto kulawarga anu kuat dina akidah, ibadah, jeung elmu. Katuladanan Ibrahim jeung kulawargana dijentrekeun dina Al-Quran diantarana dina Surat Al-Mumtahanah ayat 4:
Allah ngadawuh:
“Saestuna keur maraneh teh aya conto nu hade di Ibrahim katut di para pangiringna nalika maranehna nyarita ka kaomna: “Saestuna kaula sarerea mah teu mais teu meuleum ti arandika, jeung tina perkara saniskara nu disembah ku arandika  salian ti Allah, kaula sarerea mondah arandika, jeung tetela pisan mumusuhan jeung silihpikangewa antara kaula sarerea jeung arandika teh salawasna tepi ka arandika airman ka Allah Nu Maha Tunggal”, kajaba omongan Ibrahim ka  bapana: “Sayaktosna abdi bade mangnedakeun pangapunten kanggo bapa, nanging ti Allah abdi henteu tiasa kenging naon- naon saeutik  ge kanggo bapa teh.” (Pok manehna ngaado’a): “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, nya ka Gusti abdi sadaya marulang sareng nya ka Gusti abdi sadaya ngajugjug.” (Al-Mumtahanah : 4)

Kahiji, Kritis dina neangan jeung narima bebeneran.
Allah ngadawuh:
“Jeung (sing inget) nalika Ibrahim nyarita ka bapana, Azar: “Naha pantes ama nganggap  eta berhala- berhala teh pangeran?  Saestuna abdi nyaksen yen ama sareng kaom ama aya dina kasasaran anu tetela.”(Al-An’am: 74)

Kadua, Sikap jeung perilaku anu ngahiji sareng Islam.

Allah ngadawuh:
“Saestuna keur maraneh teh aya conto nu hade di Ibrahim katut di para pangiringna nalika maranehna nyarita ka kaomna: “ Saestuna kaula  sarerea teu mais teu meuleum ti arandika, jeung tina perkara saniskara nu disembah ku arandika salian ti Allah, kaula sarerea mondah arandika, jeung tetela pisan mumusuhan jeung silihpikangewa antara kaula sarerea jeung arandika teh salalawasna tepi ka arandika airman ka Allah Nu Maha Tunggal”, kajaba omongan Ibrahim ka bapana: “Sayaktosna abdi bade mangnedakeun pangapunten kanggo bapa, nanging ti Allah abdi henteu kenging naon- naon saeutik oge kanggo bapa teh.” (Pok manehna ngado’a): “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, nya ka Gusti abdi sadaya tawekal, sareng nya ka Gusti abdi sadaya marulang sareng nya ka Gusti abdi sadaya ngajugjug.” (Al-Mumtahanah : 4)

Katilu, Mibanda rasa reueus jadi muslim.

Allah ngadawuh:
“Pok caritakeun: “Yeuh ahli kitab! Hayu urang babarengan kana hiji kalimah (anu adil), anu sarua antara kaula jeung arandika, nyaeta urang  ulah ibadah anging ka Allah, jeung ulah nyarekatkeun Anjeunna kana naon- naon, jeung sabagian ti urang ulah ngajadikeun anu sabagian deui jadi pangeran nu salian ti Allah.” Upama maranehna ngabalieur pok omongkeun deui: “Saksian ku arandika yen kaula sarerea mah jalma- jalma anu Islam.”(Ali Imron: 64)

Kaopat, Ngabogaan elmu sareng prestasi.

Allah ngadawuh:
“Jeung sing inget ka abdi- abdi Kami, Ibrahim jeung Ishaq katut Ya’qub nu baroga jasa jeung jauh paningalna.” (Shad: 45)

Kalima, Sanggup nyanghareupan sagala resiko dina merjuangkeun bebeneran.

Allah ngadawuh:
“Habek manehna neunggeulan berhala- berhala tea kalawan enya- enya ku leungeun katuhu. Nya bring wae maranehna ngajugjug ka manehna gagancangan. Pok manehna nyarita: “Naha pantes arandika ngaibadahan barang anu ku arandika diukir sorangan? Padahal Allah geus ngayugakeun arandika jeung saniskara anu ku arandika dipigawe?” Maranehna nyarita: “Geura nyieun adegan durukan pikeun manehna, jeung alungkeun manehna kana seuneu!” (Ash-Shaffat: 93-97)
“Ceuk maranehna: “Duruk tah Ibrahim teh! Sarta geura belaan pangeran- pangeran arandika, ari enya mah arandika rek digarawe.” Pidawuh Kami: “Yeuh seuneu! Geura jadi tiis sarta sing jadi kasalametan keur Ibrahim.”(Al-Anbiya: 68-69)

Kagenep, Ngabogaan sifat anu pinuji.

Allah ngadawuh:
“Nya barang manehna sawawa usaha bareng jeung bapana, pok manehna nyarita: “Yeuh anaking! Saestuna ama nenjo dina impian, ama rek meuncit hidep. Cik pikiran, kumaha putusan hidep? “Manehna ngajawab: “Nun ama, mangga lakonan saniskara anu diparentahkeun ka ama teh, ama bakal mendakan kayaan abdi insa Allah jadi ti antawis jalmi- jalmi anu salabar.”
(Ash-Shafat: 102)

Katujuh, Sanggup jeung daek pikeun ngorbankeun jiwa raga dina enggoning ngajalankeun kataatan ka Allah.

Allah ngadawuh:
“Nya barang maranehna duaan geus sumerah, jeung manehna geus naleukeumkeun pipi anakna (ngagolerkeun); jeung Kami cumeluk ka manehna: “Yeuh, Ibrahim! Saestuna maneh geus ngalakonan parentah  tina impian tea kalawan enya- enya. Saestuna nya kitu Kami ngaganjar jalma- jalma anu ngalampahkeun kahadean.” Saestuna ieu teh cocoba anu tetela.”
(Ash-Saffat: 103-106)

Mudah- mudahan urang sadaya tiasa nyandak pangajaran tina kahirupan Nabi Ibrahim ‘alaihis salam sakulawarga.

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...