Rabu, 11 Maret 2020

Konci Parobahan Umat

Hamdan wa syukron lillah. Asyhadu anlaa ilaaha illallah wahdahu laa syarikalaah wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rosuluh. ‘Amma ba’du.

Hadirin rahimakumulloh.
Parobahan umat tiasa ngawujud saupamina tiap diri dina jero umat eta ngalakukeun parobahan dirina sewang-sewangan. Jadi, konci parobahan umat Islam gumantung kana parobahan diri kaum muslimin masing-masing. Parobahan umat moal ngawujud saupamina tiap diri teu ngalakukaeun parobahan.
Sakumaha dawuhan Allah dina Al-Qur’an:
žcÎ) ©!$# Ÿw çŽÉitóム$tB BQöqs)Î/ 4Ó®Lym (#rçŽÉitóム$tB öNÍkŦàÿRr'Î/ 3!
Hartosna:
Saenyana Allah moal ngarobah kaayaan hiji kaom satungtung maranehna henteu ngarobah kaayaan dirina.
(QS. Ar-Ra’d: 11)

Jelas pisan wirehing Allah moal ngarobah kaayaan hiji kaom, mun seug eta kaom teu ngarobah dirina sorangan. Hartina nu ngaranna probahan mah kudu

Di dunya ieu moal aya parobahan anu ujug-ujug. Tapi, kudu diikhtiaran dirina sorangan. Pihak luar atawa batur mah ngan saukur nu ngabantu wungkul terjadina proses parobahan eta. Misalna, aya jalma hayang robah tina teu boga elmu jadi boga elmu. Nya tangtuna teu bisa ujug-ujug bisa sacara ngadadak dadak sakala. Tapi, kudu nyorang heula proses belajar heula.

Mustahil pisan hiji jalma bisa mibanda pangabisa elmu pangaweruh bari teu ngaliwatan heula proses diajar. Aneh bin ajaib. Sabab sarat sangkan bisa mibanda elmu nyaeta ku cara diajar anu soson-soson kalayan pinuh ku sumanget dina diajar.

Nya kitu dina widang-widang anu sejenna. Mun tea mah aya jalma hayang beunghar, tangtuna manehna kudu usaha anu giat jeung gawe anu rancage. Ulah hayang beunghar bari pagawean ngan saukur hadolin alias dahar modol jeung ulin. Pagawean ngan saukur moyan nangkeup tuur atawa sare salila-lila. Atawa ngan saukur ngalamun nu teu anggeus-anggeus.
Kasimpulanana, mun hayang ngaraih parobahan umat. Nya kudu dimimitian ku parobahan diri. Teu aya nu bisa ngarobah kaayaan diri hiji jalma kajaba ku dirina sorangan.
Hadirin rahimakumlloh.
Sakitu rupina anu kapihatur hapunten anu kasuhun boh bilih aya kakirangan sareng kalangkunganna. Nu leresna eta tina Al-Qur’an sareng As-Sunnah, nu lepatna mah eta tina kabodoan simkuring.

Rabbanaa aatinaa fiddunya hasanah, wafil akhirati hasanah wa kinaa ‘aadzaa bannar.
Wassalamu ‘alaikum wa rahmatullohi wa barakatuh.

Hayang Jajan

Aya jalma ngangakod budak, budakna lalaki. Dijalan papanggih jeung mang Cepot. Sajajalan eta budak teh hayoh we ngome mementa jajan. Ari ku bapa na teu diwaro.

“Pa! Hayang jajan ih” ceuk eta budak bari nunjuk ka warung anu kaliwatan.

“Euweuh duitna” ceuk bapa na nembalan bari rada nyentak.

pan kamari aya ladang engkol” ceuk budakna deui.

“Engkol ti mana horeng ari maneh?” ceuk bapana malik nanya.

“Engkol nu ti kebon nu di leuweung tea” ceuk budak.

“Na ari maneh, pan eta mah lain kebon engkol nu urang” ceuk bapana nerangkeun.

“Har, lain nu urang kitu abah? Na nu saha kitu?” ceuk budak nanya.

“Nu Haji Asep Bongsor deuleu” ceuk bapana ngajentrekeun.

“Oh....., ari sugan teh nu bapa. Pedah we ti heula gening bapa ngala engkol didinya” ceuk budak deui bari bangun ngarasa hanjelu.

Keur guntreng ngobrol, gok pasanggrok jeung Si Cepot nu rek indit ka madrasah.
“Bere we atuh mang pira jajan budak moal sabaraha” ceuk Si Cepot nimrung mere saran.

“Ah, pira kumaha, ti heula ge beak 60 juta” ceuk si emang nembalan bari mere argumentasi.

“Naha jajan naon nepi ka beak sakitu?” Cepot nanya.

“Eta harita, waktu jajan jagong bakar, ari ku budak kalah diome ruhakna nepika kahuruan” ceuk si emang ngajelaskeun.

“Oh, he he he..., pantesan atuh ari kitu mah” ceuk cepot bari tuluy diuk dina papan saung nu aya di sisi jalan.

“Nyeta kitu, tak ge, jangar boga budak teh” ceuk si emang kukulutus.

“Jang kenalan, saha nami teh?” Cepot nanya ka budak.

“Ah tunya-tanya kawes nu rek mere duit” ceuk budak nembalan.

“Eh...., lain kitu jang, bisi urang papanggih di jalan di pasampangan. Pan meureun ari wawuh mah urang moal disasaha” ceuk Cepot.

“Sok-sok we sebutkeun” bapana nitah.

“Ih meni maksa ih, ngaranna rek nu panjang rek nu pondok?”

“Nu pondok we”

“Ngaranna nu ti indung atawa nu ti bapa?”

“Nu ti indung we”

“Indungna nu di Bandung nu di Subang?”

“Duh na nya loba pisan indungna budak teh. Nu di Subang we”

“Nu resep ngadahar jengkol atawa nu resep ngadahar peuteuy?”

“Nu resep ngadahar peuteuy”

“Peuteuyna nu dibeuleum atawa nu dikulub?”

“Nu dibeuleum we”

“Ngaran abdi mah mimitina R tungtungna I”

“Oh...., mimitina R tungtungna I, berarti Ramji?”

“Lain”

“Rudi?”

“Lain”

“Revi?”

“Lain”

“Rendi?”

“Lain”

“Rafi?”

“Lain”

“Roni?”

“Lain”

“Rodi?”

“Lain”

“Saha atuh?”

“Nami abdi mah, mimitina R tungtungna I, nami abdi mah Encro”

“Euh...., na kumaha nya. Omong mimitina R tungtungna I, tapi jadi Encro” ceuk Cepot bangun anu keuheul.

BAHAYA KHOMR

Khomr teh loba pisan bahaya pikeun anu makena, diantara:

1.      Ku miras ieu setan ngahaja ngahalang-halang jalma Islam tina dzikir ka Allah SWT jeung nimbulkeun kaceuceub jeung mumusuhan di kalangan masyarakat umum.

Allah ngadawuh dina QS. Al-Maidah ayat 90-91

“Yeuh jalma-jalma anu ariman! Saestuna taya lian ngan wungkul arak, ngadu, peupeuncitan keur berhala, jeung nujum, (eta teh) kotor, lampah setan. Ku kituna kudu disingkahan ku maraneh sangkan maraneh bagja. Saestuna setan teh ngan wungkul hayang ngadukeun antara maraneh supaya mumusuhan jeung silihpikaceuceub ku arak jeung ngadu, sarta mengkolkeun maraneh tina eling ka Allah, jeung tina salat. Naha maraneh teh moal eureun.” (QS. Al-Maidah: 90-91)

2.      Jadi sabab sagala wujud tindakan kajahatan atawa kriminalitas.

Rasulullah saw ngadawuh,
“Jauhan ku aranjeun khomr, kulantaran eta khomr teh konci pamuka sagala kajahatan.” (HR. Hakim jeung Baihaqi)

“Kudu ati-ati anjeun kana khomr, saestuna dosana teh ngalahirkeun dosa-dosa anu lianna, sakumaha tangkal anu ngajadikeun dahan-dahanna.” (HR. Ibnu Majah)

3.      Allah ngala’nat ka jalma anu nginum khomr.

Rasulullah saw ngadawuh,
“Allah ngala’nat khomr, jalma anu nginumna, jalma anu nicikeunana, nu ngajualna, nu meulina, jalma nu meresna, jalma anu nyokot hasil tina peresanana, jalma anu nganteurkeunana, jeung jalma anu menta dianteukeunana.” (HR. Abu Dawud)

4.      Nu nginum khomr disarupakeun jeung nu sok nyembah berhala.

Rasulullah saw ngadawuh,
“Nu nyandu khomr saperti nu sok nyembah berhala.” (HR. Ibnu Majah)

5.      Pikeun nu nyandu khomr diharamkeun asup ka surga.

Rasulullah saw ngadawuh,
laa yadkhulul jannata mudminu khomrin.
“Moal asup ka surga nu nyandu khomr.” (HR. Ibnu Majah)

6.      Teu ditarima solatna salila 40 poe.

Rasulullah saw ngadawuh,
“Sing saha anu nginum khomr jeung mabok, tanwande solatna moal ditarima salila opat puluh isuk jeung mun seug manehna maot tanwande manehna asup naraka, (tapi) lamun manehna tobat, Allah bakal narima tobatna. Jeung mun seug balik deui nginum jeung mabok, tinangtu solatna moal ditarima salila opat puluh isuk, mun seug maot manehna asup naraka, (tapi) lamun manehna tobat, Allah narima tobantna. Jeung mun seug balik deui nginum jeung mabok, tinangtu solatna moal ditarima salila opat puluh isuk, mun seug maot nya manehna asuk naraka, (tapi) mun manehna tobat, Allah narima tobat. Jueng mun seug (masih) keneh balik deui (nginum khomr), nya mangrupakeun hak Allah mere nginum ka manehna ti Radghotul khobal dina poe kiamat. Aranjeunna tumaros, “Ya Rasulullah, naon ari raghotul khobal teh?” Anjeunna ngawaler, “Cai kotor (anu kaluar tina awak) pangeusi naraka.” (HR. Ibnu Majah)

Sisi negatif khomr keur kasehatan

1.      Disfungsi sesual jeung ejakulasi dini
2.      Ngarampas akal
3.      Ngaruksak lambung
4.      Mere pangaruh goreng kana turunan
5.      Kanker, panyakit jantung, gangguan pernafasan jeung gangguan hate.

Carita Akhir Bulan

Ieu mah nyaritakeun bab pangalaman kuring nalika boga hutang. Caritana kieu. Taun 2015 budak kuring nu cikal, Nasrul didaftarkeun sakola ka MI Arrohmah Cikalong. Naha ka Arrahmah Cikalong? Sabab, sangkan bisa kajajapkeun da kuring ka Al-Fithri Cipinang. Nya, ceuk pikiran kuring sangkan teu badag di ongkos mobil, taya deui cara iwal ti kuring kudu boga motor.

Bulan Agustus kuring boga kahayang yen paling telat Oktober teh kudu geus kabeuli motor. Nya direspon ku pamajikan kuring. Manehna nyiar motor make duit manehna nu hargana 3,5 juta. Alhamdulillah meunang. Motor Supra Fit nu mang Anan, tatangga jeung dulur ti awewe.

Eta motor dipake ku kuring ti Oktober 2015-November 2016. Desember 2016 kuring maksakeun ngiridit motor weuteuh Honda Revo warna bodas. Naha kuring wani ngiridit? Sabab, kuring ngarasa kauntup mayaran da boga gajih ti RZ, sakola jeung ladang ngadalang. Sabulan nyicil motor Rp. 622.000. ngan lain nyicil motor wungkul da bulan Mei 2017 kuring nyicil hutang ka BRI urut nyitak buku Tauhid Hasan 2 badagna Rp. 750.000,-/bulan.

Nya karasa pisan kateter mayar hutang teh nalika:
1.    Eureun gawe tina Relawan RI RZ
2.   Eureun gawe di Al-Fithri
3.   Langka acara ngawayang.

Kadang sok kapaksa nginjeuman heula keur mayar teh. Malah sok nepika telat mayar, atuh didenda ku Adira.

Akhirna mah akhir bulan Januari 2019 we. Ikhtiar ka sasaha nginjeum duit keur mayar cicilan. Tilu poe ikhtiar teu hasil. Antukna tanggal 31 Januari motor dicokot ku kolektor Adira.

Atuh isukna poe Juma’ah 1 Februari 2019 kuring teu bisa nganteurkeun si cikal ka sakola. Kuring ge indit ka sakola, ka Al-Jihad teh kana angkot nyubuh keneh.

Kuring nyobaan ikhtiar nginjeuman duit ka sakola, kang Mumuh, bu Yani, pa Dani, kang Deni Wahyudin, ka kang Nana Gerhana. Tapi, kabehanana teu bisa mantuan mere nginjeum.

Poe Kemis kuring jangji ka kang Nanang Adira yen siap mayar jam 5 sore. Tapi, kusabab can hasil. Kuring menta waktu nepika jam 7. Pas am 7 kuring akhirna sumerah pasrah. Motor kuring kudu ikhlas ngalepaskeun. Ku kuring motor dipasrahkeun ka mang Nanang Adira. Kuring balik kana ojeg Cimaung.

Ari geus rek kumaha deui. Memang takdir teu bisa dipungkir, kadar teu bisa disinglar. Manusa ngan saukur boga kahayang jeung ngan darma ikhtiar. Akhir tina tiap carita kahirupan mah mung Allah nu nangtoskeun.

Cibiana Lamajang, 01 Februari 2019 07.44

Cerita Hari Senin

Setelah sholat Shubuh saya bersiap berangkat
Sebagaimana rencana awal
Ke Al-Jihad dulu, lalu pergi ke Adira
Sampai Al-Jihad pukul 06.00
Aku diam dulu di Al-Jihad selama 30 menit

Pukul 06.30 aku berangkat ke Adira dngan naik Elp
Sampai Adira pukul 08.00
Aku menunggu 30 menit
Pukul 08.30 pa Nanang datang
Aku bersama pa Nanang naik ke lantai dua
Kemudian si CS bilang, maaf pa! Belum bisa diambil sekarang
Besok bapak ke sini lagi jam 10, jangan terlalu pagi

Ya. Inilah cerita hari Senin ini
Aku ditakdirkan belum bisa membawa pulang motor kesayanganku
Ya. Mau apalagi, ini takdir-Nya
Aku hanya bisa menerimanya saja
Tak bisa berbuat apa-apa

Setelah keluar kantor Adira
Aku pulang menuju Al-Jihad
*******************************************************************

Kronologis:
Kamis 31 januari aku janji akan bayar tunggakan cicilan 2 bulan jam 2
Kemudian diundurkan jadi jam 5-7 malam
Jam 7 malam belum ada uang untuk bayar
Jam 7.30 aku serahkan motor pada pa Nanang Adira
Lalu aku pulang
Besoknya, Jum’at 01 Februari Amir bilang biar nanti Amir kasih pinjaman
Sabtu malam Ahad,
Mertuaku memberikan pinjaman 1,3 juta
Dan menyuruhku untuk mengambil motor
Ahad aku konfirmasi ke pa Nanang
Pa Nanang bilang, “Besok aja pa ke kantor”.
Senin aku ke kantor Adira
Tapi kata pihak Adira aku harus bayar cicilan 3 bulan kalau mau ambil motor yang dipending jual dan bayar administrasi ambil 150rb.
Aku pulang, dan adikku Iim ngasih pinjaman 600rb
Hari Rabu aku ke kantor Adira lagi
Pihak Adira bilang, bahwa harus Senin tanggal 11 motor baru bisa diambil
Hari Senin 11 Februari aku ke Adira lagi
Tapi pihak Adira bilang maaf pa sekarang belum bisa diambil
Bapa besok saja ke sini lagi jam 10
Jangan terlalu pagi ke kantornya

Maot Mah Pasti

 Waktu nu ayeuna keur ka sorang mangrupa anugrah tur amanah ti Gusti Allah nu kudu digunakeun keur bebekelan mangsa jaga mulang ka alam baqa...